RAMADHAN BERKUALITAS

SHAUM BERKUALITAS

ن أَبي هُرَيْرَةَ ، قالَ قالَ رَسُولُ الله صلى الله عليه وسلم: «مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّورِ وَالْعَمَلَ بِهِ، فَلَيْسَ لله حَاجَةٌ أنْ يَدَعَ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ»

Katampi ti sahabat Abu Huraerah RA, Rasulullah SAW ngadawuh: ”Sing saha jalma anu ngalampahkeun shaum bari teu bisa ninggalkeun ucapan bohong jeung amal bohong. nya teu aya peunteun tina gawé ninggalkeun dahar jeung nginumna di payuneun Allah SWT . (H.R. Al-Bukhari).

A.Syarah Mufrodat
Man lam yada’ qoulazzûri Sing saha jalma anu ngalampahkeun shaum dina bulan Ramadhan jeung shaum sunat séjénna di luar Ramadhan, wal amala bihi jeung teu bisa ninggalkeun amal bohong, falaisa lillahi hâjataun teu aya peunteun hadé komo jeung ganjaran, ayyada’a tho’aamahu wa sharoobahu tina palebah nahan dahar jeung nginumna nalika manéhna milampah shaum. Lafad Azzur dina kitab-kitab kamus saharti jeung Al-Muzayyafu (palsu), al-kidzbu (bohong), Asyrku billah (syirik ka Allah), Ladzdzatuth’am (nikmat dahar), majlisulghina (tempat hiburan) jeung réa-réa deui gumantung konték omongan.
                                                                                       
B.Syarah Matan
1. Shaum sacara basa hartina al-Imsâku, ngandung harti nahan diri. Lamun kuda geus dikadlian ku anu tumpakna sarta siap pikeun lumpat sok disebut Shôma alkhoilu. Lamun angin ngahiliwir sok disebut shôma arriyâhu. Nyakitu deui nalika Maryam binti Imron badé ngalahirkeun putrana tapi bingung lamun ditanya saha bapana nepikeun ka nyuhunkeun dimaotkeun tinimbang wirang lamun ngalahirkeun. Allah maparin bingbingan sangkan shaum nalika ditanya. Shaum dina éta ayat hartina teu ngajawab atawa teu ngoméntar nalika ditanya saha bapa éta budak. Dina kitab-kitab Fiqih, définisi Shaum nyaéta nahan diri teu barang dahar, nginum jeung jima’ tibeurang kalayan ngahaja. Lantaran aya jalma dahar atawa nginum ku sabab poho mah teu ngabatalkeun shaumna.

2. Lamun shaum dihartian heureut ngan ukur nahan lapar, halabhab jeung jima’ mah barudak SD malahan murid TK ogé bisaeun. Tapi aya shaum anu boga ajén luhur saperti dijéntrékeun di luhur  nyaéta shaum tina ucapan Azzur jeung laku lampah Azzuur. Mufassir Arrazi panjang lébar medar harti Azzur nalika nafsiran Q.S. Al-Furqon: 72 jeung al-Hajj: 32. Anjeunna ngabagi Azzur kana tilu bentuk: (1). Qoulazzur ucapan bohong. Ucapan anu teu luyu jeung kabuktian di lapangan. (2). Syahadatuzzur kesaksian palsu atawa sumpah bohong nepika akibat sumpah palsuna aya pihak séjén anu jadi korban. (3), Majlisuzzur disebut ogé majlisulghina nyaéta tempat hiburan  atawa kagiatan berjama’ah tapi teu aya mangpaatna ngan saukur miceunan waktu.

Jalma anu shaum nahan lapar jeung hanaang ti shubuh nepika datang maghrib bakal hapa tina pahala jeung sepi tina pangasih Allah SWT lamun milamapah kénéh qaulazzur jeung amalazzur. Saperti dijelaskeun dina Tafsir Mafaatihulghoibi karya Imam Al-Razi yén Qaulazzur mah ucapan jalma anu teu luyu jeung kanyataan atawa teu jelas timana dasar éta ucapan, mun kiwari mah nyebarkeun berita hoax. Ucapan lain ngan ukur anu kaluar tina biwir jalma tapi naon waé anu ditulis ngaliwatan média sosial. Loba jalma kiwari ngirim-ngirim berita hoax anu teu puguh sumberna malah teu aya mangpaatna sarta condong kana ghibah, ngagogoréng batur malahan mah fotona ogé diplésétkeun.

Ucapan hiji jalma gambaran anu rék dipilampah ku éta jalma. Mufassir al-Razi ngajéntrékeun, lamun jalma ngahadiran Majlis Ghina tempat hiburan atawa tongtonan, éta kaabus amalazzur lantaran teu aya mangpaatna ceuk agama, ngan ukur alus ceuk hawa napsuna. Lamun urang nongton maén-bal tengah peuting, saha anu rék maparin pahala ka jalma anu nongton tengah peuting, padahal hudangna mah sarua. Tapi pikeun jalma anu shalat tahajaud mah da puguh landasan hukumna jelas, tangtu éta amal berkualitas. Jalma anu ngahadiran pangajian atawa tabligh akbar dina lebah ngariungna mah sarua jeung nongton bola tapi jelas kualitas amalna béda.

Hakékat shaum mungguhing syari’at Islam mah jalma anu shaum tina ucapan-ucapan azzur jeung amal azzur nyaéta ucapan anu teu aya hartina jeung laku lampah anu teu aya mangpaatna. Ti ayeuna ka hareup mikir saméméh nyarita sarta rencanakeun sing asak saméméh milampah hiji pagawéan, bisi tigubrag kana mala mubadzir. Cag! ***

Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)
SHAUM BERKUALITAS


Lebih baru Lebih lama