Prof. DR. KH. Maman Abdurrahman : RAMADHAN BULAN NU PINUH KU BERKAH

Prof. DR. KH. Maman Abdurrahman : RAMADHAN BULAN NU PINUH KU BERKAH

BULAN Romadhon téh bulan berkah. Da mémang ieu bulan téh sok disebut bulan anu pinuh ku berkah. Malah disebutna ogé bulan suci, lantaran pikeun nyucikeun manusa tina sagala dosa. Naon pangna Romadhon disebut bulan berkah?

Sabab, kahiji dina bulan Romadhon al-Qur’an dilungsurkeun ku Alloh SWT, sabab ayana al-Qur’an téh salaku berkah pikeun manusa.

Kadua, bulan maghfiroh, bulan ampunan, sabab pangampura Alloh SWT dihadiahkeun ka jalma anu shaum dina bulan Romadhon. Katilu, Allah SWT mamaprin kaséhatan fisik jeung psikokogi pikeun jalma anu shaum. Kaopat, ibadah dina bulan Romadhon ganjaranna manglipet-lipet. Kalima, nyucikeun, meresihkeun raga katut jiwa jalma anu shaum. Kagenep, silih du’akeun jeung sasama Mu’min.

Kudu kumaha urang dina nyanghareupan Romadhon? Kudu balik wé kana ajaran Islam anu luyu jeung Al-Qur’an katut Sunnah Rosulullah SAW. Écés apan dina ayatna ogé “La ‘alakum tattaqun”, sangkan aranjeun jadi jalma anu takwa. Da mémang sagala ibadah ogé targétna pikeun ngahontal katakwaan. Diparéntah shaum pikeun ngahontal katakwaan.

Diparéntah sholat pikeun ngahontal katakwaan. Diparéntah zakat ogé pikeun ngahontal katakwaan. Jadi, tujuan utama Romadhon téh pikeun ngahontal katakwaan. Ngahontal katakwaan dina bulan anu pinuh ku berkah. Disebut berkah ku sabab maghfiroh Alloh SWT diturunkeun dina bulan Romadhon. Écés dina salah sahiji hadits Rosul SAW, “Sing saha jalma anu shaum Romadhon, iman bari dibarengan ku karana Alloh, baris dihampura dosana anu enggeus-enggeus”.

Malah lain ngan sakadar ibadah ritual shaum wungkul, tapi kudu dipiara ibadah sosialna. Kumaha basa anu dikaluarkeun ku urang, ti mimiti pergaulan jeung kulawarga jeung tatangga jeung baraya, malah jeung sabangsa mun kiwari mah, di Indonésia. Kudu hadé basa téh. Kiwari mah lain ukur basa lisan anu kudu hadé téh, tapi ogé basa tulisan. Sarua éta ogé. Ulah nepika aya paséa téh. Boh langsung ku lisan tina biwir urang, pon kitu deui ku tulisan saperti dina Média Sosial. Sabab sarua dorakana! Ulah salah! Mun bisa mah pareuman tah hapé téh dina bulan Romadhon mah.

Mun téa mah di luar bulan Romadhon aya itu-ieu, lawan wé. Tapi lamun urang cicing waé kumaha? Sasucina bulan Romadhon, lamun téa mah aya jalma anu terus-terusan ngahina ngajejeléh Islam malah ngajak perang, perangan wé! Baheula ogé jaman Rosulullah SAW aya peperangan dina bulan Romadhon. Tapi ulah urang anu ngamimitian.

Da dina Islam mah perang téh sipatna prévéntif, pikeun ngajaga; lain oventif ka maranéhna, lain urang anu nyerang tiheula ka maranéhna. Jadi lamun dina Médsos aya anu hantem waé nyarékan ka urang, antep wé heulaanan. Tapi lamun terus-terusan waé, niatan ku urang pikeun ‘amar ma’ruf nahyi munkar, sakurang-kurangna ku basa. Peupeuriheun ku praktékna henteu. Tapi éta ogé kudu ngagunakeun basa anu hadé. Sabab, bulan Romadhon pinuh ku berkah. Anu dina éta bulan satiap ibadah ganjaranna ngalipet pikeun nyucikeun manusa. Pantes mun Romadhon disebut bulan suci.

Dina riwayat disebutkeun, yén Rosul SAW téh jalma pangbageurna. Jalma pangbageurna dibandingkeun jeung saha waé ogé jaman harita. Dina bulan Romadhon anjeunna leuwih bageur. Urang ogé sawadina kudu nyonto ka anjeunna.



Tutulung ka anu butuh tatalang ka anu susah, dina bulan Romadhon kudu leuwih ningkat batan bulan biasa. Infaq shodaqoh, zakat jeung sajabana kaluarkeun dina bulan Romadhon.

Hayu urang eusian bulan Romadhon ku sagala amal ibadah anu diparéntahkeun ka urang, boh ibadah anu wajib pon kitu deui ibadah anu sunnah. Lobakeun ibadah maaliyah salian ti anu mayeng dilaksanakeun ku urang sapopoé. *** (Ki Udin/BD)
Lebih baru Lebih lama