KAPING 12 Rabiul Awwal ku sabagian kaom Muslim sok diayakeun kariaan dina ragaga mépéling dibabarkeun Rasul SAW. Hal éta nuduhkeun kacintaan ka Nabi SAW, margi alatan anjeunna da’wah Islam dugi ka urang sadaya. Namung anu langkung utama tangtu lain saukur mépéling tapi aya karep ngajadikan Rasulullah SAW Uswah Hasanah. Uswah tinu sagala rupa, kahirupan rumah-tanggana, hidup sosial kamasarakatanna, tug dugika ibadahna. Allah SWT ngajelaskeun dina Q.S. Al-Ahzab 21:
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللّٰهَ كَثِيْرًاۗ
“Saéstuna salawasna pikeun
maranéh aya conto anu hadé di Rasulullah,
pikeun jalma-jalma anu miharep Allah jeung poé ahir turta anu
loba aringet ka Allah.”
Patali jeung perjoangan Rasul SAW ngada’wahkeun Islam di nagri anu sakitu
jahiliyahna lain perkara anu gampang. Pirang-pirang lalandian anu goréng ditujukeun ka anjeunna, disebut jalma gélo, tukang ngaruksak
persatuan, jeung sajaba ti éta. Ancaman pisik ogé teu saeutik
dirasakeun ku Rasul SAW. Tapi Rasullullah SAW teu maliré, terus waé da’wah, ngajak sakumna urang Quraisy arasup Islam sangkan meunang
kasalametan. Kitu ogé ka urang Yahudi jeung Nashrani anjeunna teu
weléh ngada’wahkeun Islam. Antukna réa urang Quraisy
arasup Islam. Anapon urang Yahudi ngan sababaraha urang, diantarana Abdullah ibn
Salam jeung Salman Al-Farisy.
Anu nyababkeun suksés da’wah Rasul SAW nyaéta ahlakna. Sikep
amanah, jujur, teuneung ludeung nanjeurkeun bebeneran, tur teu sombong. Ahlak-ahlak
anu mulya ieu jadi magnét anu narik simpati lain saukur ti sasama Muslim,
tapi ogé ti bangsa kapir kana Islam. Nalika perjanjian Hudaibiyah
anu dirasa ngarugikeun kaom Muslim Rasulullah SAW tetep nyumponan jangji. Hikmahna
réa urang Quraisy anu arasup Islam.
Umat Islam Indonésia ayeuna ngabutuhkan pamingpin anu boga
kawani nanjeurkeun bener, jujur, sabar tur tekun majoangkeun Islam, istiqamah
jeung panceg dina prinsip, tapi ogé luwes dina ngajalankeunna. Pamimpin modél kitu anu bisa ngahijikeun
umat, pamingpin modél kitu kungsi gelar di ieu nagri, nyaéta Muhammad Natsir. Muhammad Natsir ku kaparigelan anjeunna mampuh
ngahijikeun kaum Muslim ngaliwatan wadah Masyumi. Nalika harita urang kapir teu
wani ngahina umat Islam ku sabab aya tokoh anu dipikasebér ku lawan. Anjeunna
ngawangun ukhuwah Islamiyah di antara ormas-ormas Islam jeung kaum inteléktual Islam.
Ukhuwah Islamiyah mangrupakan kawajiban pikeun kaom Muslim. Nalika Rasul SAW
hijrah, anu munggaran dipigawé nyaéta ngadulurkeun kaom Muhajirin jeung Anshar
ogé ngawangun masjid. Sumanget sadulur numuwuhkeun silih pikanyaah
jeung sasama Muslim, antukna beungkeutan kaimanan ngéléhkeun beungkeutan nasab. Para shahabat leuwih nyaah ka dulur saiman tibatan
ka dulur sanasab tapi kapir.
Ngawangun ukhuwah salah sahijina ku cara silaturahmi, tangtuna masjid jadi
tempatna. Saha waé anu asup masjid teu kudu ditanya idéntitasna, ti ormas mana, partéy mana, urang mana? Saha waé anu ka masjid tur shalat éta dulur urang. Jauhkeun tina perbédaan-perbédaan anu bisa dimangpaatkeun ku musuh pikeun ngancurkeun
Islam. Hayu urang conto ahlak Rasul SAW nalika ngada’wahkeun Islam di lingkungan
anu hara-haraeun anu dikenal ku istilah masarakat jahiliyah. Indonésia teu kaasup masarakat jahiliyah tangtuna ngawangun ukhuwah Islamiyah
moal beurat kawas Rasul SAW baheula mun umat Islam aya karep ngajalankeun saperti
anu kantos dicontokeun ku anjeunna. *** (Susyawan/BD nomore 493)
Aplikasi Android Bina Dakwah tos sayagi di Google Play Store. Link Playa Store