إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ
اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ
لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا
رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا
وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي
تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا} {يَا
أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا يُصْلِحْ
لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ
وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Ayana beurang jeung peuting henteu ngan wungkul
patukeurna waktu, kagiatan ogé kaayaan dina kahirupan. Tapi di dinya aya
patukeurna bebeneran jeung kabatilan. Sabagian pihak ngarobah salah jadi bener,
nya aya ogé nu malikkeun bebeneran kana salah. Dina prosés robah atawa dirobah ka anu goréng teu satiap jalma
sadar kana éta kaayaan. Sadar-sadar sotéh geus aya di ahérat. Na’udzu billah
min dzalik!
Hadirin rahimakumullah!
Ahérat anu bakal kasorang kayaanana
pasti. Dina éta mangsa bisa jadi aya kaayaan anu tibalik pikeun sawatara jalma.
Keur di dunya mah karasana bener ogé jaya, na ari geus di ahérat gening salah
ogé hina. Ieu kaayaan digambarkeun dina al-Qur`an. Allah Subḥänahu wa Ta’älä ngadawuh:
وَقَالَ الَّذِينَ كَفَرُوا لَا تَأْتِينَا السَّاعَةُ ۖ قُلْ بَلَىٰ وَرَبِّي لَتَأْتِيَنَّكُمْ عَالِمِ الْغَيْبِ ۖ لَا يَعْزُبُ عَنْهُ مِثْقَالُ ذَرَّةٍ فِي السَّمَاوَاتِ وَلَا فِي الْأَرْضِ وَلَا أَصْغَرُ مِن ذَٰلِكَ وَلَا أَكْبَرُ إِلَّا فِي كِتَابٍ مُّبِينٍ
Jeung
pok anu lalaip téh nyarita ka anu sarombong: “Puguh-puguh tipu daya arandika
beurang-peuting, basa arandika nitah ka kaula saréréa sangkan kupur ka Allah
jeung supaya kaula saréréa ngayakeun sarékat-sarékat pikeun Mantenna.” Jeung maranéhna nyumputkeun
kahanjeluna nalika maranéhna nénjo siksaan, jeung Kami ngaborogol beuheungna
anu kalupur. Naha lain maranéhna henteu dibales salian ti ku saniskara anu ku
maranéhna geus dilampahkeun? (Q.S.
Saba [344]: 3)
Ayat ieu nguningakeun kumaha jawaban
anu lalaip ka pamingpinna anu sombong di ahérat. Nalika maranéhna dijagragkeun
payuneun Allah nya silih bantah. “Mun lain alatan arandika mah, tanwandé kaula
saréréa téh geus jadi mu`minin!” ceuk anu laip. “Naha kaula saréréa anu
ngahalangan arandika tina pituduh sabada Rasul datang ka arandika téh? Puguh
arandika anu darosa téa mah!” Jawab pamingpin sombong. Ayat di luhur
ngagambarkeun jawaban saterusna ti jalma laip.
Sidang Jum’ah rahimakumullah!
Dihalangan kana kahadéan bari teu
karasa dipaléngoskeun ieu lain perkara énténg. Lamun jalma diajak goréng sacara
langsung tangtuna bakal nolak. Tapi ku cara anu lantip mah nya kagoréngan téh
bisa ditarima bari teu karasa. Biluk kana éta kagoréngan nepi ka sadar-sadar
sotéh geus aya di ahérat. “Mémang
bener maranéh henteu ngadatangkeun anu ngarobah sacara pasti ogé anu ngalarang
kalawan kuat, tapi paréntah maranéh ka kami ngalimpudan sapanjang masa ogé
lumaku sapanjang waktu,” kitu tafsiran al-Razi.
Hal anu dilakukeun dina méngkolkeun
bebeneran téh nya lingkupna lega ogé loba pisan. Dimana aya gerak ogé widang
kahirupan nya di dinya aya kamungkinan bener ogé salah. Tapi sacara umum nya anu
nyaléngor kana salah téh dikumpulkeun kana dua hal syirik ogé dosa. Eta anu
nyieun makar téh tungtungna pasti nyababkeun manusia musyrik ka Allah ogé
milampah dosa.
Prosés mégkolkeun kana salah bari teu katempo téh nya
disebutna makar. Ieu méngkolkeun dilakukeun kalawan maké tipu muslihat.
