Cék Inohong: ISLAM JEUNG KAMERDÉKAAN

Cék Inohong: ISLAM JEUNG KAMERDÉKAAN

H. Suryawan, M.Pd. (Déwan Redaksi Bina Da’wah)

MANGSA pindahna Abad XIX ka Abad XX, Islam di Indonesia idéntik jeung kabangsaan anu majuangan kamerdekaan. Harita jalma anu ngagem ajaran Islam sok digolongkeun pribumi atawa bumi putra [inlander]. Sarua waé asalna ti Malayu, Jawa, Sunda atawa tempat séjénna. Urang Batak atawa China di Sumatra anu agamana Islam sok disebut ngarobah kabangsaannya jadi Malayu. Di Jawa sakum anu agamana Islam sok disebut wong selam, urang Islam. sabalikna, Barat atawa Walanda disajajarkeun jeung Kristen. Bangsa pribumi anu nyakolakeun anak-anakna ka sakola-sakola Walanda atawa sakola Malayu/Jawa anu dijieun ku Pamaréntah Walanda sok dianggap ngajurungkeun anak-anakna asup agama Kristen. Ngaidéntikkeun Kristen ka Bangsa Barat penjajah harita mah geus lumrah. H. Agus Salim ngajelaskeun hal éta dina Koran Hindia Baroe, 9 Januari 1925, “Syahdan bagi bangsa Jawa, bagi bangsa Hindia umumya, adalah agama yang menjadi asas paham kehidupan dan pemandangan dunianya itu agama Islam, yang senyata-nyatanya agama itu berkelindan [berjalin] dengan bangsa kita dan dengan perasaan kebangsaan kita.  Agama itu timbul dan tumbuh dalam  bangsa kita sendiri, dengan tidak lebih dari seorang dua orang luaran yang menjadi penghubung dengan negeri asal agama itu, seolah-olah mereka datang sekedar menanamkan benih atau bijinya”. [Panitia Buku Peringatan Seratus Tahun H. Agus Salim, 1984; 292].



Agus Salim ngajéntrékeun, yén datangna Islam ka Nusantara béda jeung Hindu atawa Kristen. Agama Hindu sumebarna ka pisah jeung nagara asalna. Kitu ogé Kristen datangna ka Nusantara jadi agama kaom penjajah anu dijadikeun dunungan ku kaom pribumi. Demi Islam datang  teu dibawa ku jalur penjajahan. Urang pribumi sukaréla asup agama Islam kadituna jadi binih anu meungkeut perjuangan. Ringkesna agama Islam jadi agama sabangsa malah agama kabangsaan. Teu héran nalika lahir Sarékat Islam dirojong ku sakumna rahayat pribumi jadi salah sahiji partéy anu aya pangaruhna harita. Cindek na Islam anu jadi roh perjuangan rahayat Indonésia ngarebut kamerdékaan ti bangsa penjajah.

Kacatet dina sajarah anu ngadorong sumanget rahayat Indonésia ngusir penjajah lain saukur sumanget kasukuan atawa ashabiyah, tapi lahir tina dorongan kaimanan. Prinsip perjuangan harita kagambar ku babasan hubbul wathon minal iman [nyaah ka lemah cai salah sahiji ciri kaimanan], ngagerakkeun kaum Muslimin di mana waé ayana ngalawan ngusir panjajah. Kaom ibu ngadorong salaki tur anak lalakina mawa pakarang pikeun Jihad ngabéla agama tur lemah cai anu dipimpin ku ulama jeung para santri nepika ngawujud laskar Hisbullah jeung Sabilillah. Hizbullah anu hartina tentara Alloh mangrupakeun kumpulan para pemuda Islam jeung santri-santri pasantrén, anapon sabilillah kumpulan para ulama anu majuangkeun mingpin laskar-laskar Hizbullah.

K.H. Zaénal Mustopa pahlawan nasional ti Tasik nalika dibui kungsi aya anu nanya ka anjeunna naon alesan na bet ngalawan penjajah. Anjeunna ngawaler, “Teu panuju kana kawijakan Walanda anu ngaistiméwakeun jalma Kristen tur nganyenyeri dulur saiman. Nu kadua angkat senjata ngalawan Jepang ku lantaran Jepang ngawajibkeun sakumna rakyat Indonésia ngalakukeun Seikerei” [Seikeria yaitu sikap membungkuk ke arah timur di pagi hari sebagai penghormatan terhadap Kaisar Jepang (Tenno Haika). Tidak hanya sebagai penghormatan. Seikerei juga sebagai pengakuan bahwa Kaisar Jepang adalah keturunan "Dewa Matahari" (Ameterasu). Dalam ajaran Islam tindakan itu berarti musyrik]. Dua alasan ieu anu jadi dasar perjuangan K.H. Zaénal Mustopa jeung para santri-satrina ngalawan penjajah.

Kitu ogé résolusi jihad Hasyim Asy’ari tokoh NU anu harita anggota partai Masyumi ngobarkeun sumanget jihad kaum Muslimin di Surabaya pikeun ngusir Walanda jeung sekutu balik deui ngajajah Indonésia. Ucapan takbir Bung Tomo matih ngahudangkeun sumanget antukna Jéndral Walaby anu mimpin Sekutu  paéh ku pejuang Indonesia. Tur anu tong dipohokeun ku bangsa Indonésia saenggeus Indonésia merdéka tahun 1945 terus pabureuncay deui balukar cara licik Walanda hayang balik deui ngajajah Indonésia alatan jasa Allohu Yarham M. Natsir tanggal 3 April 1950 ngahijikeun deui bangsa Indonésia ku Mosi Integralna jadi Nagara Kesatuan Republik Indonesia [NKRI]. Jadi salah badag mun aya jalma jegud di nagri ieu anu nyebut umat Islam deuk ngancurkeun NKRI. Jalma modél kitu mah tuna sajarah. *** (Ki Udin/BD 491)


Artikel Bahasa Sunda : Islam dan Kemerdekaan

Lebih baru Lebih lama