إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ
اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ
لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا
رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا
وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي
تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا} {يَا
أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا يُصْلِحْ
لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ
وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Meunangna urang Qurés merangan
Rasulullah shallallāhu ‘alaihi wa sallam
dina perang Uhud teu lésot tina dukungan jalma beunghar. Abu Supyan waé nyéwa
budak beulian urang Habsyah aya kana dua réwu jalma. Biaya nyéwana téh 4 uqiyah
atawa 5 kilogram emas. Upama dikali ku harga tilu ratus lima puluh réwu
sagramna tanwandé bakal kaluar angka samiliar tujuh ratus lima puluh juta.
Ampir dua miliar. Angka anu kacida pisan badagna.
Kaluar harta anu loba saperti di
luhur téh wajar upama dina kahadéan. Tapi, anu dilakukeun ku urang Qurés harita
nya dina raraga ngahalangan agama Islam. Tangtuna lain kahadéan anu bakal
karandapan, anu puguh mah karugian anu teu aya papadana.
Hadirin rahimakumullah!
Allah Subḥänahu wa Ta’älä
ngadawuh:
﴿ إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا يُنْفِقُونَ
أَمْوَالَهُمْ لِيَصُدُّوا عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ فَسَيُنْفِقُونَهَا ثُمَّ
تَكُونُ عَلَيْهِمْ حَسْرَةً ثُمَّ يُغْلَبُونَ وَالَّذِينَ كَفَرُوا إِلَى
جَهَنَّمَ يُحْشَرُونَ (٣٦) ﴾
Saéstuna jalma-jalma kapir téh ngan ngadermakeun
harta-bandana pikeung ngahalangan (batur) tina jalan Allah, pikeun maksud kitu
rék ngadermakeun téh, tuluy (éta derma) téh baris jadi kahanjakalan pikeun
maranéhna, satuluyna maranéhna baris diéléhkeun; jeung jalma-jalma kapir téh
nya baris dikumpulkeun ka jero Jahannam. (Q.S. Al-Anpal [8]: 36)
Kupur ka Allah pikeun sawatara jalma
teu cukup nolak iman ka Anjeunna. Sajaba nolak Allah sareng katerangan ti
Anjeunna, nya maranéhna ogé ngahalangan anu séjén. Ieu jalma teu cukup sasar
dirina tapi ngupayakeun sasar anu séjén. Tangtuna, dina pamikir ogé kayakinan
maranéhna mah éta téh bener ogé pinuji. Hal ieu lantaran pikiran ogé haté
maranéhna can meunang hidayah. Atuh anu bener katénjo salah, anu
salah katénjo bener. Nya maranéhna majuangkeun kasalahan
da panyangkana bener.
Dina prak-prakanana jalma kupur majuangkeun kasalahan ku ngorbankeun harta banda teu langsung kitu waé. Aya tahap-tahap nu nganteurkeun maranéhna réla méakkeun hartana méla kasalahan. “Saméméh maranéhna taat sacara maliah (harta) ieu anu kapir ngalakukeun kataatan sacara badaniah (awak),” kitu numutkeun al-Razi. Bahkan saur al-Sa’di mah, “Ieu anu kapir ngarasa hampang ngadermakeun harta pikeun ngahalangan batur tina jalan Allah téh lantaran nyepeng deleg kana kabatilan, ogé ceuceub kana bebeneran.”
Sidang Jum’ah rahimakumullah!
Ayat di luhur kalawan écés
nerangkeun, yén jalma kapir mikeun harta-banda pikeun ngahalangan jalma tina
jalan Allah. Balukar éta pagawéan nya maranéhna bakal pinanggih kapeurih di ieu
dunya. Kumaha teu peurih ieu jalma kapir tihothat méla kasalahan nepi ka
ngorbankeun harta banda. Tapi sabada éta harta dibikeun maranéhna teu panggih
jeung naon anu dituju. Maranéhna béak harta tapi teu nyangking anu dimaksud.
Dari pada bebeneran ancur anu aya mah nya kabatilan anu tumpur.
