PANCASILA GEUS TEU SAKTI

JAMAN Orde Baru mah aya anu ngaranna program P4 anu hartina Pedoman Penghayatan Pengamalan Pancasila. Éstuning éta program nasional téh pada ngarojong, da puguh Présidén Soeharto geus netepkeun dina Peraturan Pemerintah. Kabéh instansi pamaréntah kaasup pelajar jeung mahasiswa wajib ngiluan éta program. Di unggal paguron luhur boh negeri pon kitu deui swasta kudu ngalaksanakeun éta progran kalawan ngaluarkeun waragad biaya anu lain saeutik. Euweuh anu wani saurang ogé anu ngalawan kana éta program Orde Baru. Sabab singsaha baé anu teu ngalaksanakeun éta program bakal balitungan jeung aparat Nagara.
Ku dilaksanakeun éta program naha Nagara jeung bangsa Indonésia beuki maju atawa sabalikna? Can aya panalungtikeun anu bisa ngabuktikeun yén program P4 hasilna nyugemakeun sarta aya pangaruh anu kacida pisan gedé pikeun karaharjaan rahayat. Nu écés mah pamaréntah geus ngaluarkeun waragad milyaran rupiah. Naon anu dipiharep sangkan bangsa Indonésia jadi bangsa Pancasilais, jauh tina kanyataan. Lantaran dina jaman harita mah kalahka beuki mahabu pamaréntah teu resepeun ka umat Islam. Sok komo isu NII/TII beuki sumebar sarta ngalobaan anggotana.
Harita mah ABRI jeung Golkar lir gula jeung amisna, sabab Soeharto bisa nyepeng kakawasaan anu teu aya watesna. Éta téh katempo yén unggal Pemilihan Présidén ku MPR pasti anu kapilih téh éta deui éta deui. Lian ti kitu singsaha waé anu wani ngiritik atawa ngomél ka Soeharto pasti urusanana panjang. Malah bisa jadi tahanan politik. Teu puguh juntrunganana. Kulantaran kitu, kaharti lamun Soeharto jadi présidén nepi ka 30  taunna. Kungsi éta ogé  aya anu wanieun nyieun Petisi 50 sarta ngingetan