Syarah Hadits Bahasa Sunda : AMALIAH ANU NGABUAH BAROKAH

 عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، قَالَ: قَالَ رَسُولِ اللّهِ : «مَنْ نَفَّسَ عَنْ مُؤْمِنٍ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ الدُّنْيَا، نَفَّسَ اللّهُ عَنْهُ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ. وَمَنْ يَسَّرَ عَلَىٰ مُعْسِرٍ، يَسَّرَ اللّهُ عَلَيْهِ فِي الدُّنْيَا وَالآخِرَةِ. وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِماً، سَتَرَهُ اللّهُ فِي الدُّنْيَا وَالآخِرَةِ. وَاللّهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ الْعَبْدُ فِي عَوْنِ أَخِيهِ. وَمَنْ سَلَكَ طَرِيقاً يَلْتَمِسُ فِيهِ عِلْماً، سَهَّلَ اللّهُ لَهُ بِهِ طَرِيقاً إِلَىٰ الْجَنَّةِ. وَمَا اجْتَمَعَ قَوْمٌ فِي بَيْتٍ مِنْ بُيُوتِ اللّهِ، يَتْلُونَ كِتَابَ اللّهِ، وَيَتَدَارَسُونَهُ بَيْنَهُمْ، إِلاَّ نَزَلَتْ عَلَيْهِمُ السَّكِينَةُ، وَغَشِيَتْهُمُ الرَّحْمَةُ وَحَفَّتْهُمُ الْمَلاَئِكَةُ، وَذَكَرَهُمُ اللّهُ فِيمَنْ عِنْدَهُ

Katampi ti shahabat Abu Huraérah, anjeunna sasauran, Nabi SAW ngadawuh: ”Sing saha jalma anu nyingraykeun kasusah di antara kasusah anu karandapan ku jalma anu iman tanwandé Allah bakal nyingraykeun kasusah éta jalma nalika nyanghareupan kasusah dina poé qiyamah; sing saha jalma anu maparin bongbolongan tina karerepet tanwandé Allah bakal maparin bongbolongan nalika éta jalma nyanghareupan karerepet di dunya jeung di akhérat jaga; sing saha jalma anu nutupan kakurangan jalma muslim tanwandé Allah bakal nutupan kakurang éta jalma di dunya jeung di ahérat, Allah bakal nulungan hiji hamba lamun éta hamba maliré ka anu séjénna; sing saha jalma anu sésélékét pikeun nyuprih élmu tanwandé Allah bakal ngagampangkeun pikeun éta jalma ku élmuna naratas jalan ka sawarga, nalika hiji kaom ngumpul di hiji masjid di antara masjid-masjid Allah ngarumpul maca al-Qur’an dibarengan ku tadarus diantara maranéhanana tanwandé Allah bakal nurunkeun katenangan ka éta jalma sarta nyimbutan ku kadeudeuh ti Allah sarta diriung ku malaikat sarta Allah bakal nalingakeun ka kolompok éta jalma”. (H.R. Muslim)

A.Syarah Mufrodat.

1. Man naffasa ‘an mu’mininkurbatan min kurobiddunya Sing saha jalma anu nyingraykeun kasusah di antara kasusah hirup anu karandapan ku jalma anu iman, naffasallahu ‘anhu kurbatan tanwandé Allah SWT bakal nyingraykeun kasusah éta jalma, min kurobi yaumilqiyâmati nalika nyanghareupan kasusah dina poé qiyamah; man yassaro ‘ala mu’sirin sing saha jalma anu maparin bongbolongan tina hiji karerepet yassarollahu ‘alaihi fiddunya walakhiroti tanwandé Allah SWT bakal maparin bongbolongan nalika éta jalma nyanghareupan karerepet di dunya jeung di akhérat jaga; wa man sataro musliman sing saha jalma anu nutupan kakurangan jalma muslim satarohullahu fiddunya wal akhiroti tanwandé Allah SWT bakal nutupan kakurang éta jalma di dunya jeung di ahérat, wallahu fi ‘aunil’abdi Allah SWT bakal nulungan hiji hamba ma kânal ‘abdu fi ‘auni akhihi lamun éta hamba maliré ka anu séjénna.

