MASIH RÉK NUNDUTAN?

Hé jalma-jalma anu ariman, upama digero pikeun ngalaksanakeun shalat Jum’at, nya kudu gura-giru pikeun éling ka Allah jeung tinggalkeun jual-beuli. Kusabab hal éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun ngalarti. (Q.S. Al-Jum’ah: 9)
Allah SWT ngagero ka sakumna jalma anu iman sangkan datang nyumponan panggero. Satungtung iman masih nyangkaruk dina qolbu, nagncik dina ati, pasti datang nimbalan panggero. Gedé jeung leutikna iman anu ngancik moal bisa ditebak lantaran sipatna abstrak. Tapi bisa katénjo tina réspon kana panggero. Lamun gura-giru datang kalawan sumanget tur parigel nimbalan, tétéla éta iman keur mangprang. Tapi lamun talangké satengah haré-haré, tétéla éta iman téh héngkér.
Nimbalan Juma’ahan lain rék ngadon leleson tina pakpikpekna pagawéan, diuk  bari nyarandé tuluy nundutan, komo nepi ka ngimpi, tapi rék gawé atawa amal anu amalna kacida istiméwana. Lain rék  ngadon uplek ngobrol ngalor-ngidul teu puguh judul teu maliré imam anu keur khutbah. Lain nyumponan oganan papada urang, tapi oganan ti Allah SWT. Nitah jempé kanu ngadon ngobrol nalika imam keur khutbah ku Rasulullah SAW disebut lagho. Abdullah bin Umar nyebat himar kanu ngadon ngobrol tur nyebut lagho alias kosong molongpong teu meunang pahala kanu nyarék jempé.
Amalan dina ibadah Jum’ah teu loba sarta teu lila, ukur shalat jeung khutbah atawa ngaregepkeun khutbah. Ibadah Jum’ah nitah ninggalkeun ibadah ghoir mahdhoh nyumponan ibadah mahdhoh. Piraku ibadah ghoir mahdhoh sarigep tur parigel, ari ibadah mahdhoh talangké jeung babari pegel. Tétéla upama kitu mah iman téh héngkér.
Diantara kaistiméwaan amal dina ibadah Juma’ah téh nyaéta: Kahiji, aya pangampura dosa, saperti:

Rasulullah SAW ngadawuh: Teu mandi hiji jalma dina poé Juma’ah, beberesih kalawan maksimal, maké minyak seungit anu aya di imahna tuluy kaluar bari teu misahkeun (ngaganggu) diantara dua urang, tuluy shalat sakuatna, tuluy ngaregepkeun nalika imam khutbah, iwal ti pasti bakal dihampura dosana antara éta Jum’ah. Dina riwayat Muslim: jeung ditambah tilu poé. Riwayat Ahmad: Maké pakéan anu pantes.
Satiap jalma tangtu moal bisa bébas tina dosa. Kukituna mangpirang-pirang ibadah anu disyare’atkeun sajaba bisa nambah pahala pleus jadi kifarat dosa kaasup ibadah Juma’ah. Dosa anu dilakukeun salila sapuluh poé ku Allah SWT bakal dihampura asal manjing saratna.
Kadua, disadiakeun pahala anu gedé.

