Aweuhan Mimbar (BD 491):
NAHA URANG GEUS MERDÉKA?
Khatib : DR.
H. Yusup Tajri, M.Pd.I.
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ
اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ
لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ
تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا
النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ
مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا
اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ
رَقِيبًا} {يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا
سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ
يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Hadirin rahimakumullah!
Puji sinareng
syukur urang sanggakeun ka Allah Subhānahu wa Ta’āla. Kalayan
katangtosan ogé pitulung Mantenna
urang dugi kana sasih Dzulhijjah. Ahir taun 1442 H ayeuna ninggang kana sasih Agustus.
Pikeun nagara Indonésia aya hiji tanggal dina éta bulan anu nyajarah nyaéta
tanggal tujuh welas. Saperti anu kauninga éta téh mangsa mardékana Indonésia ti bangsa
deungeun taun 1945. Kiwari 76 taun geus karandapan éta kamerdékaan téh. Mung anu
jadi pertarosan: Naha urang bener-bener merdéka?
Sidang Jum’ah rahimakumulla!
Merdéka hartina
bébas tina jajahan, lésot tina tungtutan ogé teu katalian ku hiji pihak. Nu
dimaksud merdéka 76 taun pikeun nagara urang téh nya bébas dijajah
bangsa deungeun. Baheula mah rahayat dikekeyek ku Portugis, Walanda, Jepang ogé
Nagara Sekutu. Kiwari bébas teu dikakaya.
Éta anu
ngajajah keur pihak anu dijajah mah posisina téh musuh. Ari musuh pernahna nya
jadi lawan, ngancam ogé ngaruksak. Harta, nyawa, kahormatan jeung kabébasan
diruksak. Nu ngajajah tara bageur ka anu dijajahna, da puguh lawan. Upama katempo
bageur engké sok aya balukarna. Lamun kahayang ogé program anu ngajajah teu
diturut nya ancaman jeung tindakan lalim dilakukeun.
Musuh numutkeun
Islam henteu ngan wungkul anu katara ku indra. Sahenteuna aya dua musuh anu teu
katempo tapi aya dina diri, nyaéta hawa napsu ogé sétan. Hawa napsu mangrupa
syahwat kagoréngan anu nyangkaruk dina diri manusa. Ari sétan nyaéta makhluk
Allah SWT anu diijinan pikeun ngagoda jalma ti jero dirina. Dua musuh ieu
programna sarua ngajauhkeun jalma tina bebeneran. Ku sabab kitu tong anéh upama
jalma nalika boga kakuatan ogé kakawasaan sok ngekeyek anu séjén. Hal éta
dilantarankeun anu lalim ieu dijajah ku sétan atawa ku hawa napsuna. Sacara
pisik merdéka, tapi jiwana dijajah.
Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!
Urang salaku jalma iman tangtosna peryogi lésot tina sagala anu ngajajah. Sabada kitu kedah ngagunakeun
éta kamerdékaan
kalawan leres. Dina hal ieu urang kedah ngupayakeun jadi jalma anu dipingpin ku
Allah SWT. Mantenna ngadawuh dina al-Qur`an:
ٱللَّهُ وَلِيُّ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ يُخۡرِجُهُم مِّنَ
ٱلظُّلُمَٰتِ إِلَى ٱلنُّورِۖ وَٱلَّذِينَ كَفَرُوٓاْ أَوۡلِيَآؤُهُمُ
ٱلطَّٰغُوتُ يُخۡرِجُونَهُم مِّنَ ٱلنُّورِ إِلَى ٱلظُّلُمَٰتِۗ أُوْلَٰٓئِكَ
أَصۡحَٰبُ ٱلنَّارِۖ هُمۡ فِيهَا خَٰلِدُونَ ٢٥٧ﵞ
Nya
Allah anu mingpin jalma-jalma anu ariman, ngaluarkeun maranéhna ti anu poék ka anu caang, jeung ari jalma-jalma kupur mah anu
mingpinna téh Thaghut, anu ngaluarkeun maranéhna tinu caang ka anu poék.
Maranéhna téh ahli naraka turta baris langgeng di dinyana. (Q.S. Al-Baqarah
[2]: 256)
Numutkeun ieu ayat jalma anu iman dipingpin ku Allah SWT,
sarta jalma kupur dipingpin ku thaghut. Allah SWT nyaéta Pangéran Anu Murbéng Alam.
