Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allóh Anu Maha Ghofur, anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat ka urang sadaya. Boh ni’mat iman jeung Islamna, boh ni’mat kaséhatan jeung kasempetan pikeun berjama’ah sholat Jum’at di ieu masjid dina ieu dinten.
Khutbah Jumat Bahasa Sunda :
Judul : HURIP HIRUP ANU HADÉ
Khutbah Jumat Bahasa Sunda :
Judul : HURIP HIRUP ANU HADÉ
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.
يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
يَاأَيّهَا النَاسُ اتّقُوْا رَبّكُمُ الّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيْرًا وَنِسَاءً وَاتّقُوا اللهَ الَذِي تَسَاءَلُوْنَ بِهِ وَاْلأَرْحَام إِنّ اللهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا
يَاأَيّهَا الّذِيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْلَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا، أَمّا بَعْدُ …
فَأِنّ أَصْدَقَ الْحَدِيْثِ كِتَابُ اللهِ، وَخَيْرَ الْهَدْىِ هَدْىُ مُحَمّدٍ صَلّى الله عَلَيْهِ وَسَلّمَ، وَشَرّ اْلأُمُوْرِ مُحْدَثَاتُهَا، وَكُلّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةً، وَكُلّ ضَلاَلَةِ فِي النّارِ.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allóh Anu Maha
Ghofur, anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat ka urang sadaya. Boh ni’mat
iman jeung Islamna, boh ni’mat kaséhatan jeung kasempetan pikeun berjama’ah
sholat Jum’at di ieu masjid dina ieu dinten.
Naon pangna kasempetan sholat berjama’ah disebut ni’mat?
Padahal masih loba jalma anu boga anggapan yén sholat berjama’ah téh matak
ngurangan kana waktu digawé, ngaganggu waktu saré, sok sanajan éta ogé loba anu
datang ka masjid tapi saukur kalahka nundutan, jeung ngareureuhkeun kacapé.
Urang sadaya cunduk ka masjid téh justru pikeun
berjama’ah, nepungkeun tali mimitran, ngébréhkeun silaturrahim. Lain rék
ngareureuhkeun kacapé jeung ngadon nundutan, tapi ngantengkeun niat dina haté
pikeun ngahontal hiji perkara anu bisa dibawa geusan mulang anu mangrupa élmu
anu bisa diamalkeun.
Poénan anu saperti kieu, ku urang dimangpaatkeun kalawan
hadé pikeun ngalemeskeun ahlak, diajar ngeureunan laku lampah anu kurang ajar
ogé diajar ngalarapkeun ahlak anu diajarkeun ku Kangjeng Rosul Muhammad SAW.
Ampir dina saban waktu urang ngadama-dama hurip hirup anu
hadé, urang remen ngadu’a.
وَمِنْهُم مَّن يَقُولُ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ ٢:٢٠١
Nun Gusti
Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin kasaéan ka abdi sadaya di dunya miwah
kasaéan di ahérat, sareng mugi Gusti ngaraksa-ngariksa abdi sadaya tina siksaan
seuneu naraka. (al Baqoroh : 201).
Du’ana mah kacida pisan antebna, tur ku urang ogé terus
dilenyepan kalawan jero sarta taya kendatna terus didawamkeun, sok sanajan
henteu jelas naon anu dimaksud ku kahirupan anu saé téh.
Jama’ah Jum’at anu dimulyakeun Allóh!
Lamun téa mah hartosna tina éta du’a téh ku urang sadaya
kapaham kalawan hadé tur bener, jeung taya reureuhna ku urang terus
didawamkeun, nya sajatina laku lampah, réngkak paripolah, jeung ahlak ogé kudu
robah. Henteu pantes urang neda kahadéan, bari milampah anu henteu hadé. Henteu
pantes urang miharep hirup anu saé, bari nganyerikeun tatangga, nyacampah jeung
ngarurucah batur, bari nyokot mangpaat tina barang anu lain hakna, hayang hirup
sugema tapi mumul usaha.
Urang salaku manusa, lamun teu dicelep ku Islam, acan
dipaparin hidayah iman, tanwandé bakal saperti anu digambarkeun ku ahli syi’ir
anu nyindir kalawan peuheur, yén;
Manusa téh panggangas-gangasna sato di daratan, sakaligus
jadi naga anu pangjahatna di sagara lautan. Ajag masih kénéh sok nyésakeun hancengan
tina boroanna pikeun anu lianna lamun téa mah manéhna geus seubeuh. Ari manusa
mah sok ngurut beuteung ku alatan kamerekaan. Pikeun mindahkeun hasil rampasanna
anu geus dikumpulkeunna.
