Serial Ki Udin:
MAJU JURANG MUNDUR
JUNGKRANG
“Geus 76 taun nagara
urang merdéka tina kungkungan Asing
terah Kulon. Ari Kang Adun jeung Jang Odon kumaha rarasaan hirup kiwari?” Tara-tara Ki
Udin muka wangkongan.
“Nya ari sa-Akangeun mah
rarasaan téh biasa wé Ki, aman tur tengtrem. Duka teuing pedah hirup di lembur
sorangan meureun, boga rasa teu perelu loba anu dipikahariwang.” Témbal Kang
Adun.
“Ari Jang Odon kumaha?”
Cék Ki Udin.
“Sanaos di lembur
sorangan atanapi di nagri sorangan kanggo abdi mah asa aya waé kahariwang téh
Ki. Utamina mah dina perkara-perkara kaagamaan sareng kaayaan lemah-cai.”
Témbal Jang Odon.
“Contona naon jeung
kumaha, Don?” Cék Ki Udin.
“Aki langkung uninga,
kumaha kaayaan nagara urang sareng anu ngurus nagara urang kiwari. Malih apan
sasih kamari, salah saurang anu nuju nyepeng kakawasaan di nagara urang
ngangken éksisténsina agama Baha’i
sagala.” Témbal Jang Odon.
“Anu karasa ku Aki mah kiwari
téh asa hirup di alam naooon boa. Boa-boa di alam komunis-athéis meureun. Jalma-jalma
bener ditéror, mangkeluk-mangkeluk gejul dipiara. Komunis meuweuh, Liberal maceuh,
Kristen teu reureuh, Syi’ah motah. Si Waduk beuki ngajarago, narulak cangkéng
dina punduk. Beuki ngagalaksak mareulian tanah. Sisi-sisi walungan,
sawah-sawah, situ-situ, gunung-gunung, ka gawir-gawir dibareulian ti rahayat
anu diwing-iwing ku duit gedé, ku harega mahal. Geus puguh di kota-kota, di
sisi-sisi jalan gedé mah, ti baheula sok sanajan teu lalega dipertahankeun ku
maranéhna. Geus dipimilik ku maranéhna mah, cadu bisa kapimilik deui ku bangsa
urang. Ngajual tanah ka maranéhna mah sarua jeung ngajual nagara.” Cék Ki Udin.
“Dina perkara lemah atawa
tanah mah angger wé sawaréh bangsa urang anu salah Ki.” Cék Kang Adun.
“Lepat kumaha Kang Adun?”
Cék Jang Odon.
“Sawaréh bangsa urang,
utamana anu baroga tanah lega, teu baroga kapribadian jeung parondok uteuk, Don.
Tolol jeung belegug dipiara. Sologoto jeung boloho diingu. Padahal apan geus 76
taun nagara urang merdékana téh. Da mun boga kapribadian jeung
uteukna mencar mah moal daék ngajualan tanah ka bangsa deungeun. Malah cék
Akang mah jalma kitu téh bisa disebut hianat ka bangsa sorangan. Pan ceuk Aki
ogé, bangsa deungeun mah mroduksi plastik, nyieunan mobil téh, pikeun meulian
tanah. Ari sawaréh bangsa urang alias para penghianat bangsa mah mareulian
mobil hasil tina ngajualan tanah. Tanah mah moal buruk moal ruksak Don. Barang
pageuh amanah ti Alloh SWT. Mobil mah lima taun bisa ruksak. Akang wani
nyarita, ngan jalma-jalma sologoto jeung boloho anu kolu ngajualan tanah ka
bangsa deungeun mah. Nu ngidinanna sologoto, anu ngajual tanahna boloho alias
belegug. Tanah geus dipimilik bangsa deungeun mah sarua jeung dikawasa. Bangsa
urang mah can tangtu bisa meuli tanah di nagara batur. Bakat ku nyaah ka
turunan batur mah mareulian tanah di nagara urang téh. Ari bangsa urang bet sabalikna, kawas anu teu nyaah
ka turunan!” Témbal Kang Adun rada émosi.
”Paingan saur Aki ti
payun, upami kaperyogian sadidinten tos dikawasa ku deungeun, lajeng tanah tos
dipimilik ku deungeun, aturan tos aya ulubiung deungeun, éta tandana urang dikawasa
deungeun. Teu mustahil sakedap deui kakawasaan ogé aya dina cangkingan
deungeun.” Cék Jang Odon daria.
“Bandungan wé geura saban
poé dina WA. Saban poé bangsa deungeun abrul-abrulan arasup ka nagara urang,
bari geus moal bisa dicegah, da geus dibéré ‘angin segar’ ku anu keur ngawasa
kiwari. Geus lain rébuan jalma deui, tapi jutaan boa. Jeung deui, mun dipikir, da
asa teu salah-salah teuing maranéhna, da maranéhna daratang ka dieu téh apan
nyalampeurkeun baraya-barayana anu geus ti baheula ngajaredog di nagri urang.
Lahan anu meunang mareulian ti para penghianat bangsa pikeun ngajaredog
maranéhna geus disadiakeun ku baraya-barayana. Pon kitu deui lahan pagawéan
geus disadiakeun ku baraya-barayana. Anu dipikahariwang ku urang taya lian
maranéhna mawa idiologi anu
pasalia jeung agama urang. Maranéhna geus lain usireun, da lain kawas Walanda atawa Jepang
baheula. Walanda jeung Jepang mah ukur butuh ku hasil bumi wungkul ti nagri
urang téh. Ari maranéhna mah butuh jeung tanahna. Sabagian gedé tanah di urang geus
dibeulian ku maranéhna sarta jadi milik maranéhna. Mun landeuh geus béak ku
maranéhna, bangsa urang aya bahan ka tonggoh ka gunung, bari gunung-gunung ogé
sawaréh geus anu maranéhna. Teu mustahil hiji waktu mah bangsa urang anu diusir
ku maranéhna. Maranéhna geus lain lawaneun, da dina
ngalawanna ogé sarua jeung pacikrak ngalawan merak. Lamun ngalawan maké
pakarang, pakarang naon. Katepél waé teu boga apan bangsa urang mah. Bisa
disebut maju jurang mundur jungkrang kawasna urang téh.” Cék Ki Udin.
“Kajabi upami aya
kaajaiban ti Alloh SWT nya Ki?” Cék Jang Odon.
“Urang ogé teu apal,
boa-boa maranéhna anu ngajaredog sisi-sisi jalan gedé téh baroga pakarang, Don.”
Cék Kang Adun.
“Allahu ‘alam.” *** BD 491