Artikel Bahasa Sunda : HAKÉKAT SHAUM DIWAJIBKEUN KA MU’MIN

HAKÉKAT SHAUM DIWAJIBKEUN KA MU’MIN - ALLAH SWT ngadawuh: “Hé jalma-jalma anu ariman diwajibkeun ka aranjeun shaum, saperti geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun, sangkan aranjeun jadi jalma-jalma anu taqwa” (Q.S. Al-Baqoroh: 183).

Ibadah jeung iman silih pakait. Malah iman mah ngajadi pondasi ibadah. Ibadah shaum bagian tina rukun Islam. Ari rukun Islam teu bisa pisah tina rukun Iman. Umar bin Khoththob RA ngariwayatkeun. Nalika anjeunna nuju ngariung sareng Rosulullah SWT sumping hiji jalmi anu nganggo raksukan sarwa bodas, rambutna hideung sareng pameunteuna beresih, anjeunna langsung calik caket Rosul SAW. Malah dugika paadu tuur sareng Rosul SAW. Lajeng anjeunna nyarios, “Béjaan kuring, naon ari Islam?” Saur Rosul SAW, “Anjeun nyakséni yén taya Ilah salian ti Allah jeung Nabi Muhammad SAW utusan Allah, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, shaum (wajib) dina bulan Ramadhan jeung ibadah hajji pikeun anu mampuh”. Cék éta jalma, “Anjeun bener”. Umar héran, ongkoh manéhna anu nanya, tapi manéhna ogé anu ngabenerkeun. Laju éta jalma nanya deui, “Naon ari iman?” Waler Rosul SAW, “Anjeun iman ka Allah, iman ka Malaikat, iman kana Kitab-kitab-Na, iman ka Rosul-rosul-Na, iman kana poé ahir, iman kana takdir hadé jeung takdir goréng”. Cék éta jalma, “Anjeun bener”. Laju éta jalma nanya deui, “Naon ari ihsan?” Waler Rosul SAW, “Anjeun ibadah saolah-olah anjeun nénjo Allah, sarta upama anjeun teu ibadah saolah-olah anjeun dipencrong Allah” (Hadits Riwayat Muslim).

Ibadah shaum anu diparéntahkeun ka Mu’min (jalma-iman) ngabuktikeun yén ngan jalma-jalma anu ariman anu siap sarta sanggup pikeun ngalaksanakeunna. Sabab maranéhna, Mu’min ngabogaan karakteristik (pasipatan):

(1). Ngadéngé jeung tho’at (Q.S. Al-Baqoroh: 185). Paréntah Allah SWT ku maranéhna didéngé tur dita’atan. Maranéhna moal maléngos tina ngalaksanakeun kawajiban shaum. Malah maranéhna ngalaksanakeun shaum kalawan daria tur kebek ku kata’atan. Maranéhna ta’at ka Allah jeung ka Rosul-Na (Q.S. Al-Anfal: 1).

(2). Beuki tambah imanna (Q.S. Al-Anfal: 2). Sabab shaum dipaténtah ku Allah SWT ngalangkungan dawuhan-Na. Maranéhna yakin yén ibadah téh baris nambah kaimananna, sabab iman mah bisa nambahan bisa ngurangan. Ku ngajalankeun kawajiban ibadah bisa nambahan kuat imanna. Malah shaum mah bisa ngaronjatkeun imanna ngajadi takwa.

(3). Miara amanah katut jangjina (Q.S. Al-Mu’minuun: 8). Shaum téh salian ti wajib ogé amanah Allah SWT. Sabab salaku manusa diamanahan sangkan dina hirup jeung kahirupanna dipaké ibadah ka Allah SWT (Q.S. Adz-Dzariat: 56). Ngan maranéhna anu bisa ngajalankeun amanah Allah SWT. Malah maranéhna ogé bisa miara jangji-jangjina. Dina sholat lima waktu jeung sholat-sholat sunnat dirukunkeun maca Al-Fathihah. Upama teu maca, batal sholatna. Dina surat ieu disebutkeun, “Mung ka Anjeun abdi sadaya ibadah sareng mung ka Anjeun abdi sadaya neda pitulung”. Ieu téh jangji dina sholat. Saban Mu’min pasti miara jangji ieu. Pon kitu deui nalika maca du’a iftitah, “Saéstuna sholat kuring, ibadah kuring, hirup jeung paéh kuring, ngan pikeun Robbul ‘alamin” (Q.S. Al-An’am: 162). Maranéhna miara jangji ieu. Nepika paréntah shaum pasti dilakonan sahadé-hadéna.

(4). Saucap jeung salampah (Q.S. Ash-Shaff: 2). Maranéhna lain ukur ngucapkeun jangjina. Maranéhna teu mungkin nyarita wungkul soal ibadah shaum. Maranéhna moal ngawadul. Naon anu diucapkeun jeung dijangjikeun ku maranéhna pasti ditemonan sarta diréalisasikeun sahadé-hadéna. Ibadah shaum baris ditététélakeun tur dilaksanakeun sahadé-hadéna. Maranéhna geus ikrar, “Kuring ridlo Allah Robb kuring, kuring ridlo Islam agama kuring, kuring ridlo Muhammad salaku nabi katut utusan Anjeun”. Ikrarna ieu dibuktikeun ku ngalaksanakeun ibadah, kaasup ibagah shaum dina bulan Ramadhan. *** (Drs. H. Muhsin MK, M.Sc./Ki Udin/BD)


Lebih baru Lebih lama