إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ
اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ
لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ
تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا
النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ
مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا
اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ
رَقِيبًا} {يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا
سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ
يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Ayeuna urang aya dina tahun 1443 H. Ieu hartosna seueur
nikmat anu dipaparinkeun ku Allah SWT ka urang sadayana. Dina pada kitu, jatah
umur urang ogé beuki ngurangan. Iwal jalma nu kasalahanna dihampura ogé tambah
kahadéanana anu bakal untung kacida. Muga-muga urang sadaya kalebet jalma anu nampi
kasalametan dunya ogé ahérat. Amin ya Rabbal’alamin!
Hadirin rahimakumullah!
Numutkeun ukuran normal moal aya jalma anu hayang
nukeuran kahadéan ku kagoréngan. Nyakitu deui pisahaeun jalmana anu bakal daék
dibawa kana kabinasaan. Tapi dina kanyataan kahirupan urang bakal loba ninggali
kajadianana. Malah, teu nutup kamungkinan diri urang sorangan anu pamolahna
saperti kitu.
Dina al-Qur`an
aya dawuhan Allah SWT anu
unggelna:
أَلَمۡ تَرَ إِلَى ٱلَّذِينَ بَدَّلُواْ نِعۡمَتَ ٱللَّهِ
كُفۡرٗا وَأَحَلُّواْ قَوۡمَهُمۡ دَارَ ٱلۡبَوَارِ ٢٨
Naha manéh
henteu nengetan jalma-jalma anu geus nukeuran ni`mat Allah kana kakupuran,
jeung merenahkeun kaomna dina kabinasaan. (Q.S. Ibrohim [14]: 28)
Ieu ayat 28
dina Surat Ibrohim jelas pisan maréntah urang pikeun merhatikeun ayana jalma anu nukeuran
ni`mat Allah SWT kana kakupuran. Teu cukup sakitu, éta jalma téh satuluyna
nempatkeun kaomna dina kabinasaan. Geus cilaka dirina ditambah nyababkeun
kabinasaan anu séjén.
Sidang Jum’ah rahimakumullah!
Ni`mat
numutkeun al-Ragib nyaéta kaayaan anu hadé. Kahirupan urang di ieu dunya aya
dina cangkingan sareng pangriksa Allah SWT kalawan kéwes. Mantenna nyiptakeun
urang dina wanda anu panghadéna, dibekelan ku alat ogé bekel anu samakta, sarta
hirup ogé hurip anu éndah jeung sugih. Dina ieu hal teu aya bédana antara jalma
anu iman ogé anu kupur. “Ku lantaran (Allah) nangtayungan bangsa Quraisy.
(Nyaéta) nangatayungan maranéhna dina keur nyanyabaan usum ngijih jeung usum
halodo. Ku kituna maranéhna kudu aribadah ka Pangéran ieu imah (Ka’bah); anu
maparin dahareun ka maranéhna keur ngaleungitkeun lapar turta ngaraksa
maranéhna tina kasieun,” kitu dawuhan Allah SWT dina al-Qur`an Surat Quraisy.
Sajaba nikmat
kahirupan dunya nya Allah SWT ngawuwuh jalma ku pituduh. Mantenna ngutus
saurang Rosul. Ka kaom Quraisy diutus Nabi Muhammad SAW. Ieu Nabi diutus pikeun
ngawawarkeun sagemblengna Pangéran Nu Murbéng sadaya alam sareng tata cara
ibadah ka Mantenna. Tapi, kalolobaan maranéhna nolak. “Jeung maranéhna nyarita: ‘Upama kaula saréréa nurut kana pituduh
bareng jeung andika, kaula baris diculik ti nagri kaula saréréa.’ Padahal, naha
lain Kami geus maparin padumukan tanah suci anu aman ka maranéhna, anu ka dinyana
dibawa rupa-rupa bubuahan rejeki ti Kami. Tapi kalolobaan maranéhna henteu
nyarahoeun.” (Q.S. Al-Qashash [28]: 57).
Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!
