إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ
اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ
لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا
اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا
أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ
وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً
وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ
عَلَيْكُمْ رَقِيبًا} {يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا
قَوْلًا سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ
وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Diantara kaayaan jalma anu matak ngaruntagkeun kalungguhanna
di payuneun Alloh SWT nyaéta talédor. Ieu kaayaan karandapan ku sing saha waé
jalma nu poho kana temah wadina. Nu paling parna nyaéta talédor téh alatan ditalédorkeun ku Mantenna.
Alloh salaku Pangéran Nu Murbéng alam
nguningakeun mangpirang-pirang hal kanggé kasaéan ogé kasalametan jalma. Sabada
diciptakeun dina wanda anu pangsampurnana ieu manusa diaping ku mangrupa-rupa
ugeran. Salah sawiosna urusan haté jalma.
Alloh Subḥänahu wa Ta’älä
ngadawuh:
وَلَا تُطِعْ مَنْ أَغْفَلْنَا
قَلْبَهُ عَنْ ذِكْرِنَا
Jeung poma
manéh ulah nurut ka jalma-jalma anu haténa ku Kami ditalédorkeun tina éling ka
Kami. (QS. Al-Kahfi [18]: 28)
Dumasar kana éta ayat urang apal, yén
aya jalma anu ditalédorkeun ku Alloh. Éta katalédoran lain ngan ukur pangaruh
mahluk séjén, tapi wawales ti Alloh. Éta jalma ditalédorkeun ku Alloh.
Sidang Jum’ah rahimakumulloh!
Talédor numutkeun al-Ragib nyaéta talingeuh
anu keuna ka manusa disababkeun saeutikna ngajaga ogé kawaspadaan. Talédor
disebutkeun nalika aya perkara anu sakuduna diperhatikeun tapi teu diropéa. Éta
jalma teu ngajaga ogé waspada kana perkara anu sakedahna dipiara, dihadé-hadé
ogé dimumulé.
Perkara anu kedah diperhatoskeun ku
urang téh nyaéta Alloh. Mantenna Pangéran Nu Nyiptakeun urang sadaya sareng
jalmi-jalmi sateuacan urang supados takwa. Urang kumelendang di ieu dunya
kanggé diuji saha anu pangsaéna amal. Jalma anu pangmulyana téh nya anu pangtakwana
ka Alloh.
Kanggé manusa takwa nya Alloh
maparin mangpirang-pirang ni`mat. Mantenna nyiptakeun manusia dina kaayaan panghadéna.
Ditempatkeun ieu manusia di tempat anu pangsaéna. Éta anak incu Adam dibekelan
rupa-rupa kamonésan. Nya kitu deui ugeran hirup mangrupa agama dikintunkeun
ngalangkungan para Nabi ogé Rosul. Gogoda anu dikokolakeun ku sétan teu aya
hartina upama jalma ngawasa haténa.
Seueurna pamaparin ti Alloh
nyababkeun jalma talédor. Pangrasana éta kahadéan hirup alatan ni`mat ti Alloh datang
ku sorangan, meunang manéhna, atawa datang salian ti Alloh. Éta ni`mat ti Alloh
lain dipaké ngahontal kawajiban hirup tapi dimonyah-monyah nuturkeun hawa
napsu. Naon anu kacangking ku dirina tina ni`mat panyangkana bakal langgeng,
euweuh wates-wangenna.
Ayana ayat-ayat kauniyah
sareng qauliyah teu ngahudangkeun pikir jeung haténa. Tatangga ogé
baraya anu ngababatang jadi bugang asa moal karandapan kaayaanana. Maot mah pikeun
batur. Iber ti Nu Maha Kawasa dianggap status dina HP ogé médsos. Teu cukup
kitu. Karugian pikeun jalma anu talédor malah aya anu parat nepi ka ahérat.
Ma’asyiral mu`minin rahimakumulloh!
Upama manusa talédor tanwandé Alloh mah teu talingeuh. Alloh nalingakeun sadaya mahluk.
Kagungan Mantenna perkara gaib anu aya di langit ogé di bumi. Alloh teu talédor
kana haté jalma. Alloh ninggali kana gerentes ogé maksud ati jalma. Alloh uninga
kana darajat amal, iman ogé kalungguhan jalma.
