Rohangan Hadits:
TILU AMAL NU MAWA BAGJA
«مَنْ
كَانَ يُؤْمِنُ بِاللهِ واليَوْمِ الآخِرِ فَلاَ يُؤذِ جَارَهُ، وَمَنْ كَانَ
يُؤمِنُ بِاللهِ واليَوْمِ الآخِرِ فلْيُكْرِمْ ضَيفَهُ، وَمَنْ كَانَ يُؤْمِنُ
بِاللهِ وَاليَوْمِ الآخِرِ فَلْيَقُلْ خَيْراً أو ليَصْمُتْ».
Sing saha anu iman ka Allah jeung kana
poé akhir poma ulah rék nganyerikeun tatanggana, sing saha anu iman ka Allah
jeung kana poé akhir prak geura hormat tatamuna sarta sing saha anu iman ka
Allah jeung kana poé akhir pok nyarita anu hadé atawa lamun teu aya piomongeun
mah jempé. (HR Bukhari ti
Abu Hurairoh).
A. Syarah Mufrodat.
Man kâna yu’minu billah
sing saha anu iman ka Allah walyaumilakhiri jeung kana poé
akhir falâ yu’dzi jârohu poma ulah rék nganyerikeun tatanggana, wa
man kâna yu’minu billah sing saha anu iman ka Allah walyaumilakhiri jeung
kana poé akhir falyukrim dloefahu prak geura hormat tatamuna wa
man kâna yu’minu billah sarta sing saha anu iman ka Allah walyaumilakhiri
jeung kana poé akhir falyaqul khoiron pok nyarita anu hadé ao liyashmut
atawa lamun teu aya piomongeun mah jempé.
B. Syarah Matan.
Dina hadits di luhur
aya tilu amal anu jadi bukti bener jeung beuneurna iman ka Allah. Paréntah tilu
amal tadi sakabéhna dimimitian ku pangjajap Man kâna yu’minu billah
walyaumilakhiri hal ieu méré isarat yén éta amal kacida pisan pentingna
sarta éta amal bakal mawa kabagjaan dunya akhérat. Tilu amal anu disebut dina
hadits di luhur sakabéhna patali jeung adab gaul jeung papada manusa hususna
kaum muslim, nyaéta:
a. Ngajênan Tatangga.
Anu disebut
tatangga téh aya tilu rupa: Kahiji,
tatangga anu boga hak tilu, éta mah lamun anu jadi tatanggana téh dulur
saturunan, imahna deukeut jeung urang sarta muslim. Kadua, tatangga anu boga hak dua, éta mah tatangga anu deukeut
jeung urang lain dulur tapi muslim. Katilu,
tatangga anu boga hiji hak, éta mah tatangga lain dulur ogé lain muslim éta mah
natangga jeung jalma kafir. Dina harti anu jembar mah tatangga téh ngawengku
kana tatangga sobat dalit di pagawéan, tatangga anu hartina dulur
saturunan, tatangga nalika di perjalanan atawa di panyabaan atawa tatangga anu
imahna deukeut jeung urang. Dina hadits anu katampi ti Amer bin Syu’aib Kangjeng
Nabi SAW ngajéntrékeun sababaraha hak
tatangga: Lamun tatangga aya pangabutuh prak ku anjeun bantu, lamun gering
geuwat longok ku anjeun, lamut maot geuwat pilasara, lamun meunang musibah
geuwat gumbirakeun, lamun boga milik wilujengkeun, lamun balik ti panyabaan
bagi tatangga oléh-oléh, lamun masak bagi tatangga, poma ulah ngawangun hiji
bangunan ngaganggu jalur angin anu abus ka imah tatangga sarta poma ulah
nyarandékeun tihang di imah tatangga anjeun. Dina panungtung éta hadits Kangjeng
Nabi SAW ngajéntrékeun yén hak-hak tatangga di luhur moal mungkin bisa
dilaksanakeun anging ku jalma anu dipaparin rahmat ku Allah. Lamun urang bisa
ngajénan tatangga pinasti tatangga ogé bakal ngajénan ka urang. Lamun urang rék
mudik moal bingung nitipkeun imah jeung hayam atawa ingon-ingon séjénna lamun
urang hadé jeung tatangga, lamun kahuruan atawa kamusibatan anu bakal nulungan
téh tatangga heula lain dulur anu jauh. Lobana korban kahuruan lantaran
ngawangun imah teu maliré kana kapentingan umum, pemadamn keebakaran teu bisa
abus lantaran jalanna béak dipaké imah, anu maot lintuh teu bisa diabuskeun
kana pasaran lantaran gangna heureut. Pokona mah lamun hirup goréng jeung
tatangga bakal ripuh, capé, susah jeung balangsak.
b. Ngajênan Tamu.
Lamun kahiji amal anu mawa
bagja téh ngajénan tatangga sarta anu kadua mah ngajénan tamu. Lamun urang
ngajénan tamu bari jeung nyuguhan tamu nya Allah bakal ngahampura éta
pribumi sarta Allah bakal maparin rizqi nalika tamuna mulang. Lamun pribumi
diwajibkeun nyugemakeun tamuna nya sabalikna tamu ogé ulah jadi sémah
alias ngahésékeun nu boga imah, ulah loba tingkah sarta ulah lila teuing maksimal
tilu poé lantaran lamun namu lila teuing bisa-bisa ngaganggu rumah tangga anu
dianjangan. Salakina atawa pamajikan anu sok biasa garawak-géréwék jeung garawak-gorowok
bakal stréss lantaran kahalangan ku tamuna. Dina al-Qur’an mah lamun urang rék
nganjang kudu isti’nats minta izin ka nu rék dianjangan supaya teu
ngaganggu anu dianjanganna.
c. Hadé Komunikasi.
Jalma anu hadé
komunikasi téh jalma anu nyarita anu bener jeung merenah sarta lamun teu aya piomongeun
leuwih hadé cicing ulah ngoméntar. Aya pangalaman nalika mulang ti Bandung ka
Tasik tumpak élf. Di jero élf aya ibu-ibu duaan ngobrolkeun kagoréngan pulisi
aya kana dua jamna mah teu répéh-répéh. Nalika digeunggeureuhkeun téh manéhna
lain sadar malah leuwih tarik ngomongna bari pok nyarita “Kabeh pulisi mah
jahat euweuh anu bener. Bérés si Ibu nyarita ana gorowok téh aya bapa-bapa
ngagorowok gigireun kuring: ”Pir! langsung ka kantor Polres Tasik, ieu anu
duaan sina dikerem lantaran geus ngahina kepolisian. Panumpang séjén ngan
ngomentar ‘ceuk uing gé naon, wilujeng. Di dunia maya jeung dunia nyata urang
kudu bisa iraha kudu ngomong, iraha kudu répéh, iraha kudu beunta, iraha kudu
peureum, kahadé sing bisa ngajaga basa, kiwari mah loba SMS anu mawa cilaka
lantaran nyarékan ditulis dina twitter, salingkuh ngaliwatan SMS jeung
lolongkrang pidorakaeun téh babari pisan.
Lamun urang bisa
ngamalkeun tilu amal tadi insya Allah urang bakal jadi jalma anu iman jeung
ngamalkeun amal soléh, bagja lahir jeung batin lantaran pada ngadu’akeun ku
papada manusa sarta ditangtayungan ku nu Maha Kawasa. Cag! ***
Ku : Ust. Uu Suhendar, M.Ag / Bina Da'wah
Tags:
Hadits