Khutbah Pertama:
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.
يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
يَاأَيّهَا النَاسُ اتّقُوْا رَبّكُمُ الّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيْرًا وَنِسَاءً وَاتّقُوا اللهَ الَذِي تَسَاءَلُوْنَ بِهِ وَاْلأَرْحَام إِنّ اللهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا
يَاأَيّهَا الّذِيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْلَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا، أَمّا بَعْدُ …
فَأِنّ أَصْدَقَ الْحَدِيْثِ كِتَابُ اللهِ، وَخَيْرَ الْهَدْىِ هَدْىُ مُحَمّدٍ صَلّى الله عَلَيْهِ وَسَلّمَ، وَشَرّ اْلأُمُوْرِ مُحْدَثَاتُهَا، وَكُلّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةً، وَكُلّ ضَلاَلَةِ فِي النّارِ.
Sagala puja sareng puji kagungan Alloh Anu Maha Ghofur, anu parantos ngalungsurkeun al-Qur’an ka abdi-Na, anu janten pituduh, pangbubungah, rohmat sareng ubar. Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka Muhammad SAW, abdi sareng utusan ogé mahluk pilihan Mantenna. Muga-muga karidloan Alloh SWT salawasna ginuluran ka kulawargana, para shahabatna sareng ka jalmi-jalmi anu nuturkeun aranjeunna dina kahadéan dugi ka dinten kiyamah. Amma ba’du.
۞ قُلْ أُوحِيَ إِلَيَّ أَنَّهُ اسْتَمَعَ
نَفَرٌ مِّنَ الْجِنِّ فَقَالُوا إِنَّا سَمِعْنَا قُرْآنًا عَجَبًا
Hadirin rohimakumulloh!
Alloh parantos ngalungsurkeun kitab-Na ka urang sadaya salaku pituduh, cahaya, pangbubungah, rohmat sareng ubar, saperi pidawuh Mantenna:
Sareng saéstuna Kami geus nurunkeun tina éta al-Qur’an, hiji perkara anu jadi ubar sareng rohmat pikeun jalma anu ariman. (Q.S. Al-Isro [17]: 82).
Dina ayat sanésna Alloh SWT nétélakeun:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاءَكُم بُرْهَانٌ مِّن رَّبِّكُمْ وَأَنزَلْنَا
إِلَيْكُمْ نُورًا مُّبِينًا
Hé manusa! Saéstuna geus datang ka maranéh bukti bebeneran ti Pangéran maranéh, sareng Kami geus nurunkeun ka hidep cahaya anu tétéla caangna (Q.S. An-Nisa [4]: 174).
Anu dimaksud bukti bebeneran nyaéta Nabi Muhammad SAW. Sareng ari cahaya dina ayat tadi nyaéta al-Qur’an.
Hadirin rohimakumulloh!
Al-Qur’an téh teu bina ti ruh pikeun kahirupan sareng cahaya hidayah. Jalma anu teu iman kana al-Qur’an, manéhna lain jalma anu hirup, sok sanajan bisa ngomong, digawé sareng bisa kumalendang di ieu alam. Manéhna téh hakékatna mah paéh. Jalma anu teu percaya kana al-Qur’an geus pasti sasar sareng teu meunang pituduh, sok sanajan manéhna bisa hiber ka awang-awang sareng teuleum ka jero lautan.
Hayu urang lenyepan pidawuh Alloh SWT anu nétélakeun yén al-Qur’an téh jadi jiwa sareng cahaya.
Sareng kitu, Kami geus ngawahyukeun ka hidep (Muhammad), ruh (al-Qur’an) kalayan paréntah Kami. Saéstuna hidep téh saméméhna mah teu nyaho, naon ari kitab (al-Qur’an) sareng naon ari iman téh, tapi Kami ngajadikeun al-Qur’an téh cahaya. Kami maparin pituduh ku al-Qur’an ka jalma anu dikersakeun ti antara abdi-abdi Kami. Sareng saéstuna hidep bener-bener ngaping manusa kana jalan anu lempeng. (Q.S. Asy-Syuuro [42]: 52).
