Serial Ki Udin: USTADZ KOLEK & MUBALLIGH CANDIL
“Rék ka mana Ustadz, gura-giru?” Cék Kang Adun sanggeus sholat maghrib.
“Badé ceramah tarawéh di masjid peuntas, Kang Adun.” Saur Ustadz Udun.
“Ké heula da deukeut ka peuntas mah, aya tanyakeuneun ka Ustadz téh.” Cék Kang Adun.
“Badé naroskeun naon téa?” Saur Ustadz Udun.
“Naha enya shaum téh ibadah anu unik?” Cék Kang Adun.
“Leres. Badé teu unik kumaha, atuh da shaum mah hiji ibadah anu mung kauninga ku anu
ngamalkeunna. Ku margi kitu shaum mah tiasa berkoalisi sareng ibadah anu sanésna. Malih tiasa berkolaborasi sareng amal anu sanésna.” Saur Ustadz Udun.
“Maksad Ustadz kumaha?” Cék Jang Odon, miheulaan Kang Adun.
“Unikna, kieu geura. Shaum mah tiasa bari sholat, bari zakat bari shodaqoh, bari tholabul ilmi, bari barang damel, malih bari kulem. Hartosna shaum mah tiasa berkoalisi sareng ibadah anu sanésna. Sholat, zakat sareng tholabul ilmi mah moal tiasa bari kulem. Langkung unikna shaum mah tiasa berkolaborasi sareng kahampangan, sareng kabeuratan, sareng kaluar angin. Sholat mah moal tiasa. Batal apan pami sholat bari kaluar angin mah.” Saur Ustadz Udun.
“Ari bulan Romadhon disebut bulan barokah, maksudna kumaha?” Cék Kang Adun.
“Tah perkawis éta mah taroskeun wé ka Aki. Ana pamit heula. As-salaamu’alaikum.” Saur Ustadz Udun.
“Wa ‘alaikum salaam…..” Cék anu tiluan.
“Maksud bulan Romadhon bulan barokah téh kumaha Ki?” Cék Kang Adun.
“Nya pokona mah perkara-perkara anu dipiharep, hal-hal anu dipikahayang, kalaksanakeun dina bulan Romadhon mah.” Cék Ki Udin.
“Contona naon waé Ki?” Cék Kang Adun.
“Rék teu barokah kumaha Kang Adun, geura wé jalma anu langka sholat maghrib jeung isya di masjid, jadi remen sholat berjama’ah di masjid dina bulan Romadhon mah. Da lohor jeung asar mah biasana di tempat gawéna masing-masing. Anu dina bulan-bulan biasa tara tahajud, jadi getol tarawéh. Jalma anu tara tholabul ilmi jadi réa meunang élmu, da di saban masjid jadi réa pangajian boh ba’da shubuh ba’da dluhur pon kitu deui ba’da isya. Jalma anu langka shodaqoh jadi remen shodaqoh, da saban tas sholat kencléng masjid ngagorolong ka hareupeunna. Kaom ibu saban poé nyayagikeun opieun jeung inumeun pikeun anu baruka puasa, anu rék sholat maghrib berjama’ah di masjid. Sagala amis-amis kayaning kolek hui, kolek waluh malah kolek cangkaléng jeung candil marakalangan.” Cék Ki Udin.
“Aki ogé janten seueur ceramah shubuh sareng ceramah tarawéh, nya Ki?” Cék Jang Odon.
“Enya Don. Alhamdulillah, jadi Ustadz Kolek jeung Muballigh Candil.” Cék Ki Udin.
“Ustadz Kolek Muballigh Candil kumaha Ki?” Cék Jang Odon jeung Kang Adun.
“Enya Ustadz Kolek, ustadz dadakan. Ustadz anu ngajar di masjid ukur sataun sakali, dina bulan Romadhon wungkul. Apan kolek mah raména ukur sataun sakali, dina bulan Romadhon wungkul. Pon kitu deui Muballigh Candil, muballigh dadakan, muballigh anu ngan tampil ceramah di masjid sataun sakali. Apan candil ogé raména sataun sakali, lin?” Cék Ki Udin.
“Tong Ustadz Kolek Muballigh Candil atuh Ki méré istilah téh, bisi batur teu genaheun. Da istilah ti Aki mah biasana rék goréng rék hadé, daék teu daék pasti katarima.” Cék Kang Adun.
“Heug atuh. Urang sebut wé Ustadz jeung Muballigh ‘Kehormatan’. Ngarah genah kadéngéna. Rék teu disebut kehormatan kumaha geura, hui anu dina saban poé ukur aya di tukang bandrék-bajigur atawa sakapeung aya di tukang goréngan, apan dina bulan Romadhon mah dihormat, dijarieun kolek, berkoalisi jeung cau nangka, waluh gedé katut cangkaléng. Pon kitu deui tapioka alias aci sampeu, anu dina saban poé ukur dijarieun cilok jeung ciréng, apan dina bulan Romadhon mah dihormat, difusikeun jeung hui dijarieun candil. Candil, sok sanajan rada cepel, didaharna gucal-gicel, apan lumayan pikeun ganjel.” Cék Ki Udin.
“Bisa wé Aki mah ngaréka kecap téh. Gucal-gicel, cepel, ganjel.” Cék Kang Adun.
“Dupi ustadz sareng muballigh anu ngawulang sareng tabligh saban dinten saban wengi disebatna naon Ki?” Cék Jang Odon.