Rasulullah SAW ngadawuh: Singsaha mandi dina poé Juma’ah saperti mandi janabah, tuluy indit Juma’ah, nya saolah-olah inyana qurban ku onta anu badag. Nu indit dina mangsa kadua saolah-olah inyana qurban ku sapi. Nu indit dina mangsa katilu saolah-olah inyana qurban ku domba anu ranggaék tandukna. Sing saha anu indit dina mangsa kaopat saolah-olah kurban ku hayam. Sing saha anu indit dina mangsa kalima saolah-olah kurban ku endog hayam.
Ibadah qurban mafhum lumaku sataun sakali. Kanyataanana masih loba anu can mampuh qurban. Antukna sagedé kumaha baé gedéna domba atawa sapi anu dipeuncit, diwewejét dimutilasi dikunyit-kunyit lantaran bisi teu mahi. Nepika daging geus dibungkus dibongkar deui lantaran jumlahna teu nyumponan. Dina mampuhna ogé paling hiji dombaeun, arang sapi ku sorangan. Nu teu mampuh kurban tiap taun teu kudu leutik haté, anu penting tetep boga sumanget hayang kurban. Carana bisa ku nyéngcéléngan sajeroning sataun. Sakali deui lamun enya boga sumanget hayang kurban. Tapi sanajan kitu Allah SWT nyayagikeun pahala qurban dina tiap poé Juma’ah. Nya dina kanyataanana mémang aya anu bisa qurban ti mimiti ku onta nepi ka ku endog dumasar kana katerangan ti Rasulullah SAW, tapi aya ogé ngan ukur bisa nyumponan Juma’ahan teu manjing qurban sok sanajan sasiki endogeun. Datang Juma’ahan bisa jadi indikasi ayana sumanget hayang kurban. Lamun kurban sataun sakali teu mampuh malah datang Juma’ahan ukur kabeurangan, tétéla euweuh sumanget hayah kurban. Nu parna nyumponan Juma’ahan waé henteu lantaran datang ukur nundutan atawa ngadon ngobrol.
Katilu, aya sa’atul ijabah:                                  

Rasulullah SAW ngadawuh: Dina poé Juma’ah téh aya hiji waktu anu upama hiji hamba muslim  neneda (ngadu’a) hiji perkara ka Allah bari inyana ngadeg shalat kalawan pas dina waktu anu dijangjikeun, iwal ti pasti Mantenna bakal nyumponan du’ana. Salajengna ngaisaratkeun ku pananganana yén éta waktu téh kacida singketna.
Sa’atul ijabah hartina waktu diijabahna du’a. Ieu katerangan méré motifasi anu sakuduna digunakeun ku sakumna kaum muslimin pikeun ngadu’a dina tiap waktu utamana nalika shalat. Datang ka masjid bari tanginas lain tuluy ukur diuk tapi mangpaatkeun pikeun shalat intidhor saméméh imam khutbah bari lobakeun ngadu’a.
Kaopat, berjama’ah anu dipikacinta ku Allah SWT:

Rasulullah SAW ngadawuh: Saéstuna shalat duaan (berjama’ah) éta leuwih hadé batan shalat sorangan. Shalat tiluan éta leuwih hadé batan duaan. Beuki loba jama’ahna, éta leuwih dipikacinta ku Allah SWT. Jeung saéstuna jajaran (shaf) kahiji seperti jajaranna para malaikat.
Nepi ka kiwari shalat Juma’ahan umumna can bisa diéléhkeun dina palebah euyeubna jama’ah anu berjama’ah batan shalat-shalat fardlu lianna. Kukituna ngahontal kacinta Allah SWT leuwih gedé luangna batan ku shalat berjama’ah dina shalat fardlu lianna.
Tah éta diantara istiméwana shalat Juma’ah. Piraku urang masih rék nyapirakeun kénéh kana ieu amalan?

Juma’ahan ulah sakadar dianggap rutinitas mingguan, tapi kudu dijadikeun upaya pikeun ningkatkeun kualitas jeung kuantitas iman, ilmu jeung amal shaléh. Ibadah Juma’ah mangrupa métoda Ilahiyyah pikeun ngaronjatkeun harkat jeung martabat umat. Lamun sakumna kaum muslimin boga kasadaran ngeunaan pentingna ieu amalan, urang yakin pasti kualitas umat Islam dina sababaraha hal bakal terus ngaronjat. Kualitas jeung kuantitas kaimanan, kaséhatan, kabersihan, kadisiplinan, kaélmuan sarta kakompakanana. Tapi lamun Juma’ah tetep ukur dianggap rutinitas mingguan, datang sangeunahna, diuk ngadon ngobrol atawa nundutan sagenahna, nya saendengna ogé tetep bakal jiga kieu moal aya parobahan. Naha masih kénéh rék nundutan? ***

Nu Nyerat : Ridwan Mansur

Lebih baru Lebih lama