Potongan ayat anu nétélakeun,”Kami ngawahyukeun ka hidep ruh kalayan paréntah ti Kami”. Anu dimaksud ruh saperti halna maksud cahaya dina ayat anu saméméhna taya lian anging al-Qur’an. Margi teu aya kahirupan anu suci, beresih, mulya sareng luhung anging ku al-Qur’an. Sareng teu aya pituduh dina ieu kahirupan kana kasucian, kaberesihan, kamulyaan sareng kahormatan kajaba ku al Qur’an.
Ibadalloh, sakumna musuh Islam nyaho kana hal ieu, nepi ka maranéhna ngetrukkeun sakabéh pangabisana pikeun ngajauhkeun umat Islam tina al-Qur’an. Nepi ka maranéhna bisa ngabalieurkeun kaum Muslim tina al-Qur’an, nepika al-Qur’an téh ukur dibaca nalika aya anu kapapaténan, bari kana sagala rupa sunnah anu aya pakaitna sareng al-Qur’an, éta ukur dibaca sangkan meunang berekah. Anu aya pakaitna sareng tafsir al-Qur’an, musuh Islam nyaliarkeun pamikiran rujitna, yén tafsir anu bener geus pasti salah, sareng tafsir salah tétéla kafir. Maranéhna geus ngajauhkeun umat Islam tina saripati kahirupanana, nepika paéh. Ngajauhkeun maranéhna tina kokocoran pituduh, nepika sasar. Ieu téh balukar ti umat Islam dina jaman ayeuna anu geus teu ngajadikeun al-Qur’an katut as-Sunnah jadi papagon hirupna, antukna sagala rupa laku-lampah awuntah, kajahatan sareng karuksakan dina sagala hal kahirupan mingkin mahabu.
Hadirin rohimakumulloh!
Hayu urang lenyepan ku urang sadaya pidawuh Nabi SAW anu ngawawadian sarta ngarojong para shohabatna, kaasup urang di jerona pikeun daék maca al-Qur’an.
اقْرَءُوا الْقُرْآنَ فَإِنَّهُ يَأْتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ شَفِيعًا لأَصْحَابِهِ رواه مسلم
Pék baraca ku maranéh al-Qur’an, saéstuna al-Qur’an dina poé kiyamah jaga bakal datang pikeun méré pitulung ka sing saha anu maracana. Dina hadits sanésna Rosululloh SAW ngadawuh:
يُؤْتَى بِالْقُرْآنِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ وَأَهْلِهِ الَّذِينَ كَانُوا يَعْمَلُونَ بِهِ ، تَقْدُمُهُ سُورَةُ الْبَقَرَةِ وَآلُ عِمْرَانَ تُحَاجَّانِ عَنْ صَاحِبِهِمَا
Didatangkeun al-Qur’an sareng ahlina, nyaéta jalma-jalma anu ngamalkeun al-Qur’an nalika di dunya. Lajeng maju surat al-Baqoroh sareng surat Ali Imron, ngabéla ka anu macana. (H.R. Muslim).
Dina hadits anu kahiji Rosululloh ngarojong anu jadi umatna sangkan daék maraca sareng mikacinta al-Qur’an. Ari dina hadits anu kadua, anjeunna ngajak sakumna umatna pikeun ngamalkeun eusining al-Qur’an. Demi pikeun ngahontal kahirupan anu sampurna sareng hidayah anu paripurna éta saukur kudu maca sareng ngamalkeun al-Qur’an.
Hadirin rohimakumulloh!
Dina hiji mangsa Umar bin Khoththob ngistrénan hiji gubernur di Makkah. Sawaréhna para shahabat nolak kana ieu kawijakan. Umar keukeuh ngabéla. Saur Umar, Éta jalma apal eusining al-Qur’an. Demi kuring kungsi nguping Rosul ngadawuh:
إِنَّ اللهَ يَرْفَعُ بِهَذَا الْكِتَابِ أَقْوَامًا، وَيَضَعُ بِهِ آخَرِينَ
Saéstuna Alloh bakal munjulkeun hiji kaom ku ieu al-Qur’an sareng bakal ngahinakeun anu séjénna. (H.R. Muslim).
Hayu urang lenyepan pidawuh Rosul SAW ngeunaan kamulyaan ahli al-Qur’an, nyaéta jalma-jalma anu ngapalkeun sareng ngamalkeun al-Qur’an.
خَيْرُكُمْ مَنْ تَعَلَّمَ الْقُرْآنَ وَعَلَّمَهُ
Panghadé-hadéna jalma di antara maranéh nyaéta anu diajar al-Qur’an sareng ngajarkeunna. (H.R. Al-Bukhori).
