Aweuhan Mimbar:
Khotib : DR. H. Yusup Tajri, M.Pd.I.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)
KHUTBAH BAHASA SUNDA : KASEMPETAN ROMADLON
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَاّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ.
{يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ} {يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا} {يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا} أما بعد:
Hadirin rahimakumullah!
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Subhānahu wa Ta’āla. Kalayan katangtosan ogé pitulung Mantenna urang dugi kana sasih Sya’ban 1442 H. Seueur pisan ni`mat anu dipaparinkeun ka urang sadaya. Muga-muga urang tiasa syukur sasaé-saéna. Urang ogé nyuhunkeun ka Mantenna supados nyabut balai anu tumiba ka umat Islam. Aamiin ya Rabbal’alamin.
Hadirin Sidang Jum’ah rahimakumullah!
Upama urang lebet sasih Sya’ban hartosna caket kana Romadlon. Tamat Sya’ban langsung Romadlon. Upami disebat Romadlon urang bakal émut kana pirang-pirang kaistiméwaanna. Hadits nguningakeun:
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "إِذَا كَانَ أَوَّلُ لَيْلَةٍ مِنْ شَهْرِ رَمَضَانَ صُفِّدَتِ الشَّيَاطِينُ، وَمَرَدَةُ الجِنِّ، وَغُلِّقَتْ أَبْوَابُ النَّارِ، فَلَمْ يُفْتَحْ مِنْهَا بَابٌ، وَفُتِّحَتْ أَبْوَابُ الجَنَّةِ، فَلَمْ يُغْلَقْ مِنْهَا بَابٌ، وَيُنَادِي مُنَادٍ: يَا بَاغِيَ الخَيْرِ أَقْبِلْ، وَيَا بَاغِيَ الشَّرِّ أَقْصِرْ، وَلِلَّهِ عُتَقَاءُ مِنَ النَّارِ، وَذَلكَ كُلُّ لَيْلَةٍ" (الترمذي)
Katampi ti Abu Hurairah rhadhiyallāhu ‘anhu. Anjeunna sasauran, “Rasulullah shallallāhu ‘alaihi wa sallam ngadawuh, ‘Upama di awal wengi sasih Romadlon nya sétan ditalian, nyakitu deui jalan-jalan jin; ditutup panto-panto naraka, teu dibuka hiji panto ogé; dibukakeun panto surga, teu ditutup hiji ogé; sarta aya anu ngagero: ‘Yeuh anu biasa kana kahadéan geura nyanghareup ogé anu tukang kana kagoréngan geura eureun! Kanggé Allah aya jalma-jalma anu dimerdékakeun tina naraka, éta téh saban wengi.” (H.R. At-Tirmidzi)
Ibnu Rojab rahimahullah nguningakeun yén kaistiméwaan amal téh alatan tilu hal. Kahiji, Ku sabab tempat. Salat di Masjid Al-Haram ogé Masjid An-Nabawi pahalana langkung ageung. Kadua, ku sabab anu ngalakukeunna, nyaéta anu langkung caket ogé takwa ka Allah SWT. Sapertos dilipetkeuna pahala umat Islam dibanding umat sateuacana; anu katilu ku sabab waktu. Sapertos kaistiméwaan Romadlon ogé Dzul Hijjah.
Dumasar hadits di luhur sasih Romadlon ngapimilik opat kaistiméwaan. Ditambih katerangan sanés mah seueur pisan. Diantawisna sasih Romadlon téh diwajibkeunna shaum sasasih, bulan dilungsurkeunna al-Qur`an sareng kitab sanésna, bulan tarawéh, dipupusna dosa, kadermawanan ogé asih ka anu séjén, dibuka panto langit, dibuka panto surga, ditutup panto naraka, dibuka panto rahmat, dimerdékakeunna tina naraka, bulan atikan, bulan syukur, bulan sabar, ayana kasaruaan, bulan al-Qur`an, du’a mustajab, dilipetkeun pahala, ditalianna sétan, ngalimpahna kauntungan pikeun Mu’min, siksaan pikeun anu dosa, ampunan pikeun anu shaum, anu qiyamullail ogé anu ngéngingkeun lailat al-Qadar, ngadidik kahoyong/iradah, ngadidik kamulyaan ahlak, umrah sababad haji, atikan masarakat, lailat al-Qadar, i’tikaf, buka shaum teu sarua jeung buka shaum séjénna ogé ayana zakat Fitrah.