“Ustadz jeung muballigh anu ngajar jeung tabligh saban poé saban peuting mah ku Aki disebutna Ustadz Kélék jeung Muballigh Céndol.” Cék Ki Udin.
“Naha tiasa kitu Ki?” Cék Jang Odon.
“Ustadz Kélék mah apan ba’da ashar atawa ba’da maghrib saban poé ngeureuyeuh nikreuh indit ka madrosah ka masjid ngélék kitab seja ngajar jeung ngatik barudak, sanajan santrina teu réa. Muballigh céndol ogé kitu, saban poé saban peuting tabligh ka jama’ah bab-bab ka-Islaman kalawan sabar, sanajan jama’ahna ukur tujuhan. Teu bina ti céndol anu aya saban poé. Komo ayeuna mah bulan Ramadlan, di Jalan Otista Tegallega Bandung réa pisan apan anu dagang céndol téh.” Cék Ki Udin.
“Janten ustadz téh aya Ustadz Kélék sareng Ustadz Kolek. Muballigh, aya Muballigh Céndol sareng Muballigh Candil. Leres kitu Ki?” Cék Jang Odon.
“Enya kitu….. cék Aki mah. Teuing ceuk anu lian mah.” Cék Ki Udin.
“Ari da’i aya sabaraha rupa Ki?” Cék Kang Adun.
“Sarua, dua rupa da’i ogé cék Aki mah. Da’i Kandang jeung Da’i Kondang.” Cék Ki Udin.
“Aki mah sok aya-aya waé ari méré istilah téh. Moal naon-naon Ki?” Cék Kang Adun.
“Mémang kanyataanna kitu. Da’i Kandang mah saban poé saban peuting da’wah di masjid tempat dumukna kalawan daria, ngagero ummat ngajak kana kaimanan anu bener aqidah anu panceg, bari langka dirérét ku ummat. Tapi dina nalika aya Da’i Kondang midang manggung makalangan, ummat sa-RW tumplek, da resep ku bojéganna. Bari sakapeung, Da’i Kondang mah sok rajeun poho, tara sholat berjama’ah di masjid tempat dumukna, da sholatna di masjid anu ngondang apan.” Cék Ki Udin.
“Dupi mu’alim sami aya dua Ki?” Cék Jang Odon.
“Sarua Don, mu’alim ogé aya dua rupa cék Aki mah. Mu’alim Cangkaléng jeung Mu’alim Cangkilung.” Cék Ki Udin.
“Ari mu’alim téh ‘ulama nya Ki? Naon bédana ‘Ulama Cangkaléng jeung ‘Ulama Cangkilung Ki?” Cék Kang Adun.
“Enya, lamun réa disebutna ‘ulama. Mu’alim Cangkaléng téh Mu’alim anu bener-bener Mu’alim. Manéhna diajar bab-bab ka-Islaman ti ngongkoak nepika ngungkueuk. Ti mimiti ta’jiziyah, ‘ibtida’iyah, tsanawiyah, arbaiyah, ‘aliyah nepika mu’alimin. Teu bina ti ngurus cangkaléng, ti mimiti diala diajul, dikulub atawa diduruk, laju dipesékkan nepika aya dina mangkok téh apan sakitu lilana. Ari Mu’alim Cangkilung mah mu’alim dadakan anu teu ngambeu paguron Islam. Matak ulah héran lamun resep ngaruksak syari’at téh, teu bina ti cangkilung anu sok ngaruksak awi. Awi anu ku cangkilung mah apan teu lempeng.” Cék Ki Udin.
“Geus Ki. Sok kamalinaan ari méré istilah téh. Hayoh kéh aya anu kasigeung. Maké jeung aya arbaiyah sagala Aki mah.” Cék Kang Adun.
“Kasigeung sotéh upami teu ngartos sareng teu apal. Upami ngartos sareng apal mah, insya Alloh moal kasigeung Kang Adun.” Cék Jang Odon.
“Aki mah sok lengger tuda. Tiheula Aki kungsi nyebutkeun yén khotib, purah nyarita jeung cacarita téh ibarat bérko. Malah nyebutkeun khotib téh aya dua rupa, nyaéta Khotib Téko jeung Khotib Toko. Kumaha éta téh Ki?” Cék Kang Adun.
“Khotib téh purah nyaangan batur, lin? Nya wajar wé mun ku Aki disebut bérko. Apan bérko mah purah nyaangan jajalaneun. Disebut Khotib Téko pantes, da khotib éta mah anu dieusikeun ka dirina jeung dibikeun ka jama’ah téh sarua. Ibarat téko, dieusian cai entéh kaluarna cai entéh, dieusian cai kopi kaluarna cai kopi. Atuh disebut Khotib Toko pantes, da khotib itu mah kumaha anu talatah nyaritana téh. Lir ibarat urang balanja ka toko, apan bisa pesen naon waé, anu diperelukeun atawa dipikahayang ku urang.” Cék Ki Udin.
“Dupi kiyai naon Ki?” Cék jang Odon.
“Kiyai mah mu’alim anu geus umuran. Apan di Sunda mah aya Ustadz, aya Mu’alim, aya Kiyai ogé aya Ajengan. Ari ajengan mah nyaéta kiyai anu kagungan pasantrén. Kadé wé kiyai bisi pahili jeung kuyai.” Cék Ki Udin.
“Ari kuyai, naon Ki?” Cék Kang Adun.
“Allahu ‘alam”. ***

Tags:
cerita sunda