Cék Inohong BD Nomor 488 (2021):
H. M. Ro’inul Balad, S.Sos.
(Ketua Déwan Da’wah Jabar)
SIKEP MUSLIM DINA MAYUNAN SASALAD COVID-19
SASALAD Covid-19 téh, minangkana mah musibah internasional. Kirang langkung parantos
badé taun kadua ayeuna téh. Numutkeun wartos kawitna mah ti China ieu sasalad téh, lajeng janten musibah Internasional. Anu disebat
musibah mah dina saban jaman ogé aya.
Sateuacanna
aya virus influénza, koléra, malaria. Seueur virus-virus kitu téh. Covid-19 téh sabangsa virus. Satiap jalmi
tangtos mayunan masalahna dina kaayaan anu bénten-bénten. Urang salaku Muslim kedah
gaduh kayakinan yén ayana musibah, bagja,
cilaka, teu damang, éta téh intina mah takdir ti Allah SWT. Moal aya jalmi
anu katiban ku naon waé ogé kajabi widi ti Allah SWT. Tangtosna, urang salaku Muslim
kedah gaduh kayakinan, éta anu utama mah.
Dina
kaayaan kumaha ogé urang mah ngayakinanna
tina ayat Qur’an sareng tina sunnah Nabi SAW. Moal aya musibah anu ditibankeun
ku Allah SWT ka salah sahiji jalmi kajabi aya hikmahna. Aya manusia sadunya
ngumpul supados nimpakeun musibah kahiji jalmi, upami teu diwidian ku Allah SWT
mah moal tiasa. Saur hadits mah “Seandainya seluruh manusia itu berkumpul untuk
memberikan madlarat kepada seseorang, kalau Allah SWT tidak mengizinkan maka
madlarat itu tidak akan tertimpa kepada seseorang tersebut.” Sawangsulna, upami
sadaya jalmi ngumpul badé maparin mangpaat kanggo
urang, upami ku Allah SWT teu diwidian mah mangpaat téh moal kénging ku urang. Tah éta sikep kahiji urang salaku Muslim.
Kadua, urang kedah gaduh kayakinan,
dina nalika aya musibah naon waé ogé tempat gumantung urang mah mung ka Allah SWT. Supados saimbang
tangtosna kieu, tong dugika sieun ku virus anu pungkasna ngamomorékeun syariat. Anu pangbahayana mah, nyaéta sieun ku virus leuwih sieun tibatan ku Allah SWT. Urang salempang
mah wajar, da éta mah sipat-sipat
kamanusaan. Urang kawatir kakeunaan panyakit, lain ku Covid-19 waé. Pikeun hiji Muslim kasalempang téh teu kénging ngaleuleuwihi sieun
ku Allah SWT. Janten, ulah ku margi sieun ku virus ahirna urang ngamomorékeun atanapi ngarempak syari’at. Sapertos kieu, “Ah ieu
mah kedah divaksin, upami teu divaksin bakal madharat”. Urang mah vaksin
vaksin, tapi tetep ngagantungkeun diri mah ka Allah SWT, da vaksin mah mung ukur
ihtiar. Janten tong duki ka “Mun manéh teu divaksin, manéh bakal katépaan. Lamun divaksin moal katépaan.” Teu tiasa kitu. Ihtiar tapi tetep manteng ka Allah SWT.
Anu katilu
masalah Covid-19 ieu téh tangtu urang kudu
ihtiar, ngajaga diri, ngajaga imun jeung iman. Ngajaga tuangeun, leueuteun, lajeng
anggoan ogé. Sadayana supados urang kasingkahan.
Mung anu langkung penting nyaéta iman téa, ihtiar sing kuat, lajeng ngadu’a.
Stratégi mayunan panyakit anu diajarkeun ku Nabi SAW atanapi
dina konsép Islam, kahiji
upami urang aya di hiji tempat lajeng di tempat éta téh aya sasalad, misalna
urang parantos terindikasi katiban panyakit éta, saur Nabi SAW ulah kaluar ti tempat éta. Janten cicing wé urang di dinya, ulah ka mana-mana,
bilih nyebarkeun panyakit ka anu lain. Kitu deui sabalikna upami urang di tempat
luar, aya hiji tempat anu parantos jelas di dinya aya sasalad, poma urang ulah
wani-wani lebet ka dinya. Istilah ayeuna mah isolasi heula.
Kadua, milari landong anu halal, bari
tetep ngajaga diri. Milari landong teu kénging anu haram atanapi
ngarempak syari’at Islam. Apan sok aya anu sumping ka dukun atanapi ka
paranormal, tah urang mah umat Islam anu iman kedah nyingkahan anu kitu. *** (Dwi
Kurnia/BD)