Aweuhan Mimbar: Méla Bebeneran

 KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA

DR. Yusup Tajri, M.Pd.I

(Déwan Redaksi Bina Da’wah)

MÉLA BEBENERAN

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.

{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا} {يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد‌‌:

Milaran jalma kungsi kumelendang di ieu dunya. Di sabudeureun ieu dunya éta jalma hirup. Teu kaitung bahan kahirupan, pasilitias, énergi, duit, biaya, tanaga, rarangkén ogé papaés nu digunakeun. Ratusan abad waktu nu dibéakkeun ku anu ngaran jelema. Tapi teu loba jalma anu bisa méla bebeneran.

Hadirin rahimakumullah!

Ngagem bebeneran lain perkara énténg-énténg. Teu loba jalma bisa panceg dina galur anu jujur. Tibatan pengkuh anu aya mah ngadon mundur tuluy ancur. Sok sanajan kitu éta lain nuduhkeun bebeneran téh moal mungkin ditanjeurkeun. Tapi bebeneran perlu sikep anu daria, soson-soson, bahkan kadang nepi ka ngorbankeun sagala rupa.

Allah SWT ngadawuh:

فَاسْتَجابَ لَهُمْ رَبُّهُمْ أَنِّي لا أُضِيعُ عَمَلَ عامِلٍ مِنْكُمْ مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى بَعْضُكُمْ مِنْ بَعْضٍ فَالَّذِينَ هاجَرُوا وَأُخْرِجُوا مِنْ دِيارِهِمْ وَأُوذُوا فِي سَبِيلِي وَقاتَلُوا وَقُتِلُوا لَأُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّئاتِهِمْ وَلَأُدْخِلَنَّهُمْ جَنّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهارُ ثَواباً مِنْ عِنْدِ اللهِ وَاللهُ عِنْدَهُ حُسْنُ الثَّوابِ

Tuluy Allah ngaijabah maranéhna: “Yén saenyana Kami moal ngaleungitkeun amal jalma-jalma anu sok aramal ti antara maranéh boh lalaki boh awéwé, karana sabagian ti antara maranéh téh (turunan) ti sabagianan deui. Ku kituna jalma anu hijrah, anu diusir ti nagarana, anu dinyenyeri dina jalan Kami, anu perang, jeung anu kasambut téh, saéstuna maranéhna ku Kami bakal dipupus kasalahanan, jeung saéstuna maranéhna ku Kami bakal diasupkeun ka sawarga anu di handapna cur-cor walungan; éta téh ganjaran ti Allah. Jeung Allah téh Nu kagungan ganjaran anu hadé.” (Q.S. Ali Imran [3]: 185)

Numutkeun para ahli tafsir ieu ayat minangka waleran ti Allah SWT kanggé jalma-jalma anu ariman. Dina ayat sateuacanna digambarkeun kumaha kahoyong jalma iman téh. Aranjeunna nyungkeun diriksa tina siksa naraka, henteu dihinakeun dina dinten Kiamat, dihampura sagala dosa, dipupus sagala kakaliruan ogé dimaotkeun jeung jalma balageur.

Waleran ti Allah SWT nya kedah dituturkeun dina amal. Naon nu dipikahoyong teu cekap ngan ukur doa. Kayakinan dina dada kudu témbong kalawan nyata. Nya amal nu bakal jadi ukuran tina éta kahoyong, kayakinan, ijabah, sareng pahala ti Allah SWT. Dina ayat di luhur amal dibuktikeun lima kaayaan. Hijrah, diusir ti nagarana, dinyenyeri di jalan Allah SWT, perang, sareng kasambut minangka amal méla bebeneran.

Pikeun jalma nu ipis burih mah tangtuna éta berkorban téh matak teu kahontal. Pikiranana moal ngarti, haténa teu bisa narima, komo gawéna mah suda pisan. Naon nu kapikir, dirasa ogé dilakonan ngan wungkul dumasar hawa napsuna. Jauh pikeun boga tetempoan anu jero, pikiran anu luhung, sarta gawé anu rancagé. Ayat di luhur ngagambarkeun kondisi nu patojaiah jeung jalma nu leumpeuhyuni. Amal-amal dina ayat di luhur ngan wungkul keur jalma anu boga kahayang ogé gawé anu hadé.

