Tafsir Al-Qur’an Bahasa Sunda : MU’AMALAH PAPADA MUSLIM (Ngamumulé Nyawa)

Tafsir Al-Qur’an Bina Da'wah Nomer 488 ku  Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag. (Déwan Redaksi Bina Da’wah)

 

MU’AMALAH PAPADA MUSLIM (2)

Ngamumulé Nyawa: Q.S. An-Nisaa 94-96

يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا إِذَا ضَرَبْتُمْ فِي َسِبيلِ اللهِ فَتَبَيَّنُوا وَلاَ تَقُولُوا لِمَنْ أَلْقَى إِلَيْكُمُ السَّلاَمَ لَسْتَ مُؤْمِنًا تَبْتَغُونَ عَرَضَ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا فَعِندَ اللهِ مَغَانِمُ كَثِيرَةٌ كَذَلِكَ كُنتُمْ مِّن قَبْلُ فَمَنَّ اللهُ عَلَيْكُمْ فَتَبَيَّنُوا إِنَّ اللهَ كَانَ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرًا {94}

Hé jalma-jalma ariman! Upama aranjeun lumaku di jalan Allah prak sing taliti jeung ulah mutuskeun yén jalma anu ngucapkeun salam ka aranjeun divonis: anjeun lain jalma anu iman pilakadar néangan pakangabutuh hirup. Mungguhing di gédéngeun Allah mibanda harta anu loba, nyakitu deui kondisi aranjeun baheula nalika Allah ngaanugrahkeun pirang-pirang kanikmatan hirup nya sing taliti tur apik (jalma anu rék dipaténi). Satemenna Allah kana saniskara anu dilampahkeun ku anjeun (sok sanajan misterius) Maha Uninga. (94).

A. Tafsir Mufroadat.

Ya aayuha lladziena âmanû Hé jalma-jalma ariman! Idza dlorobtum upama aranjeun lumaku fi sabîlillah fatabayyanû di jalan Allah prak sing taliti. Kecap dlorobtum asalna tina dloroba nurutkeun Leksikologi (Ilmu Perkamusan) hartina sora sapatu atawa sendal atawa kosrakna anu leumpang dina waktu peuting nandakeun éta jalma tas nyaba. Saterusna kecap dloroba dihartian rupa-rupa gumantung kontéksna ayat (siyaqulayat), aya hartina pajak, ngabeuratkeun, neunggeul, nyépak bal, tamsil, maténi jrrd. Ayat dihartian lumampah lantaran bisa dina waktu situasi gawat, ngabéla diri, tugas di jalan anu dipakaridlo ku Alah. Tabayyun dina ayat di luhur ngandung harti taliti sing apik ulah su’udlon sabisa-bisa salametkeun nyawa manusa. Wa lâ taqûlû liman alqo ilaikum assalama jeung ulah mutuskeun yén jalma anu ngucapkeun salam ka aranjeun, Lasta mu’minan divonis: anjeun lain jalma anu iman, tabtaghûna ‘arodlol hayâtiddunya pilakadar néangan pangabutuh hirup. Kecap‘arodlo dina sababaraha tafsir dihartian néangan pangabutuh jeung pangabetah hirup. Fa’indallahi maghâma katsiroh Mungguhing di gédéngeun Allah mibanda harta anu loba, ulah ku cara ngarogahala atawa biadab ku cara maténi baraya. Kadzalika mingqoblu nyakitu deui kondisi aranjeun baheula teu langsung kuat iman tapi ngaliwatran hambalan-hambalan, famannallahu alaikum nya Allah ngaanugrahkeun pirang-pirang kanikmatan hirup, fatabayyanuu nya sing taliti tur apik bisi anjeun tikunclung kana dosa gedé maténi baraya anjeun sorangan. Ieu kecap dibalikan dua kali dina saayat ceuk Élmu Balaghoh mah minangka taukid (panguat) kana kecap méméhna. Innallaha kâna bimâ ta’maluuna khobîro Satemenna Allah kana saniskara anu dilampahkaeun ku anjeun sok sanajan dimisteriuskeun (diframing) jiga hadé satemenna Allah Maha Uninga. Allah anu bakal ngabalesna di dunya kénéh sarta dianggeuskeun di ahérat (94). 


B. Tafsir Ayat.

a. Munasabatul Ayat

Ayat saméméhna ngeusi ancaman ka jalma anu ngahaja kalayan direncanakeun pikeun maténi langsung atawa ngaliwatan leungeun anu séjén atawa ngaleungitkeun nyawa  maké perantaraan alat hiji mu’min nya sanksina kudu dipaténi deui di dunya sarta diteruskeun di ahérat éta anu maténi diabuskeun ka Naraka Jahannam, dibenduan, dilaknat sarta full siksaan anu rongkah tur abadi.

b. Sabab Nuzul

Dina hadits riwayat Al-Bukhari, At-Tirmidzi jeung Al-Hakim ti shahabat Ibnu Abbas RA, anjeunna ngisahkeun: "Hiji waktu ngaliwat hiji jalma ti kabilah Bani Sulém bari nungtun domba sarta nalika tepung jeung kumpulan shahabat manéhna maca salam. Salah saurang ngagorowok: Éta mah salam pupulasan! Terus dikoroyok éta jalma sarta dipaténi, dina situasi perang mah saling curiga lamun aya jalma teu wanoh disangkana intél anu nyiliwuri ngangon domba. Dombana dibawa ka Rasulullah SAW nya turun ayat di luhur minangka panegor kana laku-lampah para shahabat. 

c. Guaran Ayat

Ayat ka 94 ngeusi panggeuing sangkan bisa ngamumulé nyawa manusa hususna nyawa Muslim. Lamun anjeun indit-inditan rék nyaba atawa perang sarta paamprok jeung jalma teu wawuh terus ngucapkeun salam, poma ulah diintimidasi ngucapkeun: ”Lain Muslim éta mah pupulasan,” lantaran aranjeun teu aya anu apal haté jalma. Nalika urang dirampog atawa dibégal sabisa-bisa pikeun ngabéla diri atawa pakaya anu dirampog ulah nepika nyawana leungit sarta lamun némbak cukup bagian awak anu teu matak maot saperti suku. Néangan rejeki ku cara maéhan baraya lantaran ngajalankeun tugas, pembunuh bayaran atawa néangan rejeki maéhan baraya rejekina anu katarima sok sanajan gedé ceuk tetempoan manusa pasti moal mahi sarta bakal leungit barokah malah jadi siksa pikeun dirina jeung kulawarga anu milu ngahuapna. Ayat 94 ditungtungan ku kalimah tauhid yén Allah Maha Uninga kana saniskara amaliah aranjeun ngandung harti éta jalma bakal diudag-udag dosa, perasaan teu nyaman saumur hirupna. Saperti pangalaman jalma anu némbak santri anu teu boga dosa pimpinan K.H. Zénal Musthofa di Masjid Sukahideng Singaparna baheula, manéhna daratang ka KH. EZ. Muttaqin anu disaksian ku putrana sarta diobrolkeun deui ka sim kuring.

 d. Fiqhul Hayat

Ngarogahala dibarung ku ngaleungitkeun nyawa baraya atas nama hukum nagara moal matak ngurangan siksa dunya jeung ahérat. Tetep waé Allah mah Maha Uninga sarta  ulah dianggap énténg siksana dunya ahérat, sok komo jalma anu dipaéhanna jalma anu teu boga dosa bari ngahaja. Cag! ***

Lebih baru Lebih lama