Tafsir Al-Qur'an Bahasa Sunda : Hakekat Taubat

HAKEKAT TAUBAT

إِنَّمَا التَّوْبَةُ عَلَى اللهِ لِلَّذِينَ يَعْمَلُونَ السُّوءَ بِجَهَالَةٍ ثُمَّ يَتُوبُونَ مِن قَرِيبٍ فَأُوْلاَئِكَ يَتُوبُ اللهُ عَلَيْهِمْ وَكَانَ اللهُ عَلِيمًا حَكِيمًا {17} وَلَيْسَتِ التَّوْبَةُ لِلَّذِينَ يَعْمَلُونَ السَّيِّئَاتِ حَتَّى إِذَا حَضَرَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ إِنِّي تُبْتُ الْئَانَ وَلاَالَّذِينَ يَمُوتُونَ وَهُمْ كُفَّارٌ أُوْلاَئِكَ أَعْتَدْنَا لَهُمْ عَذَابًا أَلِيمًا {18}

A.Tarjamah.
Taubat anu bakal ditarima ku Allah mah pikeun jalma-jalma anu milapmpah hiji kasalahan dilantarankeun ku kabodoanana terus éta jalma gagancangan balik kana bener. Tah éta jalma anu taubatna ditarima ku Allah SWT, jeung satemenna Allah Maha Uninga tur Maha Wijaksana (17). Jeung teu kaabus taubat anu ditarima pikeun jalma anu milampah pirang-pirang kasalahan, anu taubatna ditangguhkeun nepi ka nalika datang ajal bari pok nyarita: ”Ya Allah ayeuna kuring taubat!” Nyakitu deui teu kaabus tuabat anu ditarima pikeun jalma anu maot aya dina kakafiran, tah pikeun maranéhanana Kami nyadiakeun siksa anu kacida pisan peurihna (18).

B.Tafsir Mufrodat.
1. Innamattaubatu ‘alallahi  Taubat anu bakal ditarima ku Allah SWT mah, lilladziena ya’malûnassûa pikeun jalma-jalma anu milapmpah hiji kasalahan, bijahâlatain dilantarankeun ku kabodoanana, tsumma yatûbûna mingqoriinbin terus éta jalma gagancangan balik kana bener. Faulaaika yatuubullahu ‘alaihim Tah éta jalma anu taubatna ditarima ku Allah SWT, wa kaanallahu ‘aliiman hakiiman jeung satemenna Allah Maha Uninga tur Maha Wijaksana. Lafad innamâ ilaharna dilarapkeun pikeun ngahususkeun, ari lafad attaubatu asalna tina kecap tâba-yatûbu taubatan anu hartina balik kana posisi anu tiheula. Taubat dina istilah agama mah lamun hiji jalma milampah salah sarta sadar éta laku-lampah téh salah sarta terus ngoméan diri balik deui kana posisi anu bener. 

Redaksi innamattaubatu ngandung harti ngan wungkul wujud taubat anu bakal dianggap hadé mungguhing Allah SWT lantaran aya wujud taubat anu dianggap goréng, diantarana taubat sambel; geus puguh lada éta sambel téh malah dikeureuyeuh nepi ka béak, geus puguh éta laku-lampah téh salah tapi dikeureuyeuh nepi ka tamat. Bijahaalatin huruf ba kaabus sababiyah disababkeun teu apal atawa kabodoan.

2. Wa laisatittaubatu jeung teu kaabus taubat anu ditarima, lilladziena ya’maluunassayyiaati  pikeun jalma anu milampah pirang-pirang kasalahana hatta idza hadlorol ahadahumulmaotu anu taubatna ditangguhkeun nepi ka nalika datang ajal, qoola:innie tubtulaana bari pok nyarita: ”Ya Allah ayeuna kuring taubat!wa laalladziena yamuutuuna wa hum kuffaarun Nyakitu deui teu kaabus tuabat anu ditarima pikeun jalma anu maot aya dina kakafiran, ulaaika a’tadnaa lahum ‘adzaaban aliiman tah pikeun maranéhanana Kami nyadiakeun siksa anu kacida pisan peurihna. Redaksi adzaabana aliiman nuduhkeun kana siksa anu pakait jeung panyakit haté diakibatkeun ku kabedegonganana.