Lumakuna lain sakali-dua kali tapi beurang jeung peuting dina waktu anu lila.
Ieu nuduhkeun disamping lila téh nya mangrupa-rupa cara dilakukeun pikeun
nyasarkeun jalma. Saur al-Sya’rowi mah nya: “Maranéh némpélkeunana éta
kagoréngan ogé ngulinkeunana dina ceuli kami nepika kami nuturkeunana.” Ieu hartina
deukeut pisan éta tipu muslihat téh dilakukeun ka anu ditujuna.
Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!
Nu nipu tangtuna moal ngaku. Nu rék
ngarobah bebeneran pasti nyumputkeun maksud ogé tarékahna sangkan lancar. Éta anu nipu kadang teu sungkan pikeun
ngabobodo ku cara muji ogé méré gelaran anu hadé. Ku sabab dipuji ogé digelaran
hadé nya anu dibobodo jadi gedé irung, antukna poho kana temah wadi. “Maranéh
méré beja ka kami yén kami aya dina hidayah ogé cicing dina bebeneran. Geuningan
kabéh éta téh batal, bohong, jeung palsu,” kasauran Ibnu Katsir dina nafsirkeun
éta ayat.
Teu cukup kitu. Ieu anu nipu téh
bakal méré cap goréng kana kahadéan ogé anu midamelna. Kakupuran ogé dosa
disebut hadé, tapi kataatan ogé pagawéan hadé dicap goréng. “Nyaéta nalika maranéh ngaluskeun kakupuran keur
kami, maranéh ngajakna, ogé bari nyaritakeun; “Ieu téh bener.” Nya kitu deui
maranéh ngagoréngkeun bebeneran ogé nyacampahna, sarta maranéh nyebutkeunana
éta téh batil. Éta makar ogé tipu daya téh tuluy-tuluyan ka kami nepi ka
maranéh nyasarkeun ogé nyimpangkeun kami saréréa,” saur al-Sa’di.
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ
للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ
وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ
تَبِعَهُمْ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!
“Keun antep kami maéhan Musa, jeung
manéhna sina ngado’a ka Pangéranna, lantaran kami hariwang boh bisi manéhna
ngaganti agama maranéh, atawa manéhna bakal nimbulkeun karuksakan di ieu bumi.
Kami henteu nuduhkeun ka maranéh salian ti anu ku kami dipandang (hadé), jeung
kami henteu méré pituduh ka maranéh salian ti kana jalan anu bener.” Kitu
ucapan Fir’aun ka kaomna.
Ieu Fir’aun boga dalih pikeun maéhan Nabi Musa.
Éta Musa téh dipaténi sabab rék ngaganti agama di Mesir. Teu cukup kitu, ieu
Musa dituding nyababkeun karuksakan. Sabada nuduh goreng ka Musa nya Fir’aun
ngaku dirina jalma bener. “Kami henteu nuduhkeun ka maranéh salian ti anu ku
kami dipandang (hadé), jeung kami henteu méré pituduh ka maranéh salian ti kana
jalan anu bener,” ceuk Fir’aun. Naon nu dikampanyakeun Fir’aun katémbong hasilna. Jalma-jalma kalolobaanana biluk ka
Fir’aun. Nya anu nuturkeun Nabi Musa mah teu aya sajéréna dibanding nu
milu ka Fir’aun.
Kaayaan jalma-jalma nu nuturkeun Fir’aun harita tangtuna ngarasa bener
pamadeganana. Da puguh nu nyepeng kakawasaan téh nya Fir’aun. Tapi tangtuna
engké di ahérat mah bakal tibalik kaayaanana. Maranéhna kari nandangan
kahanjelu nu teu aya papadana ogé tungtungna. Sakuduna urang waspada tina
kaayaan sapertos kieu.
اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ،
وَشُكْرِكَ، وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا
حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ
Aweuhan Mimbar:
DR. Yusup Tajri, M.Pd.I. (Déwan Redaksi Bina Da’wah)
BD Nomer : 493
SAKUDUNA WASPADA
Majalah Islam Bahasa Sunda "Bina Da'wah"
Aplikasi Android Majalah Bina Da'wah tiasa didownload di Google Play Store
https://play.google.com/store/apps/details?id=com.amredev.majalahbd