Kiwari Riya Ashgar Mahabu!

Ku : Kuswari Miharja (Pemred Bina Da'wah)

Dina salah hadis Rasulullah ngadawuh ;

عَنْ مَحْمُودِ بْنِ لَبِيدٍ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ « إِنَّ أَخْوَفَ مَا أَخَافُ عَلَيْكُمُ الشِّرْكُ الأَصْغَرُ ». قَالُوا وَمَا الشِّرْكُ الأَصْغَرُ يَا رَسُولَ اللَّهِ قَالَ « الرِّيَاءُ يَقُولُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ لَهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِذَا جُزِىَ النَّاسُ بِأَعْمَالِهِمْ اذْهَبُوا إِلَى الَّذِينَ كُنْتُمْ تُرَاءُونَ فِى الدُّنْيَا فَانْظُرُوا هَلْ تَجِدُونَ عِنْدَهُمْ جَزَاءً »

Ti Mahmud bin Labid, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh , “Saestuna nu dipikaharing bakal tumiba ka anjeun nyaeta  syirik ashgor.” 

Para sahabat tumaros , "Naon ari syirik ashgor, Ya  Rasulullah?” Anjeunna ngadawuh , “(Syirik ashgor nyaeta) riya’'. 
Allah Ta’ala ngadawuh ka maranehna nu migawe riya' bakal meunang wawales luyu jeung amal nu dipigawena : "Pek anjeun indit ka jalma nu ku anjeun dipintonkeun amal anjeun. Tuluy pintonkeun eta amal anjeun!  naha meunang ganjaran?’ (HR. Ahmad 5: 429. Syaikh Syu’aib Al Arnauth nyarita yen ieu  sanad hadits i shoheh).

Nilik kana ieu hadis, eces yen Rasulullah kacida pisang hariwarangna patali jeung syirik Ashgar nu bisa tumiba ka sing saha bae oge. Sok komo zaman kiwari, loba cara pikeun migawe syirik ashgar, lantaran aya media sosial nu bisa langsung ngirimkeun foto atawa video.

Tapi urang ulah waka su'udhon lantaran bisa bae eta jalma migawe kitu, estuning hayang jadi conto pikeun babaturanana. Balik deui kana niat nu aya dina hate, sabab nu apal mah, ngan Alloh Subhanu wata'ala. Rek kitu rek kieu dina migawe amal, gumantung niat nu jadi patokanana.

Ieu syirik ashgar bisa bae eunteup ka ajeungan jeung ustad,kanu sok nepikeun dakwah. Lamun seug ieu dipigawe ku jalma nu geus boga elmuna tangtu amal kahadeanana jadi leungit lantaran nu jadi udagan hayang kapuji ku batur. Euweuh jaminan ka kyai, ulama, ustad atawa ajeungan aman dina syirik ashgar,lantaran syetan nu ngagoda oge elmuna leuwih luhur.

Syetan dina ngagoda manusa sangkan syirik ashgar kacida pisan pinterna, malah teu saeutik loba nu kagoda ku syetan, nu antukna teu meunang ganjaran  di aherat. Kacida pisan rugina lamun kitu mah.

Patali jeung syirik ashgar dina al-Quran,  eces Alloh nguningakeun dina sababara ayat patali jeung jalma munafek. Jalma munafek mah pasti Riya dina migawe amal, saperti kaunggeul 

إِنَّ الْمُنَافِقِينَ يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَهُوَ خَادِعُهُمْ وَإِذَا قَامُوا إِلَى الصَّلَاةِ قَامُوا كُسَالَىٰ يُرَاءُونَ النَّاسَ وَلَا يَذْكُرُونَ اللَّهَ إِلَّا قَلِيلًا

Saestuna jalma-jalma munafek nipu ka Alloh jeung Alloh bakak ngables tipuan maranehna. Jeung saumpama maranehna rek ngadegkeun sholat, ngarasa beurat. Maranehna riya dihareupeun manusa. Jeung maranehna teu zikir ka Alloh kajaba saeutik 
[Surat An-Nisa : 142]

Jalma mumafek riya moal meunang mangfaat di dunya,oge moal meunang ganjaran di aherat, saperti kaunggeul dina ieu ayat

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُبْطِلُوا صَدَقَاتِكُمْ بِالْمَنِّ وَالْأَذَىٰ كَالَّذِي يُنْفِقُ مَالَهُ رِئَاءَ النَّاسِ وَلَا يُؤْمِنُ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ ۖ فَمَثَلُهُ كَمَثَلِ صَفْوَانٍ عَلَيْهِ تُرَابٌ فَأَصَابَهُ وَابِلٌ فَتَرَكَهُ صَلْدًا ۖ لَا يَقْدِرُونَ عَلَىٰ شَيْءٍ مِمَّا كَسَبُوا ۗ وَاللَّهُ لَا يَهْدِي الْقَوْمَ الْكَافِرِينَ

Hey, jalma-jalma nu sriman poma anjeun ulah ngaleungitkeun ganjaran shodaqah ku nyebut-nyebut jeung nganyeurikeun (jalma nu narima), saperti jalma nu nganafkahkeun hartana kalawan riya ka manusa sarta teu iman ka Alloh jeung kana poe ahir. Mangka  eta jalma saperti batu leueur di luhurna aya taneuh, tuluy eta batu katibanan hujan nu gede, batu jadi beresih (euweuh taneuhan). Maranehna teu kawasa kana naon nu dipigawe jeung Alloh moal mere pituduh ka jalma-jalma kafir. [Surat Al-Baqara : 264]


***



Kuswari

Guru anak usia dini

Lebih baru Lebih lama