Ari thaghut nya satiap anu ngaleuwihi wates wangen saperti sétan, patékong
ogé anu nyasarkeun tina jalan bebeneran.
Allah SWT mingpin atanapi janten wali jalma anu iman. Mantenna ngaluarkeun jalma anu iman tina anu poék ka anu caang dina mangpirang-pirang tahapan. Kahiji, Allah SWT nyiptakeun jalma ogé nyayogikeun mangrupa-rupa bahan kahirupanana; kadua, Allah SWT maparin pituduh ku ngutus para Nabi ogé Rosul; katilu, Allah SWT maparin cahaya kayakinan ngaliwatan pamikiran dina narima dalil bebeneran; kaopat, Allah SWT maparin cahaya iman kana haté éta jalma; kalima, Allah SWT ngaping ku taopék nalika manusa usaha ngamalkeun élmuna; kagenep, Allah SWT mémérés urusan maranéhna, dalah dugi perkara anu maranéhna teu mampuh; katujuh, nalika nyanghareupan musuh Allah SWT ogé maparinkeun pitulung-Na; kadalapan, sawaktu di alam kubur, mahsyar ogé kiamat jalma anu iman diriksa ku Allah SWT; sarta anu kasalapan, Allah SWT nyalametkeun anu iman tina poékna naraka ku dilebetkeun ka surga-Na.
Ningal kana tahapan pangriksa ti Allah SWT di luhur kacida pisan leubeut, sampurna ogé antebna. Jalma anu iman dina satiap tahap kahirupan diaping ku Allah SWT. Di dunya ogé ahérat arMantenna ditangtayungan Pangéran Nu Maha Welas ogé Maha Asih. Kantun kumaha urang nempatkeun diri ngéngingkeun kawalian ti Allah SWT?
“Allah SWT maparin jaminan kamaslahatan sakabéh manusa. Ngan anu tiasa nyandak mangpaat sacara
paripurna mah nya jalma anu iman,” saur al-Razi. “Jalma anu iman ngadeukeutkeun
diri ka Pangéran arMantenna, ngajantenkeun Mantenna salaku wali, henteu
ngagentoskeun ogé nyarékatkeun
Mantenna sareng hiji hal ogé, nyaketan wali-wali Allah SWT, sarta ngamusuhan
musuh-musuh-Na,” numutkeun al-Sa’di.
Ciri nyalindungkeun diri kana kapamingpinan Allah SWT numutkeun
al-Sya’rowi mah nyaéta: kahiji, jalma anu iman kudu bener-bener iman ka
Allah SWT sarta kupur ka thaghut; kadua, ngajantenkeun Allah SWT anu pangcaketna;
katilu, margi mosisikeun diri caket ka Mantenna nya dina ngadu’a teu
kedah gogorowokan; kaopat, jalma anu iman ngaéstokeun timbalan Mantenna; kalima, jalma nu iman
hakékatna mibanda sumber anu sarua nyaéta Allah SWT, nya maranéhna ogé kudu
saperti anu hiji. “Satungtung maranéhna ngaku jalma iman nya teu dibenerkeun
paraséa
dina urusan kapamingpinan. Sabab maranéhna sakabéhna nyoko ogé gawé tina hiji iman, hiji sistem, hiji pendapat, hiji pagawéan ogé hiji gerakan,” kitu kasauran al-Sya’rowi.
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ
وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!
Kamerdékaan
paripurna nganteurkeun kana bebeneran ogé kasalametan. Sumber duanana anu hakiki
mah nya Allah SWT. “Naon anu dibawa ku maranéh?” Kitu pananya Rustum Panglima Pérsia. Nya Rib’i bin ‘Amir ngawaler: “Allah SWT ngutus
abdi sadaya. Allah SWT nyumpingkeun abdi sadaya kanggé ngaluarkeun jalmi anu ku
Mantenna dikersakeun tina ngabdi ka hamba supaya ngabdi ka Allah SWT. Tina
heumpikan dunya kana legana, tina kadoliman agama kana kaadilan Islam.” Jalma anu
iman ngupayakeun merdéka tina hawa
napsu ogé sétan. Kamerdékaanana
nyalametkeun dunya ogé ahérat.
اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ، وَشُكْرِكَ،
وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي
الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