Pedaran | Artikel Bahasa Sunda:
SALAWASNA TAKWA
Ku: Ibnu Dana
TAKWA nyaéta ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh SWT sarta ngajauhan sagala anu dilarang ku Mantenna. Naon waé anu ku Alloh SWT kudu dilaksanakeun ku urang salaku jalma anu iman tur Islam, nya urang ulah eureun neuleuman élmu bagbagan agama Islam. Islam anu sumber hukumna Al-Qur’an tur dilengkepan ku Hadits Rosululloh SAW mawa manusa kaluar tina kapoékan hirup kana cahya béngras anu sumirat. Nya pon kitu deui sangkan apal kana saban perkara anu dilarang ku Alloh SWT urang téh kudu apal naon waé, nya dumasar kana cegahan-cegahann Alloh SWT anu aya dina dawuhan-na dina Al-Qur’an.
Beuki jero neuleuman élmu agama Islam kaom Muslim bakal apal naon waé anu diparéntah jeung naon waé anu dilarang. Mun geus apal kana éta hal nya kudu buru-buru dilakonan. Misalna Alloh nitah urang ngaluarkeun zakat, ari geus cumpon nisab jeung haul, ulah diengkékeun deui. Sabab éta téh kudu dilaksanakeun salah sahiji bukti yén diri téh takwa. Contoh lianna Alloh SWT ngalarang urang ngonsumsi arak, ka anu sok nginum éta inuman ari geus apal yén éta téh dicegah nya kudu eureun.
Naon anu diparéntah jeung naon anu dilarang ku Alloh SWT éta téh pikeun kamaslahatan manusana. Atuh palaturan Alloh SWT ngeunaan anu kudu dilakonan ku manusa jeung anu dicegah éta téh teu keuna ku usum-usuman. Béda jeung palaturan beunang jalma, ayeuna dititah bisa jadi isuk jaganing pagéto mah dicaram. Atawa perkara anu ayeuna dicaram saha anu apal isuk jaganing pagéto mah dibaékeun. Nu haram jadi halal, anu halal jadi haram.
Takwa ka Alloh SWT kudu tumetep dina jiwa urang salila hirup, salila aya kénéh nyawaan. Ulah takwa téh keur di masjid wungkul, ari geus kaluar ti masjid kalah balik deui kana kamaksiatan. Dina keur kumaha waé ogé takwa kudu salawasna dipimilik. Sok aya manusa ari keur tunggara mah mani leukeun ibadah téh, ngadu’a teu petot-petot, ari geus jadi jalam suksés mah lat poho ka Anu Maha Kawasa. Poho kana ibadah.
Dina hadits anu diriwayatkeun ku Al-Hakim jeung Al-Baihaqi ditétélakeun:“Tarakwa aranjeun ka Alloh dina kaayaan bungah atawa tunggara.”
Kangaranan manusa sok aya kalana milampah dosa boh anu dihaja atawa henteu. Ulah jadi peunggas harepan, Alloh SWT mah lautan hampura, pék taubat ka Alloh SWT kalayan anu enya-enya taubatna. Kasalahan anu geus dipilampah dina mangsa ka tukang-tukang pupus ku ngaronjatkeun takwa, ku ngalobakeun kahadéan. Nabi SAW ngadawuh dina hadits anu diriwayatkeun ku At-Tirmidzi: “Pék tarakwa aranjeun ka Alloh dimana waé aranjeun ayana, jeung barengan pagawéan goréng ku pagawéan hadé, tanwandé éta kahadéan téh baris mupus kana pagawéan goréng, jeung pék hirup kumbuh jeung papada manusa kalayan ahlak anu hadé.”
Mun hiji jalma geus ngabogaan takwa anu sahadé-hadéna bari di mana waé, keur kumaha waé, tanwandé bakal nyiptakeun masarakat anu sieun ku Alloh SWT. Nu salawasna nohonan sagala anu diparéntahkeun-Na tur nyingkahan sagala nu dilarang-Na. Atuh di masarakat téh bakal kasinglar tina rupa-rupa panyakit sosial anu salila ieu nyaliara tur matak ngaganggu kana katingtriman masarakat. ***