KECAP Mulud asalna tina maulid, anu hartina dilahirkeun, diyugakeun ka ieu dunya. Saperti dawuhan Rosululloh SAW: “Qullu mauluudin yuuladu ‘alalfithrah.” Satiap jalma anu karék gubrag, dilahirkeun tina Rahim indungna dina kaayaan suci bersih. Rosulullloh SAW dilahirkeun dina tanggal 12 Robi’ul Awal taun Gajah. Dikaitkeun kana kalahiran Rosuluuh SAW, nya Bulan Robi’ul Awal katelah bulan Maulud atawa Mulud.
Acara ngareuah-reuah dintenan
dibabarkeun Anjeunna SAW disebut Muludan. Namung dina jaman Rasululloh SAW
sareng Kholifah anu opat (Khulafaur Rasidin) Abubakar Shiddiq, Umar bin Khoththob,
Ustman bin Affan sareng Ali bin Abu Tholib radiyallohu anhum, dinten gelar Nabi
Muhammad SAW henteu kantos dipiéling, direuah-reuah. Henteu
aya acara Muludan. Dina Kitab Siroh Nabawiyah yasana Muhammad Ridho kaca 60
disebutkeun, yén mimiti diayakeunna Muludan
nyaéta dina abad katilu Hijriyah. Kitu ogé lain di wewengkon Mekah-Madinah jeung sabudereunna,
tapi di daérah Maghribi, nyaéta Afrika Kalér, saperti Mesir,
Tunisia, Maroko, Sudan jeung séjén-séjénna deui. Panguasa nagara
anu mimiti ngayakeun Muludan nyaéta Al-Muzhaffar Abu
Sa’id, raja Irbil.
Dina acara Muludan wanci
harita salian ti medar Siroh Nabi SAW ogé digunakeun pikeun acara
amal kahadéan ku mangrupa sedekah ka pakir-miskin. Mun
kiwari mah bansos téa meureun. Ku ayana acara
Muludan pakir-miskin ngarilu bungah lantaran mareunang rejeki. Nu baleunghar saridekah,
salaku bukti mikacinta ka Anjeunna SAW, cenah. Acara Muludan di wewengkon
Nusantara geus lawas. Ti jaman masih dijajah ku Walanda. Waktu Muludan sakola
ogé ditutup. Murid-muridna pakanci, libur. Kabiasaan
hadé dina waktu acara Muludan, nepi ogé ka wewengkon urang, kaasup Pasundan. Salaku bukti
di wewengkon Paundaan (Pasundaan, tempat Ki Sunda) aya babasan jeung paribasa “Kokoro
manggih Mulud.” Jadi Muludan téh méré kauntungan pikeun anu miskin, anu kokoro.
Ku kituna gelarna Nabi
Muhammad SAW téh aya hikmah anu nyamuni,
salaku rahmat pikeun sakabéh alam. Hal ieu bisa
kapanggih dina Al-Qur’an, anu unina kieu: “Jeung Kami henteu pati-pati ngutus andika
(Muhammad) anging jadi rahmat pikeun satungkebing alam” (Q.S. Al-Anbiya
ayat 107). Dina ayat ieu jéntré pisan, yén diutusna Nabi Muhammad
SAW, lain pikeun urang Arab wungkul, tapi pikeun manusa satungkebing alam.
Saantéro jagat. Agama anu dicandak ku Anjeunna SAW
nyaéta Islam. Syari’at Islam ditungkus dina
Al-Qur’an salaku mu’jizat. Nu diaping ku Gusti Alloh ku anjeun. Salaku mu’zijat
Al-Qur’an moal aya anu bisa ngarobah, malahan sabalikna Al-Qur’an bisa ngarobah
manusa. Ngarobah karakter manusa tina goréng jadi hadé. Bisa nungtun kana kabagjaan hirup dunya-ahérat.
Urang balik deui kana
babasan Kokoro manggih Mulud. Kecap
kokoro asalna tina fuqoro. Dina Al-Qur’an aya kalimah fuqoro wal masakin, pakir
jeung miskin, anu ngarupakeun hiji asnap tina dalapan asnap anu kudu kabagéan sedekah (zakat). Jalma kokoro mangrupa jalma
anu kacida miskinna. Kacida malarat jeung balangsakna. Jalma miskin moal sudieun
lamun disebut, digeroan “Hé miskin!” Tapi kiwari anu
lain miskin teu aréraeun disebut jalma
miskin, malah ngaraku sorangan miskin, sanajan teu kedal. Nepika ku jalma anu
resep heureuy, kalimah fuqoro masakin téh, dirobah jadi Fukoro
Masa Kini. Fakir-miskin jaman kiwari, imahna gedong, mobilna ngadangong.
Ceuk béja mah anu mareunang bansos, bantuan
sosial téh jalma galedé. Jalma baroga kakayaan ogé bisa meunang bansos. Dana
bansos anu ngaréngkol dina APBN atawa
APBD, cenah anu nepi ka Fukoro Masakin mah leutik, gegedéna ngalumbuk di Fukoro Masa Kini. Tah kitu ceuk béja mah. Tapi muga-muga wé salah.
Babasan Kokoro manggih Mulud
biasana ditambahan ku kecap panganteb Puasa manggih Lebaran. Puasa
sabulan campleng teu kararaban sangu sahuap cai sakenclak ti beurang mah, nya
dina lebaran marakmak-mekmek kokomoan, sagala didahar. Tah jalma kokoro anu teu
boga dahareun nanaon lantaran teu boga, lieuk euweuh ragap taya biasa mah, nalika
mareunang rejeki sacara haratis bakal makmak-mekmek. Nepika lat poho teu inget
ka anu séjén. Tapi kiwari mah anu marakmak-merekmek,
kokomoan téh jalma anu salieuk béh. Éta waé diwartakeun ku KPK anu ningali tina LHP (Laporan Harta Pribadi) dibanding jeung
LHP saméméhna, kakayaan para
pejabat naraék. Naékna nanjeur pisan. Padahal upama ditilik tina
gajih jeung pendapatan séjénna moal ngahontal. Terus BPK (Badan Pemeriksa Keuangan) manggihan anu gedé kamungkinan baris ngarugikeun nagara anu jumlahna
2,94 triliun rupia, tina duit pikeun ngajaga jeung ngariksa pandemic Covid-19. Nu
ngarupakeun hasil panalungtikan ti 27 Kementrian, Lembga, jeung 204 Pamaréntahan Daérah. Encan dana-dana
jeung proyék séjénna. Nya kayaan jalma kiwari nalika rahayat keur sarusah, ku loba sengkeran
pikeun ngaléngkah karasana teu adil.
Nu ngampar ngampar nu nabeuh nabeuh, nu lapar lapar nu seubeuh seubeuh. Asa
matak hanjelu. *** (Ki Udin/BD)
Bina Da'wah Nomer 493