AMAL ANU PALING DIPIKACINTA KU ALLAH

 Rohangan Hadits 

AMAL ANU PALING DIPIKACINTA KU ALLAH

 كانَ لِرَسُولِ اللّهِ حَصِيرٌ، وَكانَ يَحْجُزُهُ بِاللَّيْلِ، فَيُصَلِّي عَلَيْهِ، وَيَبْسُطُهُ بِالنَّهَارِ فَيَجْلِسُ عَلَيْهِ فَجَعَلَ النَّاسُ يَثُوبُونَ إِلَى النَّبيِّ فَيُصَلُّونَ بِصَلاَتِهِ حَتَّى كَثُرُوا فَأَقبَلَ عَلَيْهِمْ فَقَالَ: «يَا أَيُّهَا النَّاسُ خُذُوا مِنَ الأَعْمَالِ مَا تُطِيقُونَ، فَإِنَّ اللّهَ لاَ يَمَلُّ حَتَّى تَمَلُّوا، وَإِنَّ أَحَبَّ الأعْمَالِ إِلَى اللّهِ مَا دَامَ وَإِنْ قَلَّ».

Aisyah ra sasauran: ”Rasulullah saw kagungan amparan anu sok ditilepkeun tipeuting jadi sajadah, teras shalat dina éta amparan, sarta lamun ti beurang éta amparan dianggo calik ku Nabi saw tapi jalma-jalma ogé sok paheula-heula marilu diuk sareng Nabi saw terus shalat berjama’ah dina éta amparan dugika anu sholat beuki loba sarta teu katampung. Anjeunna ngadawuh: ”Hé sakumna manusa prak geura milampah amal téh luyu jeung kamampuhan aranjeun sarta sing mayeng, satemenna Allah swt moal bosen narima amal aranjeun anging lamun aranjeun geus bosen. Amal-amal anu paling dipikacinta ku Allah mah nyaéta amal anu ngeureuyeuh (mayeng) sok sanajan saeutik. *** (H.R. Al-Bukhari ti Aisyah ra)

A.Syarah Mufrodat.

Aisyah ra sasauran:”Kâna lirusuulillah hashîrun Rasulullah saw kagungan amparan, wa kaana yahjuzuhu billaili fayushalli ‘alaihi  anu sok ditilepkeun tipeuting éta amparan jadi sajadah teras shalat dina éta amparan, wayabsuthuhu binnahaari sarta lamun tibeurang éta amparan diparaké diuk ku Nabi saw, faja’alannaasu yatsuubuuna ilannabiyyi tapi jalma-jalma ogé sok paheula-heula marilu diuk sareng Nabi saw, fayushalluuna bisholaatihi hatta katsuruu terus shalat berjama’ah dina éta amparan dugika anu sholat beuki loba sarta teu katampung. Faaqbala ‘alaihim faqoola: Nabi saw ngadawuh ka para shahabat: ”Yaa ayyuhannaasu! Hé sakumna manusa, hudzuu minala’maali maa tuthiiquuna prak geura milampah amal téh luyu jeung kamampuhan aranjeun sarta sing mayeng, fainnallaha laa yamillu hatta tamilluu satemenna Allah swt moal bosen narima amal aranjeun anging lamun aranjeun geus bosen. Wa inna ahabba la’maali ilallahi Satemenna amal-amal anu paling dipikacinta ku Allah swt mah nyaéta, maa daama wa in qolla amala anu ngeureuyeuh (mayeng) sok sanajan saeutik.

Baca oge : AMALIAH ANU NGABUAH BAROKAH

B.Syarat Matan.

Imam Bukhari nyimpen éta hadits dina bab Allibâs anu aya pakaitna jeung  perlengkapan kaabus pakéan anu dipaké nalika ngalaksanakeun shalat. Aya sababaraha istinbat tina matan hadits di luhur, diantarana:

1. Rasulullah saw kagungan amparan serba guna, peuting ditilepkeun atawa dileutikeun saperti sajadah dipaké shalat peuting sarta ti beurang mah dipaké ngariung jeung para shahabat sarta sakapeung éta amparan jadi parebutan diparaké shalat saperti parebutan tempat shalat di raudloh. Teu aya halangan lamun urang boga karpét atawa samak mendong serba guna, bisa dipaké shalat, ngariung atawa tempat saré anu penting dijaga kabersihanana.

2. Sumanget para shahabat pikeun shalat berjama’ah jeung Nabi saw ulah belang-betong, édan-éling lolobana édan tapi kudu mayeng ulah bosenan.

3. Dina ahir dawuhan Nabi saw ngamotivasi sangkan mayeng dina ngalaksanakeun amal soléh sok sanajan saeutik. Lamun dina diajar mah ulah kawas obor barangbang, sakeudeung hurungna ka dituna mah pareum. Ulah berapi-api tapi berair-air. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi dekok.

4. Numutkeun téori NLP pikeun ngawangun kabiasaan anu hadé, urang kudu ngarobah heula mind set atawa pola pikir anu nyoko kana paréntah agama jeung kayakinan anu kuat. Lamun hayang shalat di awal waktu nya kudu latihan minimal dua poé 10 kali shalat kudu di awal waktu teu meunang kabeurangan. Mimiti mah bakal beurat tapi sanggeus ka 7 kali Insya Allah ringan. Bisa lantaran biasa. Urang biasakeun hudang janari shalat Tahajud terus maca al-Qur’an sapuluh ayat, saméméh subuh mandi heula, shodaqoh routin, bayar listrik telepon ulah disérédkeun ka tanggal 20 tapi diprogram supaya teu beurat. Man jadda wa jada = nu keyeng pasti pareng. Cag! ***

Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.

(Déwan Redaksi Bina Da’wah)


Majalah Bina Da'wah Nomer 485



Lebih baru Lebih lama