Ahli al-Qur’an anu ngamalkeun eusining al-Qur’an sareng jalma anu ngajarkeun al-Qur’an aya dina kamulyaan sareng boga darajat anu leuwih luhur batan kaum Mu’min séjénna. Ieu ku urang sadaya tiasa diaos tina pidawuh Rosul SAW anu ngamisilkeun jalma anu ngapalkeun al-Qur’an sareng anu tara ngapalkeun al-Qur’an, pikeun ngarojong umatna sangkan daria ngapalkeun al-Qur’an sabada ariman sareng narima hidayah ku cahaya al-Qur’an.
مَثَلُ الْمُؤْمِنِ الَّذِي يَقْرَأُ الْقُرْآنَ كَمَثَلِ الأُتْرُجَّةِ؛ رِيحُهَا طَيِّبٌ وَطَعْمُهَا طَيِّبٌ, وَمَثَلُ الْمُؤْمِنِ الَّذِي لَا يَقْرَأُ الْقُرْآنَ؛ كَمَثَلِ التَّمْرَةِ لَا رِيحَ لَهَا وَطَعْمُهَا حُلْوٌ, وَمَثَلُ الْمُنَافِقِ الَّذِي يَقْرَأُ الْقُرْآنَ مَثَلُ الرَّيْحَانَةِ؛ رِيحُهَا طَيِّبٌ وَطَعْمُهَا مُرٌّ, وَمَثَلُ الْمُنَافِقِ الَّذِي لَا يَقْرَأُ الْقُرْآنَ كَمَثَلِ الْحَنْظَلَةِ لَيْسَ لَهَا رِيحٌ وَطَعْمُهَا مُرٌّ
Misilna jalma mu’min anu maca al-Qur’an téh saperti buah jeruk anu kaambeuna ni’mat sareng rasana ogé amis. Misilna jalma mu’min anu mumul kedul tara maca al-Qur’an saperti buah korma, teu ka angseu bauna tapi rasana amis. Sareng misilna jalma munapék anu maca al-Qur’an saperti buah raihanah, kaangseuna ngeunah tapi rasana pait, sareng misilna jalma munapék anu tara maca al-Qur’an mah saperti buah hanjolah, henteu bau tapi rasana pait. (H.R. Daruquthni).
Ku misil ieu Rosululloh SAW ngajak ka urang sadaya salaku umatna pikeun ngapalkeun sareng mikacinta al-Qur’an. Demi al-Qur’an téh ruh hirup sareng cahaya hidayah urang sadaya. Urang tiasa maca dina lambaran sajarah, bangsa Arab dihirupkeun ku al-Qur’an. Maranéhna diaping ku cahaya al-Qur’an, nepika ngajanggélék jadi umat anu panghadé-hadéna anu kungsi aya dina sajarah umat manusa. Tina mangsa turunna al-Qur’an, ngapalkeun sareng ngamalkeunna, bangsa Arab ukur butuh waktu opat abad pikeun meruhkeun sareng mingpin méh sakuliah dunya. Tapi, dina nalika bangsa Arab ngabalieur tina al-Qur’an, akibat tina tipu daya sareng makar, maranéhna robah jadi bangsa anu paling hina, paling miskin sareng paling héngkér méh dina sagala segi kahirupan, demi maranéhna geus ninggalkeun al-Qur’an anu jadi konci rusiah hidayah sareng kahirupan.
Hadirin rohimakumulloh!
Kautamaan al-Qur’an kalintang agung tur luhur sareng rusiahna ogé kacida pisan hélokna. Jalaran kitu hayu urang biasakeun pikeun maca sareng ngalenyepan eusina. Alloh SWT ngajejeléh ka jalma anu rajeun ngadéngékeun sareng maca al-Qur’an tapi teu daék napakuran eusina. Pidawuh Allah SWT:
”Naha maranéh bet teu daék napakuran al-Qur’an, atawa haté maranéh geus dikonci. (Q.S. Muhammad [47] : 24).