Sidang Jum’ah rahimakumullah!

Amal anu kahiji dina ayat di luhur nyaéta hijrah. Hijrah karandapan nalika hiji Muslim ninggalkeun nagarana nuju ka tempat séjén. Di tempat anu diseja aya kaamanan ogé kaimanan anu leuwih hadé.

Kadua, nya ukhirju/diusir ti nagarana. Ieu téh jalma nu diusir alatan gangguan Musyrik. Manéhna anu iman diusir ti nagara, jalma anu dipikanyaah, dulur, tatangga, tanah tempat lahir ogé déwasa dina raraga mertahankeun bebeneran.

Katilu, wa udzu fi sabili, dinyenyeri di jalan Kaula. Sacara hukum ogé hubungan papada manusa ieu jalma anu iman teu aya céda. Tapi lantaran iman ka Allah SWT anu teu tuah teu dosa téh tetep dikekeyek ku jalma kapir. “Ngan kulantaran dosa aranjeunna ka manusa nya iman ka Allah Nu Hiji,” saur Ibnu Katsir.

Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!

Posisi amal anu kaopat nyaéta qatalu, perang. “Ieu téh posisi anu pang luhurna dina jalan Allah SWT. Nya kudana diganggu, pameunteuna dikotoran ku getih ogé taneuh,” kitu kasauran Ibnu Katsir. Mu`min anu perang di jalan Allah SWT tangtosna gaduh kamampuhan ogé lolongkrang anu teu kapimilik dina posisi amal kahiji, kadua ogé katilu di luhur.

Nu kalima, pamungkas téa, nya qutilu, kasambut. Dina perang aya kalana meunang aya ogé éléh. Naha kéngéng atanapi kawon kadang aya anu kasambut. Saur al-Barusawi mah nya kasambut téh syahid dina pangperangan.

بارك الله لي ولكم .... 

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِالْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:

Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!

Urang sadaya diciptakeun Allah SWT kanggé diuji saha anu pangsaéna amal. Nalika Allah SWT maparin mangpirang-pirang ni`mat dina ieu kahirupan nya Mantenna nguji urang kanggé ngorbankeun éta pamaparin dina jalan-Na. Manusa sibuk pikeun néangan harta, miara kulawarga, cicing di lemah cai ogé mertahankeun kahirupan, ku kituna Allah SWT nguji ku kaayaan anu meredih ngorbankeunna.

Jalma-jalma anu boga kahayang nyepeng deleg bebeneran nya manéhna ngusahakeunana kalawan gelem. Ajaran Islam anu katarima ditampa kalawan réla. Panarimaan anu aya dumasar dalil ogé bukti anu jelas. Sabada kitu ditémbongkeun éta kayakinan dina amal anu nyata.

Sabada jucung nyangking bebeneran dina kahirupan sorangan nya manéhna ngupayakeun népa ka anu séjén. Ieu jalma moal ngarasa cukup kahadéan anu aya ukur pikeun dirina sorangan. Manéhna ngupayakeun bebeneran anu diagem kapimilik ku anu séjén. Hasilna, nya teu satiap jalma bisa narima. Di dinya amprok jeung jalma-jalma anu teu rido kana bebeneran. Lain ngan wungkul teu rido, malah satékah polah ngayonan bebeneran. Antukna éwuh pakéwuh teu bisa disinglarkeun deui.

Ari geus adu hareupan jeung anu teu rido ogé ngancurkeun bebeneran nya urang teu bisa cicing kitu baé. Manéhna ngupayakeun sagala cara nya urang ogé kudu nganghareupanan dina sagala kaayaan. Dina ieu kondisi diperelukan mangpirang-pirang pangorbanan saperti digambarkeun dina ayat tadi. Malah, gambaran pahala dina tungtung ayat éta saluyu sareng méla bebeneran. Muga-muga urang kagolongkeun kadinya.

اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ، وَشُكْرِكَ، وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ



Khutbah Bahasa Sunda Majalah Bina Da'wah Nomer  494

Lebih baru Lebih lama