Cék Inohong: PAAYAK-AYAK BÉAS

TAUN anyar kakara lumangsung tilu bulan tapi geus loba dédéngéan. Dédéngéan anu teu pikabungaheun. Muncul musibah di mana-mana tur rupa-rupa. Di Jakarta kapal murag, terus musibah bajir, caah déngdéng, jalan-jalan jeung padumukan kabanjiran, imah-imah kakeueum. Dituturkeun deui ku pasir urug, longsor, anu akibatna loba jalma karuang taneuh beureum. Kadéngé deui béja aya lini anu ngagojlog ngendagkeun Sulbar anu rohaka, jeung DI Yogyakarta. Di Jogja mah teu aya korban anu parna, tapi di Sulbar mah imah-imah ancur, puluhan urang ngababatang. Can kacatur masalah miras anu (teu jadi?) dilégalkeun mah.



Mun ningal kana al-Qur’an jeung hadits Nabi SAW, timbulna musibah ka manusa téh, bisa digolongkeun kana dua rupa. Kahiji, salaku panggeuing, ulah kajongjonan dina nyieun dosa. Hartina Gusti Alloh masih neundeun harepan. Kagungan kahéman ka hamba-Na. Ulah tibra teuing saré. Nomer kadua ngarupakeun Azab, atawa siksaan. Saperti anu nimpa ka kaom anu wangkelang baheula. Nya timbul pertanyaan naha musibah anu kiwari teterusan di urang téh ngarupakeun kanyaah Alloh SWT, atanapi azab? Lebah dinyana, mah kari disaliksik masing telik tur apik wé. Atuh teu kaliwat anu kudu ditilik, dihisab téh kalakuan jeung ahlak rahayat jeung para gegedénna, naha aya kataatan ka Gusti Allah atawa wangkelang?

Kiwari salian ti musibah anu ngancurkeun pakaya ogé dugdeg talilarna para inohong, utamana para kiyai sareng para ustadz atanapi da’i jeung mubalégh. Tah ieu anu jadi munculna karisi kana ati, kasumpeg kana manah, tur ngagedug kana kalbu nyaéta ku seueur tilarna para alim-ulama ieu.

Mun urang ngoréhan al-Hadits bakal kapanggih yén ulama téh disebut salaku para ahli warisna Nabi. Al-Ulama’u waratsatul Anbiya. Ulama téh anu kénging warisan ti para Nabi. Sarta dina hiji hadits anu diriwayatkeun ku Imam al-Bukhori yén Rosululloh SAW, nguningakeun para Anbiya teu karagunganeun dinar sareng dirham, nya anu diwariskeunna ka ulama téh nyaéta mangrupi élmu. Tah kiwari seueur alim-ulama anu tilar saperti disebutkeun di luhur. Jadi ngandung harti kiwari, élmu nuju dipérénan dicandak ku anu kagunganana, nyaéta Alloh SWT.

Hal ieu sapagodos sareng hiji riwayat anu diriwatkeun ku Imam al-Bukhari, yén Nabiyulloh Muhammad SAW, parantos sasauran yén Allah SWT henteu ngangkat atawa ngabedol élmu sacara sakaligus ti para hamba-Na, tapi Mantenna ngangkat, narik éta élmu ku jalan nilarkeun para ulama. Dugika pami parantos teu aya saurang ogé ulama, nya di dinya manusa baris tumanya ka jalma bodo, terus jalma bodo téh méré wejangan ku ngaluarkeun fatwa, bongbolongan anu henteu dideudeul ku élmu. Ahirna maranéhna sasab jeung nyasabkeun anu séjén. 

Urang saréréa papapada apal yén alim-ulama téh ngarupakeun cahaya anu nyaangan kalbuna kaum Mu’min. Sangkan leyur haté anu haré-haré saré nyegrék kawas kéré. Sarta ngageuing sina nyaring anu teu aréling. Ngaguyahkeun kalbu anu ngabatu, anu teuas alah-batan cadas. Rosululloh SAW ngibaratkeun ahli élmu saperti bulan purnama, ari ahli ibadah saperti béntang. Bisa dihartikeun yén para ulama bisa nyaangan marcapada, ari ahli ibadah ngan nyaangan pikeun dirina wungkul.

Rosululllh SAW nyaurkeun: Sing saha jalma anu nuduhkeun jalan pikeun nyiar élmu, tanwandé Alloh SWT baris nuduhkeun jalan ka Surga. Satemenna Malaikat ngabébérkeun jangjangna pikeun jalma anu nyiar élmu sabab ridlo kana naon-naon anu dilakukeun ku maranéhna. Jalma anu ngajak kana kahadéan bakal dipéntakeun hampura ku sakabéh mahluk di langit jeung bumi.

Ku seueurna ulama maot, éta salaku tanda-tanda geus deukeutna poé kiyamah, nyaéta ku diangkatna élmu, jeung tinggal kabodoan. Hadis séjénna nyebutkeun, yén ulama téh saperti béntang di langit. Béntang méré cahaya ka lautan jeung daratan. Lamun béntang teu muncul, tanwandé manusa moal meunang pituduh (H.R. Imam Ahmad).

Jadi kiwari ku lobana ulama anu talilar dunya geus asup kana babasan “paayak-ayak béas, nu leutik nyangsang nu gedé moncor.” Hartina ieu babasan cék dina Kamus LBBS mah kajadian anu teu adil. Hukum atawa aturan ngan lumaku pikeun anu leutik, ari pikeun jalma gedé mah mintul. Mintul ka luhur, seukeut ka handap. Tapi babasan ieu ogé bisa dilarapkeun kana lobana alim-ulama anu wafat. Hal ieu teu perelu anéh, sabab lamun imah kahuruan atawa kacaahan, anu pangheulana disalametkeun téh barang-barang anu gedé mangpaatna, saperti ijazah, sértifikat tanah, sértifikat imah, barang barang anu mahal hargana atawa barang antik, hadé. Tah jalma ogé anu pangheula dirawatan sina ngadep ka Mantenna téh para ulama. Wallohu’alam. (Ki Udin/BD) ***BD No 488

Lebih baru Lebih lama