H.M. Daud Gunawa, S.E. : CIRI-CIRI SHAUM NU NGABUKUR
Saperti anu dikanyahokeun, yén udagan tina shaum kawas anu kaunggel dina surat al-Baqoroh ayat 183 téh, nyaéta takwa. Tah ciri-ciri ti jalma anu takwa téh lain ku sabab manéhna sering andeprok diuk bari nyingkur di masjid, atawa gawéna ukur sujud waé ka Alloh, da hirup urang mah sakabéhna ogé pikeun sujud, dina harti tunduk jeung to’at ka Alloh SWT.
Ciri-ciri tina takwa hasil atikan-didikan shaum, kahiji sangkan urang anu milu shaum ieu sapuratina ngahucuhkeun diri pikeun ngaréformasi ‘struktur’ mikirna sangkan jadi abdi-abdi Alloh anu sholihiin. Demi jalma anu sholéh mah geus pasti jadi jalma anu takwa. Ngaréformasi wangunan pamikiran téh hartina ngawungkulkeun sagala pasualan dina hirup-hurip urang kabéh kumaha kersaning Alloh SWT anu rengkak paripolahna dicontokeun ku Rosul SAW, naon waé anu jadi kaparigelanana, naha jadi politikus, ékonom jeung sajabana.
Hambalan anu jadi tatapakan urang nyaéta anu ngayugakeun urang sorangan nyaeta saperti anu kaunggel dina Pancasila sila kahiji. Ketuhanan Yang Maha Esa. Anu kiwari loba jalma anu kalangsu dina mertahankeun Pancasila. Nepika umaku ieu aing anu paling Pancasila. Padahal umat Islam mah geus teu kudu ngomong deui dina majuangkeun jeung ngabéla Pancasila mah geus teu kudu diragukeun deui. Demi tatapakan hirupna umat Islam mah taya kajabi anging tauhid anu dina Pancasila mah dicindekkeun dina kalimat, Ketuhanan Yang Maha Ésa téa. Ajén-ajén anu kaunggel dina ajaran Islam, kokocoranna tina al-Qur’an katut Sunnah Rosul SAW. Urang salaku Muslim dina réngkak paripolah hirup kumbuh téh ulah ingkah tina dua kokocoran tadi.
Ciri kadua tina ngabukurna shaum téh nyaéta ayana karep pikeun ngajadikeun al-Qur’an katut as-Sunnah jadi saripatina dina hurip-hirupna, atawa ajén-ajén Ketuhanan anu kaunggel dina Pancasila. Cik aya karep teu dina diri urang pikeun balik deui kana fithroh? Balik kana fithroh hartina balikna manusa kana ajén-ajén Islam atawa ajén-ajén Ketuhanan Yang Maha Ésa nurutkeun basa Pancasila mah. Saha baé anu geus paham kana Islam geus pasti bakal Pancasilais, teu kudu ditudig anti Pancasila. Lamun téa mah aya jalma anu ngarumpak kana ajén-ajén Pancasila, bisa dihartikeun acan paham kana ajén-ajén Islam sapuratina. Wawaréhan kénéh.
Shaum téh boga udagan pikeun ngayugakeun jalma-jalma anu sholéh dina sagala segina saperti anu kaunggel dina al-Qur’ansurat Ali Imron ayat 114. Saéstuna jalma-jalma anu ariman ka Alloh jeung kana poé ahérat téh nyaéta jalma anu salawasna migawé amal hadé jeung ngajak batur sangkan hadé, jeung nyegah sagala rupa kamungkaran, naon baé ngaranna mah, saperti dina widang politik teu ngahalalkeun sagala cara. Pikeun urang salaku Muslim tatapakan kahiji dina hirup téh nyaéta Alloh SWT anu dina Pancasila mah nyaéta Ketuhanan Yang Maha Ésa. Pikeun ngamalkeun opat sila séjénna téh tatapakanna mah nyaéta sila kahiji téa atawa Alloh SWT.