Sawangsulna Alloh SWT muji ka jalma-jalma anu getol napakuran sareng ngalenyepan eusining al-Qur’an, nyokot pangajaran sareng naséhat al-Qur’an tuluy ngamalkeun eusina dina hirup sareng huripna. Pidawuh Alloh SWT:
”Kitab al Qur’an anu ku Kami diturunkeun ka hidep (Muhammad) euyeub ku berkah sangkan maranéhna ngalenyepan ayat-ayatna sareng sangkan jalma-jalma anu boga akal bisa nyokot pangajaranana. (Q.S. Shood [38]: 29).
KHUTBAH KADUA
الحمد لله والصلاة والسلام على رسول الله، نبينا محمد و آله وصحبه ومن والاه، وأشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهد أنَّ محمّداً عبده ورسولهُ
Tadabur téh hartina maca al-Qur’an saayat dibulak-balik terus bari ditapakuran sareng dipikiran eusining kandunganana, supaya meunang hidayah, kahadéan sareng palajaran anu kaunggel di jerona. Sabada tadabbur ku cara kieu, jalma-jalma anu pinter tur waras akal pikiranna bakal nyokot pangajaran tina ayat anu dipahamkeunana, tuluy manéhna hudang pikeun ngalaksanakeun sagala rupa kawajiban sareng paheula-heula dina kahadéan. Jalaran kitu maranéhna salawasna aya dina barisan panghareupna dina ngahontal kaunggulan.
Hadirin rohimakumulloh!
Cukup jigana pikeun jadi bukti kaagungan, kasampurnaan, cahaya sareng hidayah al-Qur’an, yén dulur-dulur urang ti bangsa jin kungsi ngaregepkeun Rosululloh SAW anu ngaos al-Qur’an nalika sholat. Maranéhna ta’jub ku al-Qur’an. Nepika maranéhna ngariungan Rosul SAW bari ngaregepkeun sareng ngalenyepan al-Qur’an. Nalika baralik ka golonganana, maranéhna nyarita ka dulur-dulurna:
يَهْدِي إِلَى الرُّشْدِ فَآمَنَّا بِهِ ۖ وَلَن نُّشْرِكَ بِرَبِّنَا أَحَدًا
”Kuring saréréa geus ngadéngékeun bacaan anu kalintang agungna (al-Qur’an) anu nuduhkeun kana jalan anu bener, tuluy kuring saréréa ariman kana al-Qur’an, sareng kuring saréréa moal pati-pati midua ka Pangéran kuring saréréa sareng naon baé ogé”. (Q.S. Al-Jin [72]: 1-2).
Bangsa Jin ogé nganepikeun hal anu sarua, saperti pidawuh Alloh SWT:
Maranéhna (Jin) nyarita ka kaomna, Hé kaom kaula, saéstuna kaula geus ngadéngékeun kitab (al-Qur’an) anu diturukeun sabada Musa, anu ngabenerkeun kana kitab-kitab anu datang saméméhna, anu nuduhkeun kana bebeneran sareng kana jalan anu lempeng. (Q.S. Al-Ahkof [46]: 30).
Nya ieu pisan anu disebut tadabur téh. Hasil anu bakal diala sareng dipipit ku jalma anu tadabur nyaéta élmu, kaimanan sareng kayakinan. Hanjakalna, kalolobaan urang salaku Muslim, kaasup urang di jerona, mumul ngedul tara daék maca al-Qur’an, mana komo nepi ka napakuran eusina mah. Lamun téa mah teu aya sora nu halimpu ti para qori anu maca al-Qur’an, nya geus pasti kalolobaan umat Islam téh moal daék ngadéngékeun al-Qur’an, nepika maranéhna ngabalieur tina al-Qur’an. Pidawuh Alloh SWT:
وَمَنْ أَعْرَضَ عَن ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ
الْقِيَامَةِ أَعْمَىٰ
Sing saha jalma anu ngabalieur tina pépéling Kami, nya pikeun manéhna kahirupan anu sarwa heureut. Sareng dina poé kiyamah ku Kami maranéhna bakal dikumpulkeun dina kaayaan lolong. (Q.S. Thoha [20]. 124).
إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلّاً لِّلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَّحِيمٌ
اللهم افتح بيننا وبين قومنا بالحق وأنت خير الفاتحين.
اللهم إنا نسألك علما نافعا ورزقا طيبا وعملا متقبلا
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وصلى الله على نبينا محمد وعلى آله وصحبه و َمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.
وَآخِرُ دَعْوَانَا أَنِ الْحَمْدُ لله رَبِّ الْعَالَمِيْ