KH. Miftah Faridl : KASÉHATAN JEUNG KAIMANAN

Cék Inohong Bina Da'wah Nomor 488:

Prof. DR. KH. Miftah Faridl (Pupuhu Déwan Redakasi Bina Da’wah)

KASÉHATAN JEUNG KAIMANAN

PAKAIT sareng sasih Ramadlan taun ieu, upami ningal kondisi, sapertosna sasih Romadlon ayeuna masih sapertos taun kamari. Kagiatan umat Islam pasti bakal diwatesanan. Namung tong janten halangan kanggo kaom Muslim ngajalankeun ibadah, margi sasih Romadlon téh bulan ka masjid, bulan ibadah, bulan shodaqoh sareng bulan itikaf. Nu penting mah urang tetep ngajaga tur merhatoskeun protokolér kaséhatan. Atuh  salajengna mah tawakal wé ka Alloh SWT.



Program-program anu loyog diayakeun ku masjid-masjid dina danget ieu diantawisna: Kagiatan Romadlon patali sareng tabligh parantos mahabu di mana-mana. Umat ayeuna mah anu peryogi disalametkeun téh kondisi ékonomina. Palebah dieu masjid kedah hadir. Masjid kudu jadi pelopor hudangna ékonomi umat. Program-program anu sipatna pangwangunan fisik samentara dieureunkeun heula, dialihkeun kana pangwangunan ékonomi umat. Jama’ah anu butuh modal usaha, masjid ngusahakeun ngamodalan. Carana mah bisa ti kas masjid atawa masjid ngahubungkeun ka para aghnia anu bisa méré tulung jama’ah masjid séjén anu ngabutuhkeun. Kitu ogé jama’ah anu butuh biaya sakola budak atawa pikeun uubar. Ku sasalad ieu téh anu jadi korban pangréana mah umat Islam. Karana karéréaan umat Islam Indonésia status ékonomina menengah ka handap. Da jelema beunghar mah sisimpenanna ogé miliyaran-triliunan. Maranéhna mah saukur ngurangan kauntungan tina usahana.

Nu tong dipopohokeun ogé, masjid kudu mikiran para ustadz anu akibat sasalad sabaraha kajian aranjeunna dieureunkeun. Para ustadz anu ngandelkeun panghasilan ti masjid ka masjid arang aya anu mikiran. Palebah dieu masjid anu geus maju ékonomina kudu ngabantu aranjeunna. Naha nyieun satgas husus pikeun ngabantu asatidz, tong nepika aranjeunna kalaparan atawa kasulitan nyakolakeun barudakna. Sabab pasti asatidz anu qonaah mah moal ménta enya ogé maranéhna butuh ku pitulung urang. Urang kudu yakin kana kasauran Rasul SAW sapertos anu kaunggel dina H.R. Muslim: “Saéstuna Alloh bakal nulung hamba-Na, lamun éta hamba daék nulung dulurna.”

Anapon cara umat Islam pikeun nyegah sasalad Covid-19 taya lian protokol kaséhatan kudu dibarengan jeung protokol kaimanan. Kaumuman ti urang geus apal kana aturan protokol kaséhatan; maké masker, hand sanitizer, tur ngajaga anggang; tapi sok poho ka protokol kaimanan. Protokol kaimanan malah anu éféktif naékkeun daya tahan awak. Ku iman ka Alloh SWT bakal ngadatangkeun katenangan, daya tahan awak bakal naék dina kaayaan tenang.  Dina bulan Romadlon ieu umat Islam ngajalankeun sholat, shoum, tur ibadah-ibadah séjénna, muga-muga ngadatangkeun katenangan tur naékkeun daya tahan awak sakumna kaum Muslim. *** (Suryawan/BD)

Lebih baru Lebih lama