Soal NKRI, umat Islam mah geus pasti kaasup golongan anu paling cinta ka lemah-caina. Demi manéhna dilahirkeun di NKRI, maenya manéhna daék dijajah ku batur. Ku sabab kitu wajar lamun téa mah urang salaku Muslim inggis ku bisi rémpan ku sugan lamun ningali ngabrulna tenaga kerja asing ka Indonésia kiwari. Sabab dalah kumaha baé ogé maranéhna téh lain tanaga kerja wungkul tapi ngajajah. Sabab maranéhna mah ngagem politik ngahalalkeun sagala cara pikeun ngajajah jeung ngarampog nagara Indonésia téh.
Gawé bareng jeung nagara Komunis sajatina mah ngarumpak Ketuhanan Yang Maha Ésa. Sabab maranéhna mah teu percaya kana agama, teu daék ngangken agama naon baé ogé, jeung pangéran maranéhna mah taya lian ngan hawa napsuna sorangan.
Ciri katilu tina unggulna urang dina shaum téh nyaéta boga kayakinan anu tétéla kana ayana poé ahir, minangka tempat pikeun mertanggung-jawabkeun sagala rupa amal anu geus dilakukeun salila kumalendang di alam dunya. Lamun téa mah nurutkeun Alloh SWT urang téh abdina anu hadé, nya geus pasti bakal dipernahkeun dina tempat anu hadé. Sawangsulna, lamun nalika di dunya urang téh hirup awuntah, goréng numutkeun Mantenna, nya geus pasti bakal dijebloskeun kana Naraka. Loba jalma, anu tong boro anu kapir bolongkotan saperti Komunis, dalah umat Islam ogé loba anu kurang yakin kana ayana poé balitungan téh, atawa poho.
Ciri kaopat tina tapak shaum téh nyaéta ayana karep ti sakumna umat Islam pikeun balik deui kana al-Qur’an jeung Sunnah Rosul SAW, teu aya deui anu séjénna. Lamun téa mah saréngséna shaum teu aya eutik ogé karep jeung kahayang pikeun balik jeung ngamalkeun al-Qur’an jeung as-Sunnah dina hirup kumbuhna, nya bisa disebutkeun shaumna téh kaasup shaum anu gagal.
Jalaran kitu kuring peupeujeuh ka saha baé jalma, poma ulah sieun sumawonna nepi ka nuding umat Islam anu tukuh-pengkuh ngalaksanakeun ajaran Islamna ku pirang tudingan anti Pancasila, anti NKRI jeung sajabana. Nu ngalahirkeun NKRI téh lain jalma-jalma anu ngagem agama Kristen atawa Katholik, Hindu jeung Budha komo Kejawén, tapi umat Islam, nyaéta Mohammad Natsir ngaliwatan mosi integralna.
Lamun urang ngadurényomkeun Piagam Jakarta, ieu berekahna nagara téh. Piagam Jakarta téh lain nagara Islam, tapi ukur lumakuna syaré’at Islam pikeun sakum pangagemna. Da Islam mah teu sarua jeung ajaran anu séjén. Lamun Piagam Jakarta dilumakukeun, naha umat Islam bakal mikabenci ka golongan luar Islam? Moal pisan-pisan.
Da Islam mah ngajarkeun tali mimitran. Kayakinan ka Alloh SWT téh nyampak dina al-Qur’an, lakum diinukum walyadiin. Teu aya eutik ogé ajaran Islam anu ngajarkeun sangkan mikabenci ka jalma-jalma luar Islam, naon baé agamana. Jalma anu poksang nyebutkeun lamun dilumakukeun Piagam Jakarta éta sarua jeung ngahirupkeun nagara Islam. Cék saha? Da anu digero ku Piagam Jakarta mah ukur pangagem Islam wungkul, lain agama séjénna. ***