Ieu urang kapir
Quraisy nolak Rasulullah SAW. Padahal éta diutusna Rasul téh ni`mat anu kacida
pisan ageung ogé agung. Ieu Rasulullah SAW utusan Allah sareng Pamungkasna
Nabi-nabi. Anjeunna téh rahmat kanggé sadaya alam. Ajaranana ni`mat kanggo
sadaya jalma. Sakuliahing dunya nepi ka Kiamat bakal aya anu ngagemna. Di
sajumlah tempat ogé mangsa teu weléh bakal aya anu nuturkeunna. Aturanana
kanggé ngahontal mangpirang-pirang kahadéan ogé kasalametan di dunya sarta
ahérat. Maka nolakna ka Rasulullah SAW ieu hartosna nukeuran ni`mat Allah SWT kana
kakupuran.
Teu cukup kitu.
Éta jalma-jalma anu nukeuran ni`mat Allah SWT téh mawa ogé anu séjén. Malah diusahakeun
sakabéhna biluk jeung maranéhna. Jalma anu ngajak ngaganti ni`mat Allah SWT mimitina
talobéh tina uswah. Ku sabab manéhna nolak Rasulullah SAW nyaéta
jalma nyonto anu séjén. Sabada nyonto ka anu teu bener nya syahwat bakal
deukeut jeung kahirupan manéhna. Antukna maranéhna ngalakukeun kakaliruan.
Nalika jiwa talobéh tanwandé bakal ngalakukeun maksiat. Remenna kamaksiatan
dilakukeun jadi conto kagoréngan pikeun anu séjén. Malah, dina hiji mangsa mah
lain ngan ukur mawa batur sacara alami, tapi ngahaja nyebar, nyébor ogé
nyuburkeun kakupuran. Ieu anu dina ayat di luhur disebut “jeung merenahkeun
kaomna dina kabinasaan.”
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ
وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!
“Jeung merenahkeun kaomna dina kabinasaan.” “Merenahkeun” ieu tarjamah tina aḥalla. Kecap aḥalla asalna tina ḥalla anu ngandung harti halal, eureun, cicing, nempatkeun,
keuna, tetep ogé ngaleupaskeun. Ari harti aḥalla dina
al-Munawwir diterjemahkeun ku ngahalalkeun, nempatkeun ogé ngawajibkeun. Dumasar
kana tarjamah kamus éta urang bisa nyukcruk tahap anu karandapan ku jalma anu
merenahkeun kaomna dina kabinasaan. Tahapna téh ngahalalkeun, nempatkeun ogé
ngawajibkeun.
Ieu jalma anu
nukeurkeun ni`mat Allah SWT bakal boga pamadegan halal atawa meunangna nukeuran
ni`mat Allah SWT ku kakupuran. Léngkah anu kadua, nyaéta jalma boga kahayang pikeun
nempatkeun dirina dina perkara kakupuran. Tingkat akhir, ieu jalma geus boga
prinsip, yén sakuduna ngapimilik kakupuran. Kakupuran wajib diwujudkeun. Nalika
bisa kahontal ku dirina sorangan nya manéhna, sacara langsung atawa henteu,
sadar teu sadar, dihaja atawa sakasampeurna, mawa anu séjén. Ieu geus merenahkeun
kaomna dina kabinasaan.
Sawatara waktu ka tukang aya kajadian anu
ngageunjleungkeun nagara urang. Dasar Nagara anu disebut Pancasila rék dirobah. Ngarobahna lain ka anu leuwih hadé. Lima sila anu
aya diperes jadi tilu, tungtungna jadi hiji. Pancasila, jadi trisila ogé ékasila. Éta trisila ogé ekasila téh ngaleungitkeun sila
kahiji, Ketuhanan Yang Maha Ésa. Éta sila rék
diganti ku Ketuhanan Yang Berkebudyaan. Pangéran diuger ogé disengker ku
budaya. Ieu hartina agama ogé Pangéran dikasisikeun, kumaha budaya anu aya. Ieu
kaasup merenahkeun
kaomna dina kabinasaan. Na’udzu bi Allah...!
اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ، وَشُكْرِكَ،
وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي
الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ
DR. H. Yusup Tajri, M.Pd. (Déwan Redaksi Bina Da’wah) Bina Dakwah Nomer 492, 2021