Khutbah Jum'at : TANDA-TANDA KIAMAT SOSIOLOGIS

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ. وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلٰهَ إِلاَّ اللَّهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الذى لاَ نَبِيَّ بَعْدَه.

Hadirin Jama’ah Jum'ah Rohimakumullah
Shohabat Abdurrahman bin Shikhr Addausi nu kawentar ngaran landianana Abu Huroiroh kaabus ashabushuffah nyaéta Shohabat nu ngawakafkeun dirina pikeun ngabantu da’wah Rasulullah SAW. Ka mana waé Kangjeng Nabi SAW da’wah Abu Huroiroh marengan anjeunna sarta anjeunna pisan anu nyatet naon waé anu didugikeun ku Rasulullah SAW dugika anjeunna mangrupa Shohabat nu paling loba ngariwayatkeun hadits. Numutkeun Imam Al-Hakim Abu Ahmad hadits nu ditarima ti Abu Huroiroh aya 5374 hadits. Anjeunna ngantunkeun alam-dunya di Madinah dina yuswa 78 tahun sarta dipendem di komplék kuburan Baqi gédéngeun Masjid Nabawi.

Dina hadits riwayat Bukhari jeung Muslim anjeunna ngisahkeun pangalamanana bari pok nyarita: ”Nalika abdi sadaya keur halaqohan jeung Kangjeng Nabi SAW di jero Masjid, ujug-ujug aya tamu lalaki maké baju sarwa bodas sarta terus nyampeurkeun ka Kangjeng Nabi SAW kawas anu geus akrab. Tapi para Shohabat teu aya anu wawuheun saurang-urang acan. Disebut urang jauh anjeunna teu katingali luut-léét késang sarta disebut urang lembur teu aya anu wawuheun. Éta tamu terus adu rényom sareng Kangjeng Nabi SAW. Panalék anu kahiji anu ditepikeun ku tamu téh:

ما الإِيمانُ؟

Naon ari  iman?
Kangjeng Nabi SAW ngawaler ringkes:
أنْ تُؤْمِنَ باللَّهِ، ومَلاَئِكتِهِ، وبِلقائه، وَرُسُلِهِ، وتُؤْمِنَ بالبَعْثِ».
Iman ka Allah,  iman ka Malaikat-Na jeung panggih sareng Mantenna, iman ka para rasul-Na jeung iman kana ayana poé kiamat.
Salajengna tamu ngajukan panalék anu kadua:
ما الإِسلامُ؟
Naon ari  Islam?
 Salajengna Kangjeng Nabi SAW ngawaler:
«الإِسْلامُ: أنْ تَعْبُدَ اللَّهَ ولا تُشْرِكَ بهِ، وَتُقِيمَ الصَّلاةَ، وَتُؤَدِّيَ الزَّكاةَ المَفْروضةَ، وتَصومَ رَمضانَ»
Inti ajaran Islam nyaéta anjeun ibadah ka Allah jeung teu milampah syirik, ngadegkeun shalat, ngaluarkeun zakat wajib jeung shaum di bulan ramadhan.
Saba’da dijawab, saterusna tamu tadi ngajukan panalék anu katilu:
ما الإِحسانُ
Naon ari  Ihsan ?
Kangjeng Nabi SAW ngawaler:

«أنْ تَعْبُدَ اللَّهِ كأَنَّكَ تَراهُ، فإنْ لم تَكُنْ تَراهُ فإِنَّهُ يراك»
Anjeun ibadah ka  Allah saolah-olah anjeun ningali  Allah ku panon sorangan, sok sanajan urang teu bisa nempo ka Allah tapi Allah ningali ka anjeun.
Panalék anu pamungkas ti tamu tadi:

مَتى الساعةُ ؟
Iraha kajadian kiamat?

Rosulullah SAW ngawaler:
مَا المَسْؤُولُ عنها بأعلمَ مِنَ السائل.
Nu ditanya teu leuwih apal batan anu nanya.