Ma’asyiral mu`minin rahimakumullah!
Leubeut ogé mundel pisan kautamian Romadlon téh. Kaistiméwaanna moal kabanding ku sasih sanésna. Orokaya, teu satiap jalma apal, yakin, katarik ogé soson-soson ngahontalna. Antukna kasempetan Romadlon téh dimomorékeun.
Kasempetan tiasa dihartoskeun aya waktu, luang ogé kalaluasaan. Kamungkinan pikeun ngahontal éta tandana aya kalaluasaan. “Katinggaleun leuwih beurat batan maot. Kaliwat mah pegat tina bebeneran, ari maot mah pegat ti mahluk,” kitu kasauran Yahya bin Muadz al-Razi.
“Poé téh aya tilu: kamari anu geus kaliwat, isuk anu can puguh ogé poé anjeun ieu. Ku sabab kitu kudu soson-soson dina ieu poé,” kitu kasauran salah sawios Ulama. Kamari, isuk ogé ayeuna téh nuduhkeun kana waktu anu ngait ka jalma. Tapi anu aya kasempetan dipaké mah nya anu ayeuna. Kalebet waktos Romadlon. Aya anu kamari, anu payun ogé anu ayeuna. Ku margi kitu urang kedah ngamangpaatkeun Romadlon anu ayeuna sangkan teu kaduhung jagana.
بارك الله لي ولكم ....
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ، وَبَعْدُ:
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah!
Dina hadits diuningakeun:
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ، قَالَ دَخَلَ رَمَضَانُ، فَقَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: «إِنَّ هَذَا الشَّهْرَ قَدْ حَضَرَكُمْ، وَفِيهِ لَيْلَةٌ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ، مَنْ حُرِمَهَا فَقَدْ حُرِمَ الْخَيْرَ كُلَّهُ، وَلَا يُحْرَمُ خَيْرَهَا إِلَّا مَحْرُومٌ» (ابن ماجه)
Katampi ti Anas bin Malik RA, anjeunna sasauran, “Romadlon parantos sumping nya Rasulullah shallallāhu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: ‘Satemenna ieu bulan geus datang ka maranéh. Di dinya aya hiji peuting anu leuwih hadé batan sarébu bulan. Sing saha anu diharamkeun tina éta peuting nya manéhna geus diharamkeun kahadéan sakabéhna ogé teu diharamkeun kahadéanana kajaba anu dihalangan.” (H.R. Ibnu Majah)
Hadits ieu écés nguningakeun yén dina Romadlon aya hiji wengi anu langkung saé batan sarébu bulan. Wengi éta disebatna Lailat al-Qadar. “Amal anu dilakukeun dina éta wengi langkung saé batan sarébu bulan. Ieu mangrupa perkara anu janten hémeng jalma anu boga pikiran ogé takjub anu boga akal. Hal ieu ku margi Allah Tabaroka wa Ta’ala parantos maparin anugerah ka ieu umat Islam anu lemah ku kakuatan ogé kakokohan. Anugerah éta nyaéta hiji wengi anu sabanding malah langkung saé batan sarébu bulan. Ieu téh ukuran umur hiji jalma anu kacida panjangna nyaéta langkung ti dalapan puluh tilu taun,” kitu saur al-Sa’di.
“Sing saha anu diharamkeun tina éta peuting nya manéhna geus diharamkeun kahadéan sakabéhna,” nyaéta ieu jalma diharamkeun tina kanyaah sareng taopék Allah SWT, sarta dihalangan tina ta’at ogé ngalaksanakeunna. Ieu dikawitan ku kaliwatna salat Isya dina éta wengi. “Pon kitu deui teu diharamkeun kahadéanana kajaba anu dihalangan,” nyaéta jalma nu teu boga nasib hadé dina kabagjaan. Kitu syarah hadits éta dina Syuruh Sunan Ibnu Majah.
Rasulullah shallallāhu ‘alaihi wa sallam soson-soson pisan dina Romadlon. Di satiap Romadlon ajeunna i’tikaf. Satiap ahir Romadlon anjeunna ngaronjatkeun ibadah. Ieu teu aya sanés iwal ti kanggo ngéngingkeun kautamian éta sasih.
Mugia urang sadaya tiasa nyandak mangpaat saageung-ageungna tina éta Romadlon.
اللَّهُمَّ أَعِنِّي عَلَى ذِكْرِكَ، وَشُكْرِكَ، وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