Numutkeun ayat di luhur Alloh nalédorkeun
haté jalma. Éta talédor ku Alloh dijantenkeun kana haté éta jalma. “Waktuna hambur
dina kabatilan, panjang lamunan ogé resep kana perkara anu nganteurkeun kana kataledoran,”
kitu numutkeun al-Mawardi. “Manéhna talédor ti Alloh, nya Alloh nyiksa éta
jalma ku talédor ngémutkeun Mantenna,” saur al-Sa’di mah.
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ
للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ
وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ
تَبِعَهُمْ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Alloh nalédorkeun jalma teu ujug-ujug kitu baé. Éta katalédoran
ku Alloh ditibankeun lantaran sikep nu dipilih ku manéhna. “Man agfalnä qalbah nyaéta Kami ngajadikeun haténa taledor, ‘an dzikrinä (tina éling ka Kami) disababkeun goréngna kasiapan pikeun
dikir dina kasempetan anu séjén,” sapertos kitu al-Alusi napsirkeunana. Éta
jalma ditalédorkeun ku Alloh balukar tina sikep maranéhna sorangan. Manéhna teu
aya kahayang ogé tarékah pikeun émut ka Alloh. Nu digugulung sapopoéna iwal ti
kauntungan ogé kasenangan dunya. Ahérat mah teu aya dina uteuk ogé haténa.
Éta jalma ditalédorkeun ku Alloh
alatan pilihan dirina. Sakumaha kauninga anu ngaran manusa boga perhatian téh
ngan sahiji. Upama pikiranna manco kana hiji hal tanwandé lali ka perkara anu séjénna. Ieu jalma riweuh dina
perkara anu teu penting. “Manéhna riweuh merhatikeun ni`mat nepi ka poho kanu
maparin ni’mat,” sapertos kitu al-Qusyairi nyimpulkeunana. Ramé, éndah, ni`mat
sarta kéwesna kahirupan teu nganteurkeun ka Alloh Nu Maparinna. Kasenangan anu
aya nibrakeun manéhna tina harti kahirupan. Numutkeun Ibnu Katsir mah, éta
jalma téh sibuk alias riweuh tina agama ogé nyembah Pangéran alatan dunya ogé
nuturkeun hawa napsuna.
Jama’ah Jum’ah rahimakumulloh!
Dina jaman Rasululloh shallallāhu
‘alaihi wa sallam aya urang kapir anu ménta supaya anjeunna ulah ruang-riung
jeung jalma miskin. Upama Rasululloh SAW peryogi ku maranéhna nya anjeunna
kedah nebihan anu cacah kuricakan. Kapaksa-paksa teuing mah nya riungana téh
dipisahkeun waé antara maranéhna anu beunghar jeung anu miskin téh.
Talajak urang kapir kitu téh
gambaran tina jalma anu talédor. Maranéhna boga pamadegan, yén kamulyaan téh
diukur ku harta banda. Jalma anu kudu diperhatikeun dina kahirupan nya anu
jugala. Nu masakat mah teu kudu dianggap.
Éta pamadegan jalma kapir tangtuna
kaliru pisan. Maranéhna ngukur mulya jeung henteuna téh ngan tina hartana.
Kadunyaan anu jadi ukuran maranéhna. Padahal, urang papada apal, yén manusa
hargaanana téh ku pamadegan ogé pagawéanana. Jasad anu dicicingan, kalungguhan anu
ditempatan, nyakitu deui harta anu dipiboga moal aya hartina dibanding haté
jeung cecekelanna. Manéhna anu kapir mémang beunghar
ku pakaya, tapi anu teu harta teu banda tadi iman ka Alloh ogé Rosul-Na. Nya urang
dina ayat tadi diaping ulah tunduk ka jalma anu haténa talédor. Ieu anu kapir
teu sadar kana kaayaan ogé menta supaya ngusir anu miskin alatan haténa ditalédorkeun
ku Alloh. Na’udzu billah min dzalik!
اللَّهُمَّ
أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ، وَشُكْرِكَ، وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا
فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ
Aweuhan Mimbar:
DR. Yusup Tajri, M.Pd.I. (Déwan Rumpaka Bina Da’wah)