Lafad naffasa sacara harfiah maparin napas atawa oksigén ka jalma anu saluran napasna kaganggu, ari lafad kurbatan dilarapkeun ka jalma anu hésé engapan lantaran kakurangan oksigén sarta éta kecap digunakeun pikeun ngambarkeun ka jalma anu boga komplikasi masalah anu beurat.

2. Man salaka thoriiqon yaltamisu fiihi ‘ilman sing saha jalma anu sésélékét pikeun nyuprih élmu, sahhalallahu lahu bihi thoriqon ilaljannati tanwandé Allah SWT bakal ngagampangkeun pikeun éta jalma ku élmuna pikeun naratas jalan ka Sawarga, wa majtama’a qoumun nalika hiji kaom ngumpul, fi baitin min buyuutillah di hiji masjid diantara masjid-masjid Allah, yatluuna kitaaballahi maraca al-Qur’an, wa yatadaarosuunahu bainahum dibarengan ku tadarus di antara maranéhanana, illa nazalat ‘alaihumussakiinatu tanwandé Allah SWT bakal nurunkeun katenangan ka éta jalma, wa ghosyiyathumurrahmatu sarta nyimbutan ku kadeudeuh ti Allah SWT wa haffathumulmalaakitau sarta diriung ku malaikat, wa dzakarohumullahu fiman ‘indahu  sarta Allah SWT bakal nalingakeun ka kolompok éta jalma.

Lafad salaka dina basa Arab dilarapkeun ka jalma anu nyorang jalan rumpil loba hahalang, ari kecap tadarus mah dilarapkeun ka jalma anu ngagiling gandum atawa béas  dibulak-balik nepika béas anu asalna baradag jadi tipung, éta kecap saterusna dilarapkeun ka jalma anu bulak-balik maca al-Qur’an sarta diteuleuman hartina nepika ngarti jeung kaharti maksudna.

B.Syarah Matan.

Aya dua wujud amaliah anu mawa barokah kana diri:

1.Nulungan baraya.

Dina jaman Nabi SAW aya hiji jalma ngadongéngkeun yén nalika éta jalma mulang ti panyabaan di tengah perjalanan manggihan anjing keur noong sumur hayangeun nginum. Terus éta jalma ngudar sapatuna dijadikeun émbér pikeun nimba cai ti jero sumur sarta caina diinumkeun ka éta anjing. Éta jalma nalék ka Nabi SAW, ya Rasululllah naha abdi kénging pahala maparin nginum ka éta anjing? Nabi SAW ngawaler: Satiap cai anu maseuhan genggerong éta anjing tanwandé Allah SWT maparin ganjaran ka anjeun. Sok sanajan hiji waktu mah anjing anu ditulungan téh ngégél ka anu nulunganana alias nulungan anjing kadempét tetep Allah SWT bakal maparin ka jalma anu geus nulungan. Cacakan nulungan anjing dipaparin ganjaran komo nulungan papada manusa baraya sasama Muslim. Aya tilu kolompok jalma anu kudu ditulungan:

(1). Jalma meunang kurbatan. Gambaran kurbatan mah saperti jalma miskin hirupna ripuh dipaparin panyakit beurat teu kaduga pikeun uubar, kulawargana teu aya anu beunta, ieu jalma napasna rék béak, nya urang wajib ngabantu. Teu kaduga ku sorangan atuh réréongan pangusahakeun sangkan éta jalma miskin hirup deui napasna kasambung. Nalika geus cageur terus budakna rék sakola teu boga waragad, nya teruskeun maparin nyawa ka budakna sangkan kemiskinan struktural téh leungit ku atikan anu jadi budakna.

(2). Jalma anu meunang mu’siron. Ari gambaran mu’siron mah saperti jalma béakeun bekel di perjalanan atawa teu apal jalan ka anu dituju, nya ku urang dituduhkeun bari dibekelan lamun mémang katénjo beungeutna teu bogaeun bekel. Jalma anu mu’siron mah jalma anu meunag karerepet tapi teu saperti kurbatan.