 (maksudna mah duanana teu dipasihan terang ku Allah SWT)

Hadirin Jama’ah Jum'ah Rohimakumullah.
Saréngséna adu-renyom tamu jeung Kangjeng Nabi SAW ngeunaan iman, Islam, ihsan jeung  as-sâ’ah Salajengna Kangjeng Nabi SAW maos Q.S. Luqman ayat 34,

إِنَّ اللهَ عِندَهُ عِلْمُ السَّاعَةِ وَيُنَزِّلُ الْغَيْثَ وَيَعْلَمُ مَافِي اْلأَرْحَامِ وَمَاتَدْرِي نَفْسٌ مَّاذَا تَكْسِبُ غَدًا وَمَاتَدْرِي نَفْسٌ بِأَيِّ أَرْضٍ تَمُوتُ إِنَّ اللهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ {34}

Satemenna mungguhing Allah wungkul anu uninga ngeunaan poé Kiamat, ngan Allah anu nurunkeun hujan, ngan Allah anu uninga anu aya dina jero rahim. Jeung teu aya jalma anu apal saurang ogé naon anu rék dipilampah isuk jeung teu aya anu apal di tempat manéhna bakal maot. Satemenna Allah Maha Uninga jeung Maha Waspada.

Dumasar kana ayat di luhur, aya lima perkara anu teu bisa dihontal ku akal jeung ihtiar manusa nyaéta: 1). Assâ’ah anu hartina kiamat Astronomis, ancurna alam semesta kaabus gunung bitu, gempa bumi, tsunami jeung bencana alam séjénna. 2). Turunna Hujan. BMKG ngan ukur ngira-ngira di mana turunna hujan dumasar kana awan anu aya. Hujan buatan anu diluluguan ku LIPI ngan ukur bisa mempercepat prosés turunna hujan bari waragadna gedé pisan teu sabanding jeung hasilna sarta tingkat keberhasilanana ngan ukur 10 persén. 3). Prosés kalahiran manusa dina jero rahim, kaabus nangtukeun jenis kelamin umur, rejeki, milik jeung sajabana. 4). Naon anu rék dipilampah isuk. Manusia teu bisa nangtukeun poé isuk komo nangtukeun ka hareupna. Manusa ukur ngarencana tapi kaputusan aya di Allah SWT. Lantaran éta lamun urang jangji kudu kedal ucap téh Insya Allah. 5). Tempat maot jeung waktu maot. Jalma teu aya nu apal iraha maot, keur kumaha maot sarta, sabab maot jeung di mana bakal maot. Urang kudu siap pikeun maot iraha waé. Ayat di luhur ditungtungan ku dua sipat Asma ul-Husna ‘alîmun jeung khobîrun nu ngandung harti yén Allah Maha Uninga kana saniskara anu disumputkeun dina jero haté jeung Allah SWT uninga kana paniatan hiji jalma sok sanajan teu kanyahoan ku manusa séjénna.

بَارك الله لي ولكم

Khutbah Kadua:
الـحَمْدُ للَّهِ نَـحْمَدُهُ ونَسْتَعِيْنُهُ ونَسْتَغْفِرُهُ ، وأشْهَدُ أَنْ لا إلهَ إلا الله و أَشْهَدُ أنَّ مـحمداً عبدُهُ ورسولُهُ. لاَنبيَّ بَعْدَه

Hadirin Rohimakumullah.
Saba’da tamuna mulang, Kangjeng Nabi SAW nalék: Aranjeun arapal tamu anu bieu ngobrol jeung kuring? Para Shohabat garideug teu aya anu apaleun. Kangjeng Nabi SAW ngajelaskeun yén tamu anu bieu téh malaikat ngajarkeun Islam ka urang saréréa. Salajengna Kangjeng Nabi SAW nerangkeun tanda-tanda Assâ’ah dina wujud kiamat sosiologis, nyaéta ancurna tatanan sosial, paburantakna ahlak pamimgpin jeung rahayatna. Indikasi atawa tanda-tanda kiamat peradaban diantarana:

