Syarah Hadits Bahasa Sunda: Multilevel Pahala

 Syarah Hadits: Multilevel Pahala

  

عَنْ أَبِي مَسْعُودٍ الأَنْصَارِيِّ ، قَالَ رَسُولُ اللّهِ : «مَنْ دَلَّ علىٰ خَيْرٍ فَلَهُ مِثْلُ أَجْرِ فَاعِلِهِ». مسلم

Katampi ti shahabat Ibnu Mas’ud RA, yén Nabi SAW sasauran: ”Sing saha jalma anu nuduhkeun kana kahadéan tanwandé éta jalma sarua pahalana jeung anu migawéna (bari henteu dikurangan saeutik ogé). *** (H.R. Muslim)


 

A.Syarah Mufrodat.

Man dalla ‘ala khoirin: ”Sing saha jalma anu nuduhkeun kana kahadéan, falahu mitslu ajrin fâ’ilihi tanwandé pikeun éta jalma sarua pahalana jeung anu migawéna (bari teu dikurangan saeutik ogé). *** (H.R. Muslim)

B.Syarah Matan.

Shahabat Ibnu Mas’ud RA ngisahkeun, yén aya hiji jalma ménta bantuan sangkan mangmawakeun barang, tapi éta jalma teu bisa mantuan da héngkér, tapi ku manéhna malah dituduhkeun ka jalma tukang manggulan barang atawa tukang kuli. Éta jalma ngarasa dosa teu bisa mantuan, terus nyaritakeun deui ka Nabi SAW sarta Nabi SAW ngadawuh: ”Sok sanajan anjeun teu milu manggul éta barang, tapi anjeun bisa nuduhkeun ka ahli manggul atawa maparin bongbolongan pikeun anu susah atawa butuh bantuan tinangtu anjeun ogé meunang pahala saperti anu milampahna bari teu dikurangan saeutik ogé. Éta lamun nga-share dina WA berita anu hadé maparin mangpaat ka balaréa bakal meunang pahala saperti pahala anu milampah naséhat atawa pituduh ti urang pahalana bisa multi lével sarta sabalikna lamun ngajak kana kamaksiatan atawa ngadorong kana maksiat, nga-share berita hoax atawa fitnah urang ogé kabagéan dorakana. Éta mah multi lével dosa, lain pahala. Matak Nabi SAW ngawasiatan: ”Qul khoiron ao liyashmut (Ngomong anu bener atawa cicing teu koméntar.” Cag! ***

 

Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.

(Déwan Redaksi Bina Da’wah)

 

MULTILEVEL PAHALA

Bina Da’wah Nomer 491

Saderek anu palay ngalanggan Majalah Islam Basa Sunda Bina Da'wah

Tiasa sumping ka Jl. Moh. Toha 81 (Seberang Lapangan Tegallega) Kota Bandung

 

Lebih baru Lebih lama