Sababaraha bulan ka tukang dunya digeunjleungkeun
ku kaputusan ditarikna pasukan Amérika ti Afghanistan.
Ieu minangka tungtung lalakon tina tindakan merangan téroris téa cenah. Taun 2001 maranéhna datang rék merangan
téroris, ayeuna balik bari anu disebut teroris téh teu
éléh. Nu aya mah maranéhna pinuh ku katalangsara. Réwuan tantara maot, waktu anu
cukup lila, sarta harta anu lain saeutik. Perang dua puluh taun téh méakkeun
sakitar 978 miliar dolar. Lamun dirupiahkeun mah jadi triliunan. Éta kaayaan
saur al-Razi mah kahinaan di dunya téh nya bentukna “bakal diéléhkeun di akhir
urusan.” Awal ogé tengahna siga meunang, na ari ahirna ngadon ngangkat bandéra
bodas.
Éta kahinaan tangtuna bakal leuwih parna upama Allah nakdirkeun kaum mu`minin langkung rongkah tanagana. Ieu anu kapir téh éléhna moal di tungtung. Ti awal ogé geus bisa diéléhkeun. Atuh anu kapir téh sabagéan perlaya ogé sawaréhna deui ditawan ku kaom mu`minin. Ieu minangka karugian anu teu aya papadana di ieu dunya. Tapi éta téh teu aya sajéréna dibanding kahinaan di ahérat. Nya maranéhna disiksa dina Jahannam.
Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!
Mangrupa-rupa program maranéhna nya pikeun nyebarkeun kasasaran. Maranéhna
satékah polah ngaluarkeun sagala rupa tanaga nu dipimilik pikeun némbongkeun kabatilan anu bener, nulungan kabatilan, ngancurkeun
tauhid ogé dina raraga nanjeurkeun nyembah berhala.
Maranéhna bakal migawé sagalarupa, kaasup
ngadermakeun hartana. Tapi éta bakal jadi karugian. “Maranéhna bakal kaduhung
lantaran teu meunang nanaon. Maranéhna hayang mareuman agama Allah ogé
ngameunangkeun kalimah maranéhna kana kalimah bebeneran. Maka Allah
nyampurnakeun cahaya-Na sok sanajan urang kapir teu resep, nulungan agama-Na, némbongkeun kalimah-Na, sarta ngéngingkeun agama-Na ka
sadaya agama,” saur Ibnu Katsir.
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ
للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ
وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ
تَبِعَهُمْ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!
Ngadermakeun harta banda anu
dilakukeun urang kapir lain wungkul dina perang sacara nembrak.
Mangpirang-pirang kagiatan dijieun ku maranéhna pikeun nyasarkeun kaum Muslim.
“Nu lemah diajak kana agama maranéhna, ngadidik barudak Islam di sakola
maranéhna, ngubaran anu geuring di rumah sakit maranéhna, jeung nu sarupa kitu
mangrupa cukang lantaran nyebarkeun agama maranéhna ogé nyasarkeun umat Islam,”
jelas al-Maragi.
Ku hal sakitu bahaya pisan upama urang nulungan anu maksiat ka Allah. Derma
anu kitu téh bentuk maksiat ogé. Kaasup dina hal ieu nulung kadoliman dina
gerakan musuh-musuh islam. “Kaasup ngajual senjata ogé kuda anu bisa mantuan
musuh merangan umat Islam,” kitu saur al-Qasimi.
Sidang Jum’ah rahimakumullah!
Ningali kana guaran di luhur urang bisa nyimpulkeun, yén maranéhna anu
kapir ngorbankeun sagala rupa pikeun ngahalangan manusa tina jalan Allah. Sok
sanajaran karugian, kahinaan ogé kasangsaraan anu bakal karandapan tapi
maranéhna sumanget. Maka urang jalma anu iman sakedahna langkung ti maranéhna.
اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ،
وَشُكْرِكَ، وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا
حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ
DR. Yusuf Tajri, M.Pd.I.
(Déwan Rumpaka Bina Da’wah)
Majalah Bina Da'wah Nomoer 495