HARTA pakaya téh mangrupa anugerah Allóh SWT ogé amanah ti Mantenna ka jalma anu dikersakeun ku
Mantenna.
“Pék geura ariman ka Allóh katut Rosul-Na, jeung geura napakahkeun sawaréh
tina harta anu ku Mantenna dikawasakeun ka maranéh
pikeun nganapakahkeunana. Nya jalma-jalma anu ariman ti antara maranéh tur anu nganapakahkeun hartana, pikeun
maranéhna
ganjaran anu gedé”.
Salian ti éta
harta ogé ngarupakeun papaés hirup, saperti anu kaunggel dina surat
al Kahfi (18) ayat 46:
“Harta jeung anak téh papaés
kahirupan dunya. Ari amal sholéh
anu langgeng mah leuwih hadé
ganjaranna mungguhing Pangéran
hidep sarta jadi pangharepan anu panghadéna”.
“Geus dipapaéskeun
ka manusa micinta kasenangan napsu, ka awéwé, anak incu, emas pérak anu digunduk-gunduk, kuda tunggang
petingan, sato ingon-ingon, sawah jeung kebon. Nya kitu papaés dunya téh.
Tapi di Allóh
mah aya tempat mulang nu alus taya hinggana”. (Ali Imron : 14).
Harta ogé bisa jadi ujian pikeun
kaimanan urang sadaya jeung bekel ibadah urang ka Allóh SWT. Hal éta ku urang tiasa diaos dina surat al Anfal (8) ayat 28, anu unggelna:
“Jeung poma sing nyaho, yén harta banda katut barudak maranéh téh
ngan ukur cocoba, jeung saéstuna
Allóh,
nya di Mantenna aya ganjaran anu gedé”.
“Bral geura arindit boh dina kaayaan hampang
himping atawa beurat, jeung geura jihad ku harta banda maranéh katut jiwa maranéh dina jalan Allóh. Lampah kitu téh leuwih hadé pikeun maranéh, upama maranéh nyaho mah”. (At-Taubah : 41).
Islam nandeskeun pentingna digawé nyiar kipayah; dugika jalma-jalma anu getol nyiar kipayah téh dipaparin pangajén anu luhung tur husus, saperti nyiar kipayah téh ngarupakeun amal soléh, jihad fí sabílilláh jeung pamupus dosa. Salian ti éta Islam ogé nekenkeun pentingna nganapakahkeun harta pakaya
pikeun kapentingan agama jeung kamanusaan. Dawuh Allóh dina surat al Hasyr (59) ayat 7:
“…….supaya éta harta téh
henteu kukulibekan di antara anu baleunghar ti antara maranéh…”.
Zakat jeung infak téh ngarupakeun
dua ibadah maliyah anu terus-terusan diterangkeun dina al Quran. Paréntah infak jeung sidkah téh parantos turun ka Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, nalika anjeunna ngawitan ngawangun ékonomi ummat di Madinah dina ahir taun kahiji jeung taun kadua Hijriyah. Al
Quran ngajelaskeun yén
syariat zakat téh
ngarupakeun syari’at anu kantos diajarkeun ku para nabi sareng rosul Allóh saméméh Nabi Muhammad SAW.
Zakat hartosna berekah, beresih, hadé, tumuwuh jeung mekar atawa nambahan. Zakat ngaran séjén pikeun sajumlah harta anu wajib dipasrahkeun ku hiji muslim luyu jeung
paréntah Allóh ka para mustahiqna. Infak nyaéta ngabalanjakeun atawa ngagunakeun harta
pakaya luyu jeung katangtuan agama. Bédana zakat jeung infak, sakabéh zakat hukumna wajib, ari infak mah bisa wajib ogé bisa sunnat. Zakat ti mimiti jumlahna, waktu nyumponanna,
jeung batas minimal harta pakaya anu dikaluarkeunna ogé jalma anu boga hak pikeun narimana téh parantos ditangtukeun. Infak waktuna teu
ditangtukeun ku syari’at, pon kitu deui jumlahna ogé bisa ditangtukeun saperti ku pamaréntah jeung mustahikna ogé leuwih jembar batan mustahik zakat.
Pentingna zakat jeung infak ieu ku urang tiasa diaos tina katerangan
ayat-ayat al Quran saperti:
Kahiji, Zakat, infak meunang ganjaran 700 tikel
leuwih. Dawuh Allóh dina
surat al Baqoroh (2) ayat 261, unggelna:
“Babandinga jalma anu
ngainfakeun harta bandana dina jalan Allóh
téh
lir ibarat hiji siki anu nuwuhkeun tujuh rangeuy, anu dina unggal ranggeuyan
aya saratus siki. Allóh
maparin ganjaran anu manglipet-lipet ka sing saha anu dikersakeun ku Mantenna.