C.Tafsir Ayat.
1.Munasabatulayat (kasaluyuan ayat).
Ayat saméméhna (ayat ka 17) ngajéntrékeun pelanggaran-pelanggaran dina laki-rabi, diantarana lamun hiji pamajikan salingkuh atawa tikoséwad kana lampah jinah nya kudu dibuktikeun ku para saksi sarta lamun aya saksi anu nguatan kana éta lampah nya jalma anu milampah jinah kudu dihukum lantaran lampah jinah bakal ngaganggu kaharmonisan laki-rabi jeung masyarakat.
2.Guaran ayat.
    Satiap jalma anu laki-rabi teu kabayangkeun anu jadi pasanganana bakal salingkuh atawa tikoséwad kana lampah jinah lantaran geus rimbitan malah geus boga incu sagala. Ayat di luhur salah sahiji solusi pikeun ngaréngsékeun pasualan laki-rabi ku cara taubat. Taubat anu diguratkeun ku Allah SWT anu bakal ditarima aya dua sarat:
a.Teu ngahaja.
    Jalma anu tisolédat kana maksiat bisa jadi lantaran teu apal, teu diniatan, diintimidasi, dijebak jeung ditipu kaabus wujud taubat anu bakal ditarima ku Allah SWT lantaran jalma anu jahaalah (teu apal) hakékatna éta jalma teu boga niat pikeun ngalampahkeun jahat saperti jalma anu keur shaum terus dahar lantaran poho tanwandé éta dahar teu ngabatalkeun shaumna, lantaran teu boga niat ngabatalkeun.
b.Gagancangan.
Lamun jalma sadar milampah salah terus ngucap istighfar sarta dituturkeun ku tarékah pikeun nyingkahanna tanwandé éta jalma geus ihtiar pikeun nyingkahan éta laku-lampah. Lantaran lamun jalma telat ngucapkeun istighafar bakal condong pikeun malikan éta kasalahan lantaran Sétan leuwih pinter ngagoda manusa. Lamun jalma jinah teu kapanggih nya condong bakal terus dibalikan nepika ahirna hamil sarta nalika hamil bakal muncul lampah jahat pikeun maténi orok atawa indungna. Jalma anu telat sadar pikeun taubat malahan taubatna nalika sakarat jelas moal ditarima ku Allah SWT; kawas Fir’aun nalika rék tilelep di laut mérah kakara ngucapkeun taubat. Cindekna mah: ”Prak geura taubat ulah telat lantaran hirup balap jeung ajal.”

D.Fiqhul Hayat.
Nalika masing-masing jalma geus baroga hapé anu bisa ngaaplod informasi mangrupa gambar atawa vidéo nya lolongkrang pikeun salingkuh, jinah jeung lampah jahat anu bakal ngancam laki-rabi babari pisan. Nyakitu deui rékayasa komputer bisa jadi alat pitnah pikeun ngaragragkeun martabat hiji jalma. Hiji istri dikirim foto salakina keur ngaréndéng jeung hiji wanoja donto padahal éta foto hasil rékayasa. Lamun anu jadi pamajikan atawa salakina gapték alias teu apal kana rékayasa média bakal jadi korban informasi. Teu nanaon urang boga hapé alus jeung modérenna tapi sing bisa ngalarapkeun dina pimaslahateun laki-rabi. Ulah gara-gara boga hapé salaki diantep, ti mimiti wiridan shalat nepika saré, pamajikan teh hurung lantaran mamawa hapé chatingan jeung patilasan. Baitie jannati, rék alus atawa amburadul laki-rabi gumantung urang sorangan utamana anu jadi salaki pamingpin rumah tangga. Cag! ***

Tafsir Al-Qur’an:
Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)
Lebih baru Lebih lama