JALMI anu paling utama pikeun dipihormat kalihna ti sepuh, nyaéta
guru atanapi jalma anu ngatik-ngadidik diri urang. Dina hiji keterangan anu
dinisbatkeun ka Rasulullah SAW disebatkeun
réhing anjeunna parantos dadawuh:
وَقِّرُوْا مَنْ تَعَلَّمُوْا مِنْهُ
“Pihormat ku aranjeun jalma anu aranjeun
diajar ti anjeunna!” sanaos sacara sanad keterangan
ieu téh can tangtos leres ti Rasulullah SAW nanging sacara matanna
mah mémang leres kedah sapertos kitu, sikep urang ka jalmi anu parantos kagungan
jasa anu taya hinggana ka diri urang, nyaéta wujud guru urang sadaya.
Dina hakékatna, wujud guru mangrupi jalmi anu
pantes ditiru jalaran élmu anu dipibandana, dugika posisi guru kalintang
mulyana mungguhing Allah Ta’âlâ. Darajat guru ku élmuna diangkat ku Allah SWT saluhureun
manusa dina umumna. Allah SWT dadawuh,
{ يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِذَا قِيلَ لَكُمْ تَفَسَّحُوا فِي الْمَجَالِسِ فَافْسَحُوا يَفْسَحِ اللَّهُ لَكُمْ وَإِذَا قِيلَ انْشُزُوا فَانْشُزُوا يَرْفَعِ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنْكُمْ وَالَّذِينَ أُوتُوا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ وَاللَّهُ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرٌ} [المجادلة: 11]
“Yeuh jalma anu ariman, mun seug
disebutkeun ka aranjeun legakeun dina majlis, prak legakeun. Sarta nalika
disebutkeun ka aranjeun ngagésér, prak aranjeun kudu ngagésér sabab Allah baris
ngangkat jalmi-jalmi anu ariman ti antara aranjeun tur mibanda élmu ku
sababaraha darajat. Sarta Allah Maha Uninga kana saniskara anu dipilampah ku
aranjeun.” (Q.S. al-Mujâdilah, ayat
11)
Figur guru mémang kedah pieunteungeun dugika
para peserta didik tiasa niru tur niron naon-naon anu dipisanggem sareng
dipilampah ku para guru. Numawi aya babasan, “guru kencing berdiri, murid
kencing berlari,” anu maksadna réhing kagoréngpatutan ahlak guru mah matak
éféktif mangaruhan murid-muridna.
Profési guru saleresna sanés dina widang matéri
duniawi anu kedah janten udagan, sanaos jaman kiwari mah mémang parantos
diaprésiasi ku pamaréntah, nanging langkung ti éta profési guru tiasa janten
jariyah amal anu baris térus ngalir pahalana sanaos urang parantos tilar dunya.
Rasulullah SAW dadawuh:
عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ – رَضِيَ اللهُ عَنْهُ – أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ: « إِذَا مَاتَ الإِنْسَانُ انْقَطَعَ عَنْهُ عَمَلُهُ إِلاَّ مِنْ ثَلاَثَةٍ إِلاَّ مِنْ صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُو لَهُ ». – صحيح مسلم (5/ 73 رقم الحديث 4310) –
Katampi ti Abu Hurairah – mugia Allah
mikaridha anjeunna – réhing Rasulullah SAW parantos dadawuh, “Nalika
hiji manusa tilar dunya nya putus (pahala) amalna, iwal ti tilu perkara, nyaéta:
shodaqoh jariyah, élmu anu
diamalkeun, sarta anak shaléh anu ngadungakeun ibu-ramana.” (H.S.R. Muslim)
Hartos élmu anu dimangpaatkeun, kalihna élmu
anu diamalkeun ogé maksadna élmu anu diajarkeun, dugika guru bakal jantén jalmi
anu kénging kokocoran ganjaran nalika anjeunna parantos pupus.
Èlmu naon waé ogé baris janten jariyah,
sumawonna élmu agama. Nalika hiji guru ngaos, umpamina, ngajarkeun tatacara
shalat anu luyu sareng Sunnah Rasulullah SAW ka hiji murangkalih, nya
salami eta murangkalih ngamalkeunana tanwandé pahalana ngalir ogé ka guru anu
ngajarkeunna. Éta téh nembé ti hiji murid, komo deui pami muridna téh ratusan
atanapi rébuan, tangtos pahala anu ngalir ogé langkung seueur deui.
Nanging sawangsulna, nalika éta guru
ngajarkeun kaifiyah shalat anu teu nyunnah tangtos dosa tinu
kasalahan ti jalmi anu diajar ka anjeunna ogé tiasa janten teras ngalir
satungtung teu can dikoréksi deui ku éta guru ka murid-muridna.
Tumali kitu, hiji guru kedah leres-leres
ngajarkeun élmu anu sumberna jelas, nyaéta al-Qur`ân sareng hadits anu shahîh,
sanés dapon ngajarkeun élmu dugika ruwal-rawél ti mana mendi, bari teu jelas
sumberna.
Adab ka guru sanaos kedah dimulyakeun,
nanging tangtos teu kénging kaleuleuwihi dugika teu kénging ngultuskeunnana.
Maksadna, sikép adab ka guru tetep dina koridor anu dipikaridho ku Mantenna.
Bujeng-bujeng ka guru biasa dalah ka guru utama urang, nyaéta Nabiyulloh
Muhammad ibn ‘Abdillah SAW ogé haram hukumna ngultuskeun anjeunna, margi
ngultuskeun hiji mahluk mangrupa kamusyrikan ka Allah SWT, anu hukumna haram
sacara mutlak tur kaasup dosa panggedéna anu baris moal dihampura jaga di ahérat
upami éta pasyirikan teu acan ditinggalkeun (teu acan taubat) sateuacan maot éta
jalma.
Numawi, micinta guru salérésna saukur éksprési
tina cinta urang ka Allah SWT sareng ka Rasulullah SAW, sanés cinta anu ghuluw
(léwat watés) dugika timbul anggapan, yén piraku guru salah, atawa siga
urang Syi’ah anu nganggap para imam maranéhna satingkat jeung para rasul nepika
boga sipat ma’shum tur apal kana perkara ghaib. Nya sikép kaum Syi’ah sapertos
kitu tanwandé kalebet pasyirikan bari taya kamangmangan.
Walhasil, urang wajib mihormat, micinta, tur ngamulyakeun para guru ku cara anu luyu
sareng tuntunan al-Qur`ân sareng as-Sunnah anu shohih. *** (Ki
Udin/BD)
Cék Inohong:
DR. Syarif Hidayat, M.Pd.I.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)
ADAB KA GURU