SILA KAHIJI
Cék Inohong:
H. M. Daud Gunawan, S.E.
TUJUH welas Agustus taun ieu téh panceg 76 taun nagri urang merdéka, lésot tina
kungkungan atawa jajahan bangsa deungeun. Ari tujuan kamerdékaan téh kacida mulyana.
Salah sahijina nyaéta ngawangun manusa anu raharja lahir katut batin. Ku sabab
kitu, jalma-jalma saheulaeun urang, ti sakabéh kolompok masarakat anu aya di
nagri urang harita sapuk, yén pikeun ngawangun bangsa urang sangkan raharja téh
kudu dumasar kana lima sila dina Pancasila téa.
Upama urang nénjo hasil tina pangwangunan
bangsa urang ti taun kahiji nepika kiwari, kapireng ku urang, yén anu diwangun
téh aya dina kakaliruan. Kuduna mah apan ngawangun manusa. Ku sabab kitu dina
awal-awal Orde Baru aya istilah “membangun manusia seutuhnya”, ngawangun
manusa sagemblengna, jasmanina katut rohanina, pisikna katut méntalna. Laju
kiwari aya istilah “pembangunan SDM”, pangwangunan Sumber Daya Manusa.
Ari kakaliruanna taya lian, urang lésot tina
dadasar kahiji dasar nagara urang. Urang lésot tina Ketuhanan Yang Maha Esa.
Buktina, upama urang merhatikeun hasil pangwangunan SDM mémang aya paningkatan.
Taun 1945-1950 néangan insinyur atawa sarjana séjénna téh apan hésé, da saeutik.
Komo S2-S3 mah langka kénéh. Tapi palinter sarjana harita mah. Ari kakaliruan
urang kiwari taya lian ku sabab urang mentingkeun teuing pangwangunan fisik.
Memang pangwangunan fisik téh perelu. Tapi
anu ngagunakeun, ngamangpaatkeun sarta ngarasakeun genahna mah apan manusa.
Tapi lamun manusa teu bisa ngamangpaatkeunna kalawan bener, nya baris jadi
musibah. Ku sabab kitu, ku urang kabandungan ti mimiti merdéka nepi ka kiwari
teu saeutik musibah anu tumiba ka nagri urang, ka bangsa urang. Kaasup musibah
ayana sasalad virus corona, Covid-19 anu keur mahabu kiwari.
Covid-19 anu geus lumangsung ampir dua taun. Anu
balukarna lain ukur tumiba kana hiji atawa dua pasua’alan, tapi ngabaud kana
sagala urusan kapentingan kahirupan manusa. Sabab pakait jeung nyawa manusa
katut pakait jeung virus anu teu katénjo ku mata buncelik. Anu ngan kanyahoan
ku élmu, bari éta ogé teu lésot tina kalemahan. Ngaranna ogé élmu. Bisa waé
dina poé ieu virus téh jenis naon, isuk pagét jadi jenis naon, urang teu nyaho.
Dina ngungkulan Covid-19 mémang geus alus,
ngan ngandelkeun teuing fisik deui, élmu deui. Ngan ngandelkeun anu kitu. Teu
yakin kana aya pakaitna jeung sila kahiji Pancasila, Ketuhanan Yang Maha Esa.
Conto, dina basa komunikasi waé jalma teu sadar. Jalma anu ngokolakeun nagara
teu sadar, yén basana kaliru, ngomongna kaliru. Umpamana, “Mari kita lawan
virus corona!” Kumaha arék ngalawan virus. Anu nyipatakeun virus téh apan aya,
nyaéta Sila Kahiji téa.
Pikeun Muslim Sila Kahiji téh apan Allah SWT.
Pikeun Muslim Alloh mah sagala-galana. Salian ti Anu Kawasa, Anu Nyipta ogé Anu
Ngatur. Ari kasalahan manusa, bisa waé tumiba. Umpamana bocor itu, bocor ieu,
jadi panyakit, bisa waé. Tapi tetep Alloh Anu Nangtukeun. Ku sabab kitu, salila
76 taun téh kudu ‘diuji ulang’, nepika mana jalma bener-bener nyarita, yén
manéhna téh Pancasilais. Boa-boa anu kiwari ngomong Pancasilais téh saperti anu
ngomong dina taun 1965.
Dina taun 1965 mah apan anu ngomong
Pancasilais téh jalma-jalma Komunis anu baruntak. Boa-boa kitu kiwari ogé. Nya
balukar tina sagala pasualan éta tumibana musibah téh. Cék ulama mah kana
musibah téh aya anu nyebut tegoran aya ogé anu nyebut ujian. Tegoran pikeun
jalma-jalma anu teu percaya atawa cangcaya kana Sila Kahiji Pancasila. Ari
ujian mah pikeun jalma-jalma anu yakin kana Ketuhanan Yang Maha Esa, Sila
Kahiji Pancasila. *** (Ki Udin/BD Nomer 491)