FIR’AUN MODÉREN

KOMUNIS-Athéis sacara kalembagaan jelas geus taya dikieuna. Kalah kumaha waé ogé TAP MPR Taun 1965 lumaku kénéh. Jeung deui rada hésé pikeun dihirupkeun deui sacara organisasi partéy mah. Tapi anu kudu jadi ingetan urang, Komunis téh idiologi. Teu sarua jeung Islam. Islam mah lain idiologi, tapi wahyu anu mangrupa akidah atawa kayakinan anu hakiki. Wahyu datangna ti Maha Pencipta, nyaéta Allah SWT, ari idiologi mah datangna tina pikiran manusa.

Komunis téh idiologi. Mémang hésé pikeun dipupusna lamun jalma geus asup kana idiologi. Lamun dihubungkeun jeung akidah Islam baris aya patalékan, “Saha Tuhan (Pangéran) manéhna anu sabenerna?” Jadi kaliru upama aya anu nyebut “Komunisi tidak ber-Tuhan” téh. Komunis “ber-Tuhan”, boga Pangéran. Ari Tuhan maranéhna mah taya lian “Hawa Napsu” maranéhna. Maranéhna téh Fir’aun Modéren. Urang Komunis téh “Pelanjut Fir’aun” alias Fir’aun Gaya Baru.

Fir’aun apan ngaku Pangéran, Komunis ogé ngaku Tuhan (Pangéran), ngan teu dikedalkeun. Ngan numutkeun Al-Qur’an maranéhna téh nutur-nutur “Hawa Napsu”na. Naon-naon numutkeun kahayangna katut kanyaho maranéhna, éta anu bener. Nya éta anu disebut Ahéisme, Marksisme, Léninisme jeung sajabana. Maranéhna ditolak, ku sabab kayakinanna syirik, nya Komunis disebut Musyrik, katut lampahna kufur, nya maranéhna disebut Kafir. Dina kahirupanna sapopoé maranéhna nolak agama naon waé, utamana Islam, sarta nolak ayana Pangéran, Allah SWT.

Gerakan Komunis moal eureun nepika qiyamah. Sabab maranéhna teu satuju, teu resep, ijid, ceuceub kana agama, utamana Islam. Jadi maranéhna téh taya lian “Kepanjangan Tangan” ti Yahudi jeung Nashroni ogé. Al-Qur’an sakitu jéntréna apan mépélingan umat Islam. “Jeung moal mikaridlo ka anjeun urang Yahudi katut urang Nashroni, nepika anjeun nutur-nutur tapak-lacak maranéhna.” Teu kungsi eureun apan maranéhna merangan urang Islam, nepika urang tunduk.

Gerakan Komunis aya dina sagala segi kahirupan. Stratégi aranéhna ngamangpaatkeun atawa ngagunakeun sagala kakuatan anu nyampak, kayaning élmu-pangaweruh, téknologi jeung sajabana. Jadi upama Komunis gerakanna disebut “Gerakan Di Bawah Tanah”, hartina Komunis téh henteu gerak saperti partéy. Maranéhna nyusup kana sagala segi kakuatan anu nyampak. Kana ékonomi, sékulér, kapitalis, sosialis. Dina widang politik hésé pisan pikeun ngaleungitkeun sugak-sogok.



Dina widang pendidikan nepika kiwari beuki jauh tina akidah Islam. Kurikulumna teu kagambar sinérgis antara élmu séjénna jeung akidah. Sabab anggapanna, ieu élmu agama, éta élmu umum. Éta anu kudu dikelirkeun di nagara Pancasila ieu. Lamun mémang bener nagara Pancasila ieu arék atawa hayang konsékwén, nya kudu ditatapakan ku Ketuhanan Yang Maha Esa. Dina Empat Pilar MPR apan disapukan, yén Ketuhanan Yang Maha Esa tafsirna dipasrahkeun ka agama masing-masing. Agama masing-masing téh apan boga Kitab Suci. Islam boga Al-Qur’an, Kristen boga Al-Kitab.

Teu bisa disaruakeun antara Al-Qur’an jeung Kitab Suci lianna. Tah harti silih hormat téh kitu. Kiwari mah disasarkeun. Lain silih hormat, tapi kudu silih tarima. Nepika cikénéh apan menag “ngaku” kana agama Baha’i. Baha’i apan aliran sasar anu pasalia jeung akidah Islam. Kuduna mah konsékwén. Lamun manéhna ngaku agama Baha’i, pék téh teuing. Tapi upama manéhna ngaku agama Islam bari aliranna saperti kitu, éta hartina sasar. Jadi kudu dikelirkeun ogé.

Tah anu kararitu téh dimangpaatkeun ogé ku urang Komunis. Ulah dikira teu dimangpaatkeun. Ahirna perpecahan téh terus lumangsung apan. Perbédaan anu seukeut terus lumangsung. Jadi lain perbédaan paham, tapi penyimpangan. Tah anu dilarapkeun ku maranéhna téh penyimpangan, lain perbédaan paham. Da ari perbédaan paham mah ti baheula ogé geus biasa. Perbédaan paham mah ti jaman Nabi SAW jeung para shahabat RA ogé geus aya tur geus biasa.

Saterusna Konsép Hak Azasi Manusia (HAM) anu terus diagung-agungkeun ku maranéhna téh. Lamun geus nyaritakeun HAM nepi ka qiyamah ogé moal patepung. Sabab saban jalma boga HAM. Jadi kudu aya standar anu disebut HAM téh. Ulah nepika HAM batur ngarempak HAM urang, atawa sabalikna. Contona mah saperti kasus Si Kécé cikénéh. Si Kécé nyarita anu teu bener, pajahkeun HAM. Antukna, lamun manéhna aya anu neunggeul ogé bisa disebutkeun HAM. Tah, urang-urang Komunis téh nyalindung ogé dina anu katelah HAM. *** (Ki Udin/BD)

Cék Inohong: BD nomor 493

H. M. Daud Gunawan, S.E.(Ketua Majelis Syuro Déwan Da’wah Jabar)

Baca oge :

SALAWASNA TAKWA | SENANTIASA TAKWA

Lebih baru Lebih lama