Apan Allóh
Anu Maha Jembar kurnia tur Maha Uninga”.
Kadua, nyumponan zakat atawa infak téh saperti ngahutangkeun hiji perkara ka Allóh, anu bakal dibayar ku Allóh SWT ku bayaran anu manglipet-lipet.
Dawuh Allóh dina surat al Baqoroh
(2) ayat 245, unggelna:
“Sing saha jalma anu ngahutangkeun ka Allóh ku pihutang anu hadé, tanwandé
Mantenna bakal mayar ka manéhna
manglipet-lipet, nya Allóh
anu ngaheureutkeun jeung anu ngajembarkeun rejeki keur maranéh, jeung nya ka Mantenna maranéh baris dipulangkeun”.
Katilu, zakat, infak jeung sidkah téh ngaberesihan kana harta jeung jiwa anu méréna. Dawuh Allóh, “Cokot tina harta maranéhna zakat, infak jeung sidkah, nubakal
ngaberesihkeun kana harta jeung jiwa maranéhna”.
Kaopat, zakat jeung infak téh pikeun kahadéan jalma anu méréna, jalma anu teu korét
bakal meunang kabagjaan salian ti ganjaran anu gedé, saperti anu kaunggel dina surat at Taghobún (64) ayat 15-17, Allóh ngadawuh:
Anu hartosna: “Saéstuna taya lian harta banda jeung
anak-anak maranéh
téh
cocoba, jeung Allóh
kagungan ganjaran anu gedé.
Ku kituna pék
geura takwa ka Allóh
sakaduga maranéh,
jeung pék
regepkeun, sarta ta’at, jeung geura napakahkeun harta pikeun kahadéan diri maranéh. Sabab sing saha anu luput tina kakorét,
nya maranéhna
téh
jalma-jalma anu pinanggih kabagjaan. Upama maranéh
ngahutangkeun ka Allóh
pihutang anu hadé,
tinangtu Mantenna maparin imbalan manglipet-lipet ka maranéh, sarta Mantenna bakal ngahampura maranéh, sabab Allóh Nu Nampi Syukur tur Maha Halim”.
Kalima, harta pakaya, boh emas, perak atawa
barang anu méwah séjénna, upama teu dizakatan bakal jadi siksaan anu nyelekit.
Kagenep, dina nyumponan zakat atawa infak teu
awuntah ogé henteu korét, saperti
dawuh Allóh dina surat al Furqon
(25) ayat 67:
“Jeung upama ngabalanjakeun hartana, henteu
awuntah jeung teu korét,
sarta salawasna maranéhna
sineger tengah”.
Dina al Quran paréntah
zakat téh sering disajajarkeun
jeung paréntah sholat. Ieu nétélakeun
yén ‘urgensi’ jeung pentingna zakat téh sarua jeung sholat. Kusabab kitu Abu
Bakar RA kantos ikrar pikeun merangan jalma-jalma anu teu sholat jeung teu daék zakat.
Salian ti éta al
Quran ogé ngajelaskeun yén zakat téh mangrupa ajaran syar’iat anu universal. Paréntah zakat ogé jadi syariatna rosul-rosul anu tiheula. Dawuh Allóh dina surat Al Anbiya (21) ayat 73, anu
unggelna:
“Jeung Kami geus ngajadikeun maranéhna pamingpin manusa ku timbalan Kami.
Jeung Kami geus ngawahyukeun ka maranéhna
pikeun ngalampahkeun kahadéan
ngadegkeun sholat nyumponan zakat, jeung ngan ka Kami wungkul maranéhna ibadah”.
Numutkeun al Quran, zakat lain ukur wajib dipasrahkeun ku muzakki tapi ogé wajib dicokot ku umaro, lamun téa mah muzakki teu daék nyumponan kawajiban zakatna.
Ari syarat-syaratna zakat mah nyaéta, anu ngagem Islam, geus balég, jalma anu merdéka
jeung waras. Ari harta anu wajib dizakatan nyaéta, harta pakaya milik sorangan, lain titipan
batur jeung lain injeuman, geus cumpon kana nisabna atawa jumlah harta pakaya
anu kudu dikaluarkeun zakatna dina waktu anu pasti. Harta banda anu mekar, nyaéta harta banda anu kahareupna bisa mekar
atawa méré kauntungan boh langsung atawa teu langsung. Tur
geus leuwih tina kabutuh sapopoé, saperti dahar, nginum, imah, waragad kaséhatan, alat digawé jeung anu séjénna ogé harta anu geus dipiboga minimalna salila
sataun.
