Tafsir Al-Qur’an Bahasa Sunda : Ahli Waris



يُوصِيكُمُ اللهُ فِي أَوْلاَدِكُمْ لِلذَّكَرِ مِثْلُ حَظِّ اْلأُنثَيَيْنِ فَإِن كُنَّ نِسَآءً فَوْقَ اثْنَتَيْنِ فَلَهُنَّ ثُلُثَا مَاتَرَكَ وَإِن كَانَتْ وَاحِدَةً فَلَهَا النِّصْفُ وَلأَبَوَيْهِ لِكُلِّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا السُّدُسُ مِمَّا تَرَكَ إِن كَانَ لَهُ وَلَدٌ فَإِن لَّمْ يَكُن لَّهُ وَلَدٌ وَوَرِثَهُ أَبَوَاهُ فَلأُمِّهِ الثُّلُثُ فَإِنْ كَانَ لَهُ إِخْوَةٌ فَلأُمَّهِ السُّدُسُ مِن بَعْدِ وَصِيَّةٍ يُوصِى بِهَآأَوْدَيْنٍ ءَابَآؤُكُمْ وَأَبْنَاؤُكُمْ لاَتَدْرُونَ أَيُّهُمْ أَقْرَبُ لَكُمْ نَفْعًا فَرِيضَةً مِّنَ اللهِ إِنَّ اللهَ كَانَ عَلِيمًا حَكِيمًا {11}*

Allah Swt ngawasiatkeun ka aranjeun yén bagian waris barudak aranjeun anu lalaki saperti duaeun bagian barudak anu awéwé; lamun ahli warisna barudak awéwé wungkul leuwih ti dua maka bagéan warisna meunang dua pertilu (keur kabéhan) tina harta titinggal (nu jadi kolotna), jeung lamun budakna ngan saurang awéwé maka bagéan warisna meunang satengah. Jeung bagéan waris indung-bapa masing-masing meunang sapergenep tina titinggal (nu jadi anakna) lamun nu maotna boga budak, sarta lamun éta nu maot téh teu boga budak maka pikeun indung meunang sapertilu sarta lamun nu maotna boga dulur lalaki bagéan indung meunang sapergenep, saba’da nyumponan wasiat anu diwasiatkeun ku nu maot atawa nyumponan sagala utang-piutangna. Indung-bapa aranjeun jeung barudak aranjeun diwincik bagéan warisna ku Allah lantaran aranjeun teu apal saha anu leuwih deukeut mangpaatna pikeun aranjeun. Éta waris kawajiban ti Allah langsung, satemenna Allah Maha Uninga tur Maha Wijaksana.

A.Tafsir Mufrodat.
1. Yûshîkumullahu fi aulâdikum Allah ngawasiatkeun ka aranjeun yén bagian waris barudak aranjeun anu lalaki, mitslu hadhdhiluntsayaini saperti duaeun bagian waris barudak anu awéwé; Fa in kunna nisâan faoqotsnataini lamun ahli warisna barudak awéwé wungkul leuwih ti dua, falahunna tsulutsâ mimma taroka maka bagéan warisna meunang dua pertilu pikeun kabéhan tina harta titinggal nu jadi kolotna, wa in kânat waâhidatan jeung lamun budakna ngan saurang awéwé falaha nishfu maka bagéan warisna meunang satengah.Wa liabawaihi Jeung bagéan waris indung-bapa, likulli wâhidin minhuma assudusu masing-masing meunang sapergenep, mimma taroka in kâna lahu waladun tina harta  titinggal nu jadi anakna lamun nu maotna boga budak, Fa in lam yakun lahu waladun sarta lamun éta nu maot téh teu boga budak, wa waritsahu abawaahu fa liummihi atsuluts maka pikeun indung meunang sapertilu sésana pikeun nu jadi bapana (‘ashobah), fa in kaana ikhwatun fa liummihi assudus  sarta lamun nu maotna boga dulur lalaki jeung teu boga budak maka bagéan indung meunang sapergenep, mimmba’di washiyyatin yushi biha pembagian waris dilaksanakeun saba’da nyumponan wasiat anu diwasiatkeun ku nu maot, ao daenin atawa nyumponan sagala utang-piutangna.

2. Abâukum wa abnâukum indung-bapa aranjeun jeung barudak aranjeun diwincik bagéan warisna ku Allah, laa tadruuna ayyuhum aqrobu naf’an lantaran aranjeun teu apal saha anu leuwih deukeut mangpaatna pikeun aranjeun, lamun aranjeun nu ngabagi warisna tinangtu bakal kaliru. Fariidlotan minallah Éta aturan waris kawajiban ti Allah langsung, Innallaha kaana ‘alîman hakîman satemenna Allah Maha Uninga tur Maha Wijaksana.

