Sedekah (Sodakoh)

“Nalika maot anak Adam nya pegat sakabéh amalna, kajaba tilu perkara: sodakoh jariyah, élmu anu mangpaat, jeung budak anu soléh anu ngadu’akeun indung bapana.” (H.R. Muslim).

Tina hadits bieu, loba hikmah anu bisa dipetik ngeunaan pibekeleun urang nalika geus tilar dunya jeung sangkan ganjaranna terus ngocor sanajan urang geus taya dikieuna. Salah sahijina nyaéta sodakoh atawa amal jariyah dina harti anu jembar.

Rosul SAW ngadawuh, “Saéstuna ganjaran mu’min anu nyusul amalna satutas manéhna maot nyaéta élmu anu ku manéhna ajarkeun jeung disebarkeun, barudak soléh anu ditinggalkeun, atawa mushaf (Al-Qur’an) anu ku manéhna diwariskeun, atawa masjid anu ku manéhna diwangun, atawa imah anu ku manéhna diwangun pikeun para ibnu sabil, atawa susukan anu ku manéhna dikocorkeun pikeun kapentingan umum, atawa sodakoh anu ku manéhna kaluarkeun tina hartana dina waktu séhat dina keur hirup, bakal nyusul amalna sabada maot.” (H.R. Ibnu Majah).

Dumasar kana amanah Rosul SAW di luhur, loba anu bisa disodakohkeun. Saperti, ngawariskeun mushaf Al-Qur’an, ngawangun masjid, ngawangun rumah yatim piatu atawa tempat pangreureuhan ibnu sabil, ngawangun fasilitas umum anu diperelukeun, jeung sodakoh mangrupa harta anu dikaluarkeun dina waktu keur séhat.

Lebah dieu aya anu kacida perelu ku urang perhatikeun kalawan anteb, nyaéta pentingna ngaluarkeun sodakoh dina waktu séhat. Loba jalma anu niat sodakoh, tapi ngaengké-engké anu antukna mah kolot manten. Aya ogé anu seja sodakoh, tapi lamun geus téréh maot. Samalah, aya anu boga karep sodakoh lamun geus maot.

Aya hadits Rosul SAW anu kudu dilenyepan kalawan daria,“Hiji lalaki tumanya ka Rosul, ‘Ya Rosululloh, sodakoh naon anu paling utama?’ Anjeunna nyarios, ‘Yén anjeun sodakoh nalika anjeun masih séhat jeung seger buger, nalika masih boga kakayaan jeung kacida mikamelang kana kamiskinan, jeung ulah ngaengké-engké tug nepikeun ka rénghap napas anjeun nepi kana tikoro. Dina mangsa harita anjeun bakal nyarita, ‘Pikeun si Fulan saanu ... pikeun si Fulan saanu. Padahal, éta harta téh geus jadi hak si Fulan (ahli warits).” (H.R. Bukhory ti Abu Hurairah).

Jadi, kacida kaliru jalma anu karék boga niat sodakoh, tapi terus ngaengké-engké. Sanajan loba harta-banda, kayaning imah, kandaraan, duit, tanah, jeung sajabana, tangtuna waé geus maot mah lain milikna deui. Kabéhanna milik pamajikan/salaki jeung anak-anakna, milik ahli waritsna.



Saenggeusna éta harta dibagi luyu jeung hukum warits, karep rék dikumahakeun éta harta.
Muga-muga Alloh SWT ngaping urang sangkan jadi jalma-jalma anu resep sodakoh jeung gura-giru ngalaksanakeunna. Aamiin. ***

Ku : Ibnu Dana
Majalah Bina Da'wah
Lebih baru Lebih lama