1. Leungitna rasa hormat.
إِذا وَلَدَت الأَمَةُ رَبَّها؛
Lamun hamba sahaya awéwé ngalahirkeun dununganana.
Lamun hiji indung geus teu diajénan ku anu jadi anakna nya bisa jadi ciri kiamat kulawarga, indung bapa loba anu gering nangtung ngalanglayung lantaran mikiran ahlak goréng anu jadi anakna. Leungitna rasa hormat murid ka anu jadi guruna ciri kiamat pendidikan nasional. Kiamat sosiologis anu kahiji mah leungitna ahlak silih ajénan jeung papada manusa.
2. Méntal Koruptor.
وإِذَا تَطاوَلَ رُعاةُ الإِبلِ البُهْمِ في البُنْيانِ،
Lamun barudak angon paluhur-luhur ngawangun gedong.
  Honor budak angon onta mah kaukur saperti kaukurna gajih karyawan di urang nuturkeun standar UMR atawa gajih PNS di urang ogé golongan-golonganana geus ditangtukeun. Lamun aya budak angon onta ngawangun gedong tangtuna éta waragad ngabagunna lain tina buruh angon onta tapi, ngajual onta milik dunungan. Nyakitu deui lamun aya PNS golongan III/b boga asétna milyaran boga pakaya dimana-mana pasti éta duit lain tina gajihna tapi meunang ngarampog duit Nagara. Lamun pamingpin anu dipaparin amanah pikeun ngokolakeun APBD pikeun karaharjaan rahayatna malah ngaraharjakeun dirina jeung balad-baladna kaabus wujud kiamat pamaréntahan, komo kiwari aya bupati kabaud narkoba. Méntalitas koruptor ciri anu kadua kiamat Sosiologis.
3. Leungitna  Amanah.
«فإذا ضُيِّعَتِ الأمانةُ فانْتَظِرِ الساعةَ». قال: كيفَ إضاعَتُها؟ قال: «إذا وُسِّدَ الأمرُ إلى غيرِ أهلهِ فانتَظِرِ الساعةَ
Lamun jalma geus ngamomorékeun amanah prak geura dagoan kaancuranana. Shohabat nalék ka Kangjeng Nabi SAW: Kumaha cara ngamomorékeun amanah téh? Rosulullah SAW ngawaler: Lamun hiji urusan dipasrahkeun ka anu lain ahlina.
Kiwari loba anjing kongkorongok atawa sabalikna hayam ngagogog, kiwari loba jalma anu dipasrahan gawé lain dina widangna lantaran hasil nyogok jeung KKN.

Hadirin Jama’ah Jum'ah Rohimakumullah.
Dina hadits riwayat Muslim Shohabat Anas bin Malik ngajelaskeun aya Arab gunung datang nalék ka Kangjeng Nabi SAW: Ya Rasulullah! Iraha kajadian kiamat? Rasul SAW malah malik nanya ka anu nanya: Bekel naon anu geus disiapkeun? Éta jalma ngajawab ringkes:

حُبَّ اللّهِ وَرَسُولِهِ
Kacinta ka Allah jeung Rasul-Na.
Nabi ngahaminan: ”Fa innaka ma’a man ahbabta (Anjeun bakal bareng jeung anu dipikacinta).

Hadirin Jama’ah Jum'ah Rohimakumullah.
Hikmah dirasiahkeunana kiamat Astronomis kaabus paéhna hiji jalma nyaéta ngajarkeun kamandirian nalika urang mulang ka Allah SWT. Nalika gunung bitu, banjir bandang, tsunami atawa bencana alam séjénna urang moal bisa persiapan tapi tetep kudu siap siaga nyanghareupan éta musibah. Pakaya, rélasi jeung baraya moal bisa nulungan ngan kacinta urang ka Allah jeung Rasul-Na anu bakal nyalametkeun hirup di dunya jeung di ahérat jaga.

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ»
و السّلام عليكم و رحمة الله و بركاته.

Khotib : Abu Mufthi/Bina Da'wah


Lebih baru Lebih lama