3. Istilah-istilah dina Faroid: Waris mibanda harti peralihan harta hiji jalma ka nu séjén bari taya campur tangan usaha ti éta jalma saperti budak anyar lahir terus bapana maot, éta budak jadi ahli waris meunang pakaya ti nu jadi bapana jadi orok-kaya. Wasiat ngandung harti kanyaah bari nu maparin kanyaah teu butuh kana naon-naon, teu aya pameredih ti jalma nu diwasiatanna. Bagéan waris aya: nishfu (1/2), rubu’ (1/4), tsumun (1/8), tsuluts (1/3), tsulutsâ (2/3), tsuduts (1/6) jeung ashobah (sésa).

B.Tafsir Ayat.
1.Munasabatul Ayat.

Ayat saméméhna ngajelaskeun adab ngabagi waris. Lantaran ngabagikeun harta tirkah (titinggal anu maot) lain gawé énténg. Kadangkala sok mawa karep sorangan. Malah teu saeutrik duduluran jadi paburantak alatan ngabagi waris teu bérés. Dina ayat saméméhna dijéntrékeun aya ahli waris anu meunang bagéan saeutik aya ogé anu loba sarta aya ogé nu teu kabagéan. Tatangga anu miskin jeung barudak yatim sok sanajan lain ahli waris tapi Allah SWT maréntahkeun sangkan diperhatikeun pangabutuh hirupna.

2.Kajian Ayat.
a. Ahli waris nurutkeun syar’i nyaéta jalma anu boga hak pikeun narima warisan. Ahli waris dibagi opat kolompok: Kahiji, Furûdlul muqoddaroh nyaéta jalma anu sacara syar’i meunang bagian anu geus ditangtukeun jumlahna. Ahli waris kolompok kahiji aya 15 urang lalaki jeung 10 urang awéwé. 

Kadua, Ashobah. Ashobah mah ahli waris anu meunang sésa tina furudlul muqoddaroh. Katilu, Dzawil arham nyaéta ahli waris anu boga tali duduluran jeung nu maot tapi teu kabégan da aya furudzul muqoddaroh jeung ashobah. Kaopat, raddi nyaéta Ahli waris nu meunang paleuleuwih tina sésa (kasus husus raddi).

b. Ayat di luhur ngajelaskeun ahli waris furudlul Muqoddaroh jeung Ashobah sarta lamun dilarapkeun dina kasus:

1). Kasus kahiji: salaki maot ninggalkeun ahli waris: istri (pamajikan), 1 budak lalaki & 2 budak awéwé. Harta tirkah mangrupa asét 8 juta, maka: istri (pamajikan) meunang 1/8 x 8 juta = 1 juta, 1 budak lalaki & 2 budak awéwé Ashobah (sésa) 7 juta. 1 budak lalaki 3.500.000 ari budak awéwé satengah tina bagian budak lalaki masing-masing  1.750.000.

2). Kasus kadua: salaki maot ahli warisna: istri (pamajikan), 4 anak awéwé, indung & bapa sarta harta tirkahna 54 juta juta.

Kasus di luhur kaabus‘aul (naékkeun poko masalah lantaran saham teu cukup) tina saham 24 jadi 27. Carana: 54 juta : 27= 2juta. Istri (pamajikan) = 1/8 =3/24 = 3 x 2 juta = 6 juta; 4 anak awéwé = 2/3 = 16/24 = 16 x 2 juta = 32 juta (opataneun);Indung =  1/6 = 4/24 = 4 x 2 = 8 juta & Bapa=1/6 =4/24 = 4 x 2 = 8 juta

c. Ahli waris mah teu aya pakuat-pakait jeung masalah nyaah jeung teu nyaah ka jalma anu maot tapi éta mah katangtuan ti Allah nu kudu dilaksanakeun lantaran Allah anu Maha Uninga anu paling maslahat pikeun jalma anu taat sarta Allah hakiiman anu Maha Bijaksana dina sagala kaputusana-Na. Jalma anu pasalia dina ngabagi waris jeung katangtuan Allah katut Rasul-Na hirupna bakal leungit barokah sarta diancam ku Naraka Sa’ir saperti dina ayat ka sapuluh. Cag! ***


Tafsir Al-Qur’an:
Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)
----------------
Lebih baru Lebih lama