Kuswari Mihardja : Dn Aidit, Naha Tina Muslim Jadi Athéis?

PUGUH ogé ngarasa teu kaharti, jalma anu ti leuleutik Muslim, malah teu tinggaleun sholat jeung rajin ngaji, naha ari kakolotnakeun jadi jalma athéis Komunis?

Diva Nusantara Aidit (DN Aidit), tokoh PKI anu pangjagona dina pidato jeung ngalobi, singhoréng lain jalma joré-joré. Ir. Soekarno anu harita présidén baé bisa kapangaruhan ku cara lobi manéhna. Ieu ngébréhkeun, yén Aidit jalma pinter sarta boga pangaruh kuat dina diplomasi.

Nilik dina riwayat hirupna, asa pajauh kudu jadi jalma Komunis. Sok komo anu jadi kolotna mah geus ngadidik sarta ngasupkeun ka Pasantrén. Sholat jeung ngaji mah geus jadi kabiasaan sapopoéna dina keur rumajana mah. Ngan saprak anjeunna pindah tempat cicingna di Jawa (asalna di Belitung), ti dieu mimiti robah pikiranna. Éta ogé tangtuna ku sabab manéhna loba macaan buku ngeunaan athéis sarta gaul jeung jalma anu idéologina Komunis.  Nya pikiranna jadi robah 180 darajat.

Salila PKI dipingpin ku manéhna, jumlah jalma anu ngagabung terus ngalobaan, malah dina Pemilu 1955, kaasup lima besar parpol anu boga kawasa. Tangtu baé ieu jumlah anggota PKI anu kacida loba jadi kakuatan Komunis di Indonésia.

Aidit teu cicingeun dina ngancurkeun musuh anu bahaya, nyaéta Masyumi. Nya ngaliwatan Bung Karno sarta pangaruh anu kuat Aidit, Masyumi dibubarkeun!

PKI beuki nanjeur sarta ngabogaan tékad rék ngaganti idéologi Pancacila ku Komunis, nya carana kudu leuwih deukeut jeung Bung Karno. Malah Gestapu dina tanggal 30 Septémber 1965 geus disiapkeun sarta tujuh urang jénderal jadi korban dipaéhan di Lubang Buaya.

Ngan kersaning Alloh SWT can ridho kana naon anu dilakukan PKI, ngaliwatan Jénderal Soeharto, sarta meunang Supersemar ti Présidén Soekarno, antukna PKI dibubarkeun sarta gegedugna ditéwak kaasup Aidit.

Teu gampil néwak Aidit, sabab manéhna geuwat kabur ka Yogyakarta sarta ka daérah séjénna kalawan meunang panyalindungan ti sasama anggota PKI. Ngan sakumaha jagona ogé, aya wancina manéhna kudu beunang ditéwak keur nyumput dina lomari. Ieu téh lantaran aya tentara Intél ngaranna Sri Harto anu ngahaja sina asup ka lingkungan PKI.

Antukna Aidit dibawa ka Jakarta dikawal ku tentara. Manéhna masih dibéré kasempetan pikeun pidato ka anggota PKI. Dina keur pidato, manéhna ngajak sangkan anggota kudu tetep pageuh dina bajoang ngabéla PKI. Keur biantara anu kacida pisan sumangetna, nya keur kitu pisan manéhna ditémbak ku tentara nepi ka ambruk, tuluy maot sapada harita. *** (Ki Udin/BD)

Lebih baru Lebih lama