Tafsir QS An-Nisaa 29-30: PANDUAN MU’AMALAH - Ancaman Pikeun Nu Ngarempak Aturan

PANDUAN MU’AMALAH - Ancaman Pikeun Nu Ngarempak Aturan

يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا لاَتَأْكُلُوا أَمْوَالَكُم بَيْنَكُم بِالْبَاطِلِ إِلاَّ أَنْ تَكُونَ تِجَارَةً عَن تَرَاضٍ مِّنكُمْ وَلاَتَقْتُلُوا أَنفُسَكُمْ إِنَّ اللهَ كَانَ بِكُمْ رَحِيمًا {29} وَمَن يَفْعَلْ ذَلِكَ عُدْوَانًا وَظُلْمًا فَسَوْفَ نُصْلِيهِ نَارًا وَكَانَ ذَلِكَ عَلَى اللهِ يَسِيرًا {30}

Hé jalma-jalama anu ariman, poma aranjeun ulah deuk ngadahar harta-harta aranjeun anu aya di antara aranjeun ku cara anu batal, anging ku cara perdagangan anu silih pikaridlo di antara aranjeun, jeung poma ulah rék maéhan (maténi) diri aranjeun (alatan parebut pakaya di antara aranjeun). Satemenna Allah mikanyaah ka aranjeun (29). Sing saha jalma anu milampah perempakan bari ngamusuh jeung dlolim (dina nyiar pakaya) tinangtu bakal digarang dina luhureun naraka. Kitu peta keur Allah mah kcida pisan gampangeunnana (30)

A.Tafsir Mufrodat.
1. Ya ayyuhalladziena âmanû Hé jalma-jalama anu ariman Lâ lâ takulû amwâlakum bainakum poma aranjeun ulah deuk ngadahar harta-harta aranjeun nua aya di antara aranjeun bilbâthili ku cara anu batal anu diharamkeun ku agama illa an takûna tijârotan ‘an tarôdlimminkum anging ku cara perdagangan anu silih pikaridlo di antara aranjeun, wa lâ taqtulû anfusakum jeung poma ulah rék maéhan (maténi) diri aranjeun alatan parebut pakaya di antara arnjeun. Innallaha kâna bikum rohîmâ Satemenna Allah mikanyaah ka aranjeun (29).

Lafad ta’kulû asalna tina kecap akala anu sok dihartian dahar. Dina konték ayat di luhur mah, éta kecap ngandung harti anu jembar, bisa hartina ngamangpaatkeun atawa ngamilik lantaran teu sakabéh pakaya dihuapkeun kana baham, tapi aya anu dipaké ku awak sakujur saperti baju, tutumpakan, perhiasan jeung anu séjénna. Ari pakaya anu hasil tina korupsi mah disimpen di bank malah dititipkeun ka anu séjén supaya teu katohyan ku KPK. Lafad amwâl bentuk jama’ tina mâl anu hartina déngdék atawa condong. Naon waé anu bisa ngadéngdékkeun kahirupan, kayaning duit, jabatan anu piduiteun atawa kagiatan anu ngandung piduiteun tinangtu sakabéh jalma bakal curinghak. Ari lafad tijâroh sacara harfiah hartina almubâdalah anu hartina pertukaran.
2. Sing saha jalma anu milampah perempakan bari ngamusuh jeung dlolim (dina nyiar pakaya) tinangtu bakal digarang di luhureun Naraka. Kitu peta pikeun Allah SWT mah kacida pisan gampangeunnana (30).

Lafad ‘udwânan jeung dlulman duanana ngagunakeun isim nakiroh (ditanwinan) nuduhkeun kana laku-lampah anu ngakibatkeun sanksi anu beurat. Lafad ‘udwaan Shighat mubalaghoh tina kecap ‘aduwwun hartina jalma anu bener-bener anu ngamusuh jeung  ngajauhkeun diri tina anu dipikaridlo Allah SWT.

B.Tafsir Ayat.

1.Munasabatul ayat.