Ari zakat aya dua, nyaéta zakat fithrah jeung zakat mal. Zakat fithrah nyaéta zakat anu diwajibkeun ka satiap muslim kaasup
orok anu aya dijero kandungan, boh merdéka boh abid. Zakat fithrah dicumponanna dina ping 1 syawal nepi ka rék ngalaksanakeun sholat sunnat Iedul Fithri, lobana sa-shó atawa 2,1/2 Kg béas atawa kadaharan poko. Zakat fithrah mah diancokeun pikeun kaom miskin. Zakat
fithrah ogé bisa dibikeun dina
wujud anu sipatna produktif.
Ari zakat maal atawa harta mah aya pakaitna jeung wujud pakasaban nyiar
kipayah, nya urang bakal aduhareupan jeung pirang-pirang kasab anu bisa
ngadatangkeun kauntungan tapi teu kantos aya dina jaman Rosulullóh SAW. Jalaran kitu dibutuhkeun ijtihad ku
mangrupa kiyas kana kasab-kasab anu kantos aya dina jaman Rosul SAW baheula
kalayan maké katangtuan umum anu aya
dina al Quran.
Allóh SWT nimbalan ka ummat
Islam sangkan nyumponan zakat tina satiap hasil tatanén. Saperti anu kaunggel dina surat al Baqoroh (2)
ayat 267:
“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geura infakkeun
sawaréh tina hasil pakasaban maranéh
anu aralus, jeung tina sabagian hasil bumi anu ku Kami geus dikaluarkeun pikeun
maranéh.
Sarta poma ulah milihan gogoréngna
wungkul infakkeun maranéh
téh,
padahal maranéh
ogé
moal daék
narima kajaba upama bari peureum. Poma kanyahokeun ku maranéh, yén
Allóh
téh
Maha Beunghar tur Maha Pinuji”.
Golongan jalma anu boga hak narima zakat ku Allóh disebatkeun dina surat at Taubah (9) ayat 60 anu
unggelna:
“Saéstuna
zakat téh,
taya lian ngan pikeun jalma pakir (teu boga pangasilan anu tetep) jeung anu
masakat (usahana teu mahi keur kahirupanana), jeung amilin nyaéta jalma anu ngurus éta zakat jeung para muallaf anu keur
dililindeuk haténa,
pikeun ngamerdékakeun
abid-abid, jeung pikeun anu baroga hutang (pailit) jeung pikeun kaperluan dina
jalan Allóh,
jeung pikeun ibnu sabil (anu béakeun
bekel dipanyabaan). Éta
téh
kawajiban ti Allóh,
karana Allóh
Maha Uninga tur Maha Wijaksana”.
Henteu aya réngkol dalilna dina al Quran anu nandeskeun yén zakat téh kudu dipasrahkeun ka sakabéh golongan anu boga hak pikeun narimana. Jeung
jumlah paméré ka masing-masing asnaf téh disérénkeun ka mustahiq luyu
jeung tingkat kabutuhan maranéhna. Ari jalma-jalma anu aya dina kakawasaan atawa tanggunganna mah saperti
pamajikan, salaki, anak, ladén rumah tangga jeung anu séjénna éta dipahing jadi mustahiq. Sawaréh ulama
boga pamadegan yén
indung atawa bapa ogé ulah
jadi mustahik zakat ti anakna, sabab anak wajib méré napakah ka indung bapana.
ZAKAT jeung infak téh gedé mangpaatna pikeun numpurkeun kamiskinan. Pasualan anu satungtung ieu
disanghareupan ku urang sadaya téh nyaéta:
Kahiji, kasadaran jeung kanyaho perkara bagbagan
zakat téh kurang kénéh.
Kadua, zakat satungtung ieu sering dibagikeun
dina wujud konsumsi jeung teu dikokolakeun kalawan lantip tur hadé.
Katilu, acan aya lembaga anu boga wewenang
sapuratina nepika ummat boh sacara moral boh pormal ogé tumut sagembléngna.
Kaopat, karep pikeun ngabuskeun zakat kana
Palaturan Daérah atawa kaputusan séjénna anu leuwih luhur geus sering dikedalkeun ku masarakat muslim tapi
nepika kiwari acan ngawujud.
Kalima,
badan anu ngokolakeun zakat di sababaraha pausahaan, instansi, BUMN jeung
sajabana éta ogé masih
kénéh acan
nyugemakeun. ***