(3). Nutupan wiwirang. Nalika Nabi SAW nuju ngariung jeung para shahabat aya jalma hitut rada tarik nepika riungan kaganggu bari nanya saha anu hitut. Jalma anu hitutna cicing da éra. Nabi SAW nalék: ”Saha di antara aranjeun anu bareng jeung kuring dahar daging onta geura wudlu”. Mayoritas shahabat ka luar wudlu heula kaabus anu hitut. Lain hartina dahar daging onta batal wudlu tapi ieu mah dina raraga nyalametkeun beungeut anu hitut. Lantaran di kalangan urang Arab lamun aya jalma hitut sok dilandi Abu Durot (bapa gedé hitut) anu bakal milu korban téh istrina jeung anak incuna. Jalma anu bisa ampih biwir ngajaga privasi atawa rasiah hiji jalma éta ogé wujud nulungan baraya lantaran lamun jalma silih bongkar kakurangan ka dituna bakal mumusuhan silih bales anu moal aya tungtungna saperti dina dunia perpolitikan.

 2.Ngaronjartkeun ajén diri.

Urang moal bisa nulung ka anu butuh nalang ka anu susah lamun urangna sorangan hirup ripuh, kawas anu pajenggut-jenggut jeung anu dugul. Sangkan urang bisa ngabantu baraya urang anu boga masalah nya urang bisa ngaronjatkeun diri ku dua cara:

(1). Ngaronjatkeun kaélmuan. Loba ayat al-Qur’an atawa hadits anu ngarojong sangkan kaum Muslim bisa nyuprih pangarti téh nepi ka liang kubur. Lantaran ku élmu urang bisa digampangkeun jalan ka Sawarga. Nalika urang ngariung di masjid tengah poé urang bisa wanoh ka beungeut jalma anu ngariung lantaran bantuan cahaya panon poé. Tapi lamun ngariungna tengah peuting mah urang moal wanoh ka anu ngariung sok sanajan ngaréndéng. Bisa wanoh lamun dibantu ku cahaya listrik. Tapi lamun cahayana ngan lima watt mah ningali beungeut téh ngan ukur remeng-remeng. Lamun cahaya panon poé atawa lampu bisa nyaangan jalan leumpang, tinangtu al-Qur’an mah bakal nyaangan jalan kahirupan urang. Lamun kana al-Qur’an teu wanoh pasti jalan hirup téh poék teu apal tincakeun teu apal halal-haram. Shalat ti bubudak nepi ka kolot teu aya parobahan jeung teu aya pangaruh kana ahlak alias STMJ, shalat terus maksiat jalan, lantaran cahaya al-Qur’an ngan ukur lima watt, sabab al-Qur’an dibaca nalika bulan Ramadhan wungkul.

(2). Tadarus al-Qur’an. Élmu wungkul can tangtu salamet, loba jalma pinter tapi teu cerdas, loba jalma jeneng tapi pangsiunna dipanjangan di panjara, lantaran élmu teu ditatapakan ku kaimanan ka Allah SWT. Bisa sotéh nulungan baraya jadi amal soléh pikeun dirina lamun ditatapakan ku kaimanan ka Allah SWT. Neuleuman al-Qur’an mah kawas jalma ngali sumur, beuki jero sumur dikali tangtu beuki ngaburial cai anu kaluar. Sarta lamun urang terus-terusan neuleuman al-Qur’an Insya Allah hirup bakal tengtrem sok sanajan loba urusan, uruseun jeung uruskeuneun. Dengan ilmu hidup menjadi mudah, dengan seni hidup menjadi indah dan dengan agama hidup menjadi terarah. Cag!  *** Syarah Hadits Bina Da’wah Nomer 492 : ku Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.  (Déwan Redaksi Bina Da’wah)  AMALIAH ANU NGABUAH BAROKAH

Lebih baru Lebih lama