Ayat saméméhna ngajelaskeun hikmah syari’at pernikahan anu geus dilaksanakeun ku para Nabi sacara turun-tumurun malahan Nabi Zakaria AS mah neneda ka Nu Kawasa hayang boga anak padahal geus aki-aki sarta pamajikanana geus nini-nini anu harita umurna 90 taun. Zakaria AS aya kamelang lamun ummat anu geus dibina teu aya anu neruskeun tinangtu bakal maréngkol deui kayakinanna. Ayat saméméhna ogé ngajéntrékeun yén manusa diciptakeun dina kondisi lemah, teu bisa ngalahirkeun sorangan, tapi kudu ngaliwatan pernikahan anu légal ceuk agama, sangkan  hirup nyambung boga turunan, lantaran kahirupan lain ngan di dunya wungkul tapi manjang nepi ka ahérat jaga. Turunan urang anu bakal jadi invéstasi nalika urang mulang ka Allah SWT. Sarta lamun jalma ngalajur hawa napsu, nalika kolot bakal daratang rupa-rupa panyakit kelamin. Sarta di ahérat bakal sangsara salalawasna.
Ayat anu saterusna ngajelaskeun, yén hirup laki-rabi butuh waragad, sangkan bisa nedunan pangabutuh jeung pangabetah kulawarga, ku cara mu’amalah anu dipandu ku aturan Allah SWT.

2.Kajian Ayat
a. Ayat ka-29 ngeusi paréntah syari’ah mu’amalah mangrupa hubungan jeung papada manusa, husuna antara kaum muslimin, anu disebut tijaaroh. Sangkan jelas posisi tijaroh dina ajaran Islam, nya urang perhatikeun gurat badag ajaran Islam saperti dina bagan di handap ieu:
Gurat badag Ajaran Islam dibagi tilu:

1). Aqidah.
Sacara basa aqidah ngandung harti beungkeutan, kepercayaan atawa keimanan anu   ngawengku: Iman ka Allah, Malaikat-malaikat-Na, Kitab-kitab-Na, Rasul-rasul-Na, Poé Kiamat jeung iman kana Qadha-Qadar.

2) Syari'ah.

Sacara basa syari’ah ngandung harti jalan kahirupan atawa sistema norma ilahi anu ngatur hubungan manusa jeung Allah SWT, manusa jeung papada manusa atawa manusa jeung lingkungan hirupna.
Qaidah Syari'ah  ieu kabagi dua :

        a). Qaidah ibadah nyaéta tata aturan ilahi anu ngatur hubungan hamba jeung Allah SWT anu tata-aturanana ditangtukeun ku Al-Qur'an sarta praktékna, diperagakeun, ku Rasulullah SAW saperti Shalat, Shaum, Zakat  jeung Haji

        b). Qaidah mu'amalah nyaéta tata-aturan ilahi anu ngatur hubungan manusia jeung papada manusa anu gawengku kana aturan Munakahat, Waris, Tijaroh  (Jual meuli), Jinayah (Pidana) jeung Khilafah (Kenegaraan).

 3). Akhlaq.
Sacara basa akhlaq hartina prilaku. Akhlaq ieu ngawengku Akhlak manusa ka anu jadi Khaliq, akhlak manusia ka sasama (ka kolot, baraya, anak, kulawarga jeung tatangga) jeung akhlaq ka lingkungan hirup flora jeung fauna.

Aqidah, Syari’ah jeung Akhlaq teu bisa dipisahkeun malahan al-Qur’an mah ngagambarkeun jalma anu sampurna hirupna lir ibarat Syajaroh Thoyyibah tangkal anu hadé: Boga akar kayakinan anu nanceb kana jero taneuh, tangkal dahan anu kuat jeung daunna rindang anu bisa dipaké ngiuhan umat sarta boga buah anu teu taya usumna anu bisa dimangpaatkeun ku sakumna mahluk. Bagian akar minangka aqidah, tangkal jeung dahan mangrupa syari’ah, ari buah mangrupa ahlakna. Lamun tangkal kalapa geus kolot tapi teu buahan éta kudu dituar saperti jalma ari umur geus kolot tapi kalakuan kawas budak tinggal nunggu dituar.