Atawa saperti jalma anu miharep hujan dina usum halodo
jeung lamun hujan turun ngadak-ngadak manéhna teu suka. Dina hal ieu manéhna
teu suka, jeung dina hal itu ogé sarua teu sukana. Manusa dikutuk ku alatan
kakupuranna.
Manusa anu kupur anu salawasna ingkar kana kahadéan. Cenah
mah nyiar kahadéan, tapi sok nampik kana kahadéan. Cenah mah boga ahlak anu
hadé, tapi buktina mah jahat jeung awuntah. Muga-muga sindir sampir éta teu
niban ka diri urang sadaya.
Jama’ah Jum’at anu dimulyakeun Allóh!
Dina énggoning nyiar hirup hurip anu saé, éta loba anu ku
urang tiasa dibandungan. Tong jauh-jauh ka nagara Amérika, di urang ogé,
utamana di kota-kota élit, hiji wewengkon anu disimbutan ku téknologi canggih
anu loba didama-dama. Cék maranéhna wewengkon anu saperti kitu anu disebut hadé
téh. Di dinya loba jalma-jalma anu boga pangasilan gedé bari babari. Tapi
kumaha balukarna pikeun kahirupan kulawarga? Tétéla micangcam téknologi anu
canggih tur modern téh kudu dibayar ku kahirupan kulawarga anu teu akur,
alkoholisme jeung narkotika. Loba kolot-kolot anu teu boga waktu pikeun
ngawangkong atawa leleson jeung anu jadi anak-anakna. Naha kahirupan anu
saperti kitu anu ku urang didama-dama téh? Duit loba, tapi dina jero sapeuting ogé
bures teu nyésa dipaké judi, sabab nyampak tempatna pikeun judi.
Kumargi kitu, hayu urang nalék kana diri urang
séwang-séwangan. Naha ari kahirupan anu hadé téh éta sarua jeung hirup salaku jalma anu loba duit?
Bener, lamun téa mah kahirupan anu hadé téh perlu ditunjal
ku harta banda, tapi aya saratna, nyaéta ti mana éta pakaya téh disiarna?
Naha urang sadaya ridlo ngalintuhkeun awak, pamajikan
jeung anak-anak urang sadaya ku barang anu haram? Naha urang sadaya hayang
getih urang dikocoran ku gizi atawa vitamin anu asalna tina barang haram. Padahal
dina hadits ditétélakeun:
"Satiap
daging anu tumuwuh tina barang anu haram, nya naraka tempat pangbalikanna."
Barokallohu
lí walakum.
Khutbah kadua.
Jama’ah Jum’at anu dimulyakeun Allóh!
Sahanteuna kahirupan anu hadé téh kudu nyumponan lima
unsur, nyaéta:
Kahiji, ginuluran ku rejeki anu
halal, bari dibarengan ku sikep qona’ah. Hartina ngarasa sugema ku
pirang-pirang rejeki anu tos dipaparinkeun ka dirina. Lamun téa mah éta rejeki
téh henteu halal, nya manéhna bakal ngarasa rempan.
Kadua, dipapaésan ku élmu.
Manéhna taya kendatna nyuprih pangarti. Dina saban waktuna diusahakeun sangkan élmuna terus nambahan.
Katilu, dipapaésan ku ahlak
jeung amal anu hadé. Mukimna di hiji lingkungan téh sering dipiharep batur.
Nganjrékna di hiji daérah téh matak nambah-nambah katengtreman ka anu lian,
sabab manéhna tara ieuh nyiar-nyiar kaributan, népakeun taleus ateul.
Kaopat, dipaparin hidayah iman
jeung taopék, nepi ka dirina teu getas harupateun, tara épés méér.
Kalima, boga tabungan atawa
simpenan ahérat. Sakabéh laku lampah jeung paripolahna éta lahir tina hasil
timbangan pikir anu bener, dumasar kana agama jeung darigama, hadé jeung goréngna.
Muga-muga Allóh mapaésan diri urang sadaya ku lima unsur
tadi, nepi ka urang sadaya tiasa ngahontal kahirupan anu saé boh di dunyana
rawuh di ahératna.