BERESIHAN TAUHID TINA KOKOTOR (MEMBERSIHKAN TAUHID DARI KOTORAN)

BERESIHAN TAOHID TINA KOKOTOR

H.M. Daud Gunawan, S.E.
(Ketua Majelis Syuro Déwan Da’wah Jabar)

INSYA Alloh urang bisa nyorang deui Romadlon anu pikeun jalma anu ariman jeung tarakwa mah kacida pisan didago-dagona. Aya sababaraha hal anu ku urang sadaya kudu diperhatikeun. Demi Romadlon téh boga udagan anu jelas nyaéta sangkan jadi jalma anu takwa, la ‘allakum tataquun.
Hal-hal anu kawilang penting kudu diperhatikeun dina ngahontal udagan tadi nyaéta: 

Kahiji, leuwih tiheula urang kudu ngaberesihkeun niat. Lain saukur niat ibadah shaum wungkul, tapi ogé dina énggoning ngahontal udagan takwa téa.

Niat urang téh jiga kumaha? Geus tangtu kudu dibersihkeun jeung dilempengkeun éta niat urang téh. Hadé jeung goréngna buah anu ku urang kaala gumantung kana niat anu ti anggangna geus ditetepkeun.

Demi kalolobaan urang salaku Muslim dina saban datangna bulan Romadlon kaasup masarakat anu “rumit”. Disebutkeun rumit sabab anu pangheulana dipalikiran téh lain tarékah pikeun ngaronjatkeun pribadi anu takwa, tapi anu panglobana diheulakeun diungkulan téh cara jeung tarékah sangkan bisa mudik. Silaturrahim jeung dulur anu aya di kampung.

Buktina acan ogé patepung lawung jeung Romadlon, tikét mudik boh kapal atawa karéta apina kiwari geus ludes dipesen para calon pemudik. Nepika énergi téh béak lain dipaké pikeun ngaronjatkeun ajén-ajén takwa, tapi kalahka dipaké mikiran tarékah pikeun bisa mulang dina waktu lebaran.

Pon kitu deui dina widang-widang séjénna. Saperti da’wah jeung jihad anu kudu jeung pangheulana dilelempeng téh apan niatna. Lamun niatna geus bener, nya anu séjénna ogé bakal kabawa bener. Jeung réa-réa deui.

Kadua, sangkan bisa metik buahna mipit hasilna tina bulan Romadlon kalawan mucekil, nyaéta tarékah dina meruhkeun jeung ngadalikeun hawa napsu urang pribadi. Demi kalolobaan jeung kabiasaan urang salaku Muslim, lamun datang bulan Romadlon téh lain ngurangan kana hal-hal anu teu perelu saperti kadaharan, tapi kalahka jadi hambur.

Nalika buka shaum rupa-rupa dahareun sarwa diaya-ayakeun. Padahal udagan tina shaum Romadlon téh kudu bisa ngadalikeun hawa napsu. Demi ku shaum urang dilatih ngadalikeun napsu. Tong boroning anu haram, dalah anu halal tur teu aya anu ningali ogé apan nalika keur shaum mah teu ieuh dideukeutan jeung didahar.

Saban nagara geus pasti boga sistem. Jalaran kitu urang kudu tatahar abus lain nuturkeun kana éta sistem pikeun diluyukeun jeung ajaran katut kayakinan urang salaku Muslim. Lamun umat Islam bener-bener hayang ngahontal ajén-ajén takwa, nya kudu ngahiji anu ngawengku kana “kesatuan aqidah, kesatuan imamah atawa pamingpin jeung ogé kesatuan muamalah.

Kesatuan akidah nyaéta ngaberesihkeun tauhid urang sadaya tina sagala rupa runtahna. Jeung dina nalika prung perang, nya kudu diluyukeun jeung anu disanghareupanna. Lamun perangna dina wanda pamikiran, nya kudu disanghareupan ku pamikiran deui. Saperti nepi ka kiwari loba tudingan anu dikécéngkeun ka umat Islam minangka golongan intoléransi.

Padahal intoléransi téh kokocoranana mah ti dulur-dulur urang anu lain Islam, anu disebut gerakan pemurtadan atawa Kristenisasi. Lamun urang ngadurényomkeun Kristenisasi, éta lain Kristen tapi gerakan misionaris pikeun ngamurtadkeun jalma-jalma anu geus ngagem agama.

 Dina kode étik atawa aturan penyebaran agama apan kitu laku téh dipahing pisan. Jadi kudu ngadalikeun hawa napsu nepika bisa milih jeung milah. Pon kitu deui dina bajuang téh kudu diluyukeun jeung kasanggupan.

Dina Islam mah teu aya bajuang ku cara bunuh diri. Lamun téa mah aya di luar nagri, éta kondisina bakal béda jeung di Indonésia. Ku sabab kitu datangna Romadlon ieu ku urang kudu dimangpaatkeun kalawan bener pikeun ngahisab diri, ngahisab léngkah jeung paripolah dina sagala segi kahirupan urang salaku Muslim.

Jalaran kitu, ku datangna bulan Romadlon ayeuna hayu urang beresihan tauhid urang tina sagala rupa kokotorna. Hayu urang beresihkeun haté urang, niat urang, hawa napsu urang saréréa. *** (Alma’/BD).
Lebih baru Lebih lama