KUDU BOGA BAJU RANGKEPAN - BABASAN kudu boga baju rangkepan, sami sareng kudu boga pikir rangkepan. Duanana mangrupa wejangan, yén upama meunang béja atawa aya nyaksian nyieun kalakuan teu euwah-euwah, teu perlu nganggap saujratna, sacéréwéléna atawa sacara bolostrong, tapi perelu dipikir dibulak-balik heula, bisi tutung tambagana, bisi aya matakna.
Nya sami sareng dawuhan Allah SWT dina Al-Qur’an, “Boa-boa anu ku anjeun pikaceuceub hadé pikeun anjeun. Jeung bisa jadi naon-naon anu dipikaresep ku anjeun, goréng pikeun aranjeun”. Lamun meunang béja atawa ningali anu keur ngalakukeun hiji pagawéan anu alus atawa goréng, méméh ngoméntaran kudu dipikiran heula. Komo jaman kiwari mah, loba jalma anu munapék. Ngomong kitu padahal maksudna kieu.
Ngalakukeun kieu, padahal maksudna kitu. Istilah populérna mah hoaks téa. Ucapan bohong, gedebul, wadul, panipuan malah deukeut-deukeut kana pitnah. Ngomongna pikagenaheun, pikaresepeun, pikareueuseun, sura-seuri nyari matak kataji, tapi di satukangeunana meureupan, boga maksud anu nyungkelit. Maksud jahat.
Kabéjakeun aya ulama anu ngaku tim sabelas, ngadeuheus ka Istana Bogor kalawan rerencepan. Tapi kanyahoan ku balaréa, da aya belegbegna dina internét. Inyana nuding yén aya belegbegna sabab aya anu ngabocorkeun, cenah. Tah ulama tim sabelas téa téh teu boga baju rangkepan. Ari kuduna mah dipikir heula saméméh prak nganjangna téh. Naha bener upama nganjang ka Istana bisa buni? Abdullah Héhamanua, manten Panaséhat KPK, nyebutkeun anu nyémah ka Istana mah ti baheula ogé teu aya anu bisa rerencepan, cenah. Pasti bakal katangén.
Aya deui anu nyebutkeun, sakur anu laha-loho ka Istana, sanajan harita teu aya wartawan, tetep wé bakal aya anu nganyahoankeun, cenah. Naon sabana? Sabab teu aya hiji ogé nagara di saantéro jagat ieu anu teu boga sekertariat, anu tugasna nyatet acara-acara gegedénna, kajaba di bumina Rosululloh SAW, cenah. Tong boroning kelas nagara, cenah, sakelas artis ogé barogaeun assistén pribadi, anu nyatet jadwal acara maranéhna; iraha, di mana, jam sabaraha, naon kagiatanana jeung séjénna deui. Lamun teu boga assistén tukang nyatet acara, pinasti bakal aya acara anu kaliwat. Da acarana loba téa. Komo deui di Istana mah, cenah.
Tah ulama tim sabelas téa, kacida percayana kana haréwos bojong, yén dina éta acara wartawan geus disieuhkeun, teu meunang deukeut-deukeut. Tapi tetep wé kangaranan wartawan mah moal kapaido, loba akalna, nya tinggal nyonték wé tina buku acara atawa agénda Istana. Pan bérés. Éta masalah poto anu diunggah di internét, anu kitu mah masalah céték, cenah. Alat rongsen waé pan bisa moto, jeung motrét organ anu aya di jero awak. Atawa aya CCTV anu nangkod di unggal rohangan Istana. Nu matak kudu boga baju rangkepan, pan ahirna matak geunjleung, pada ngadu rényomkeun. Malah aya anu nganaha-naha, faaena tadhabuun – naha badé ka mana arannjeun? Janten nimbulkeun kahéran balaréa, katut pitnah. Pan ér-ér, dituding geus taluk!
Aya dua kajadian di Jakarta, anu waktuna ampir padémpét. Nu kahiji poé Saptu tanggal 28 April 2018, jeung anu kadua poé Ahad tanggal 29-na. Tanggal 28 April di MONAS, aya anu ngabagi-bagi sembako. Malah kajadian anu matak nalangsa, dua bocah kaleyek, nepika hanteuna. Tah dina ningali kajadian kitu, teu perelu buru-buru meunteun, alus jeung goréngna, tapi kudu boga baju rangkepan. Ari dina palebah ngabagi-bagi sembakona mah alus, malah dianjurkeun ku agama ogé sangkan nyaah ka si lemah. Tapi sajaba ti éta, panitia FUI (Forum untukmu Indonésia), bakal boga maksud séjén. Cék Égi Sujana, pangacara jeung politisi mah, éta acara téh mangrupa kedok pikeun ngamurtadkeun umat Islam, cenah. lantaran kajadian sarupa kitu geus mindeng dilakukeun ku maranéhna.
Kajadian anu kadua dina acara Free Day. Dina sababaraha tayangan tv, katingali aya jalma anu kaosna maké tagar #2019gantipersiden, ngakaya jalma anu make kaos tagarna #merekatetapbekerja. Sarua kana kajadian ieu ogé teu perelu ngoméntaran sangkan salamet. Leuwih hadé jempé upama can kaciri monyét hideungna mah. Pan dawuh Rosul ogé: “Pok ngomong anu hadé atawa jempé”. Nya supaya henteu mitnah sareng teu dipitnah wé. Ngan dina pikiran kudu boga baju rangkepan. Da dina usum pulitik mah nyieun sandiwara, jeung mitnah téh teu aya anu mustahil, lantaran papada harayang meunang. Jalanna mah kuma baé baris dilakukeun, asal tujuan kahontal.
Urusan nyusudna dua budak perlaya di MONAS jeung korban anu dikakaya di Bunderan HI, éta mah bagéan anu wajib. Umat Islam kiwari mah keur sagala salah. Ngomong salah, teu ngomong dipitnah. Émut kana dawuh Rosululloh SAW anu unggelna kirang langkung kieu: Bakal datang hiji jaman, dimana jalma-jalma anu nyekel deleg kana aturan agamana (Islam), saperti jalma anu keur ngaranggeum ruhak. Kacida bagjana jalma anu tigin dina nyekel agamana. Hartosna umat Islam peryogi, ati-ati tur sayogi, teu dapon nyarita, abong biwir teu diwengku, létah teu tulangan, der sagala dicaritakeun, sajanajan bener ogé. Angot ayeuna nuju shaum, peryogi ngajaga lisan sareng tina hal-hal anu matak ngosongkeun shaum. Mugia ibadah shaum urang taun ieu ditampi ku Gusti Alloh, sareng dihampura sagala dosa perdosa, anu ageungna, sareng anu alitna. ***
Drs. H. E. Dudu Abdullah Sadili
(Penulis & Budayawan)

Tags:
Artikel Sunda