Tijaroh saperti ayat di luhur ngandung harti mubadalah atawa pertukaran. Ulama ngolompokkeun Tijaroh kana opat rupa: (a). Muqoyadloh, nyaéta pertukaran barang jeung barang. (b). Albai' nyaéta pertukaran barang jeung duit anu disahkeun ku nagara. (c). Shirfan nyaéta pertukaran mata uang, saperti nukeur réal ku rupiah atawa ku dolar. (d). Al-Ijaroh nyaéta pertukaran jasa. Kaabus dijerona, gadé, séwa-menyéwa, pinjam meminjam jeung sajabana. PNS ngajual jasa ka pamaréntah sarta dibayar honorna unggal awal bulan. Urang numpak angkot nyéwa Rp.4.000,- jauh-deukeut, tukang némbok ngajual jasa ka anu nyieun imah dibayar mingguan.

Dina Ijaraoh kedah aya akad anu disaluyuan ku dua pihak atawa sarua ridona saperti ayat di luhur. Dina mu’amalah ulama nyieun prinsiplaa dlororo wa laa dliroro (Teu ngamadlaratkeun jeung teu dimadlaratkeun tapi silih untungkeun). Malah dina ayat panungtung Al-Qur’an ngawawadian sangkan ulah maéhan manéh ngorbankeun nyawa lantaran ngabélaan pakaya bari poho ibadah ka Allah SWT. Pagawé Nagara anu datang sakahayang jeung balik sakahayang bisa dipastikeun gajihna syubhat lantaran loba akad anu dirempak, anu kadituna hirup bakal ripuh leungiteun barokah. Lamun mu’amalah teu maké agama, jelema moal merhatikeun halal haram, bakal nipu, ngurangan timbangan, ingkar jangji jeung sagala dirampid saperti dina iklan susu ‘yang penting énak.

b. Dina ayat ka 30 leuwih ditandeskeun, yén jalma bermu’amalah atawa nyiar kipayah bari sadar ngarempak aturan tanwandé éta laku-lampah kaabus‘udwânan jeung dhulman, jalma anu ngamusuh ka Allah SWT, anu kadituna bakal ditibanan siksa dunya jeung ahérat. Allah SWT mah teu héséeun pikeun ngamiskinkeun jalma anu sarakah, tapi yasiir kacida pisan énténgna. Takatah ayat anu pamungkas lamun dicindekkeun mah: ”Ulah nyoba-nyoba hirup balaga, sagala dilabrak, sagala dirumpak”.

3.Istinbatul ahkam.
Mufassir Wahbah Juhaily ngamuat hadits riwayat Ahmad jeung Abu Daud: ”Nalika Amr bin Ash dipaparin pancén pikeun mingpin pasukan dina hiji peperangan bari hawa kacida pisan tiisna. Harita Amr bin Ash ngimpi jima’ lamun dimandian pasti awak bakal ripuh bisa-bisa gering anu kadituna bakal gagal mingpin pasukan, kapaksa anjeunna tayamum bari sholat ngimaman pasukan. Nalika mulang ka Madinah Nabi SAW nalék: ”Hé Amr! Anjeun ngimaman shalat shubuh bari junub (teu mandi janabah)? Sumuhun hé Rasulullah! Rumaos lantaran hawa kacida pisan tiisna, abdi émut kana Q.S. Annisa: ”Poma aranjeun ulah rék maténi diri sorangan. Ngadangu jawaban Amr tadi Nabi SAW gumujeng, teu ngoméntar naon-naon, hartina nyaluyuan ijtihadna Amr bin Ash. Ka kaum Muslimin anu masih nyandu ngaroko saéna teraskeun ngarokona lamun éta amal aya mangpaatna pikeun diri jeung baraya, sarta eureun ayeuna kénéh lamun aya madlaratna. Cag! ***

Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)



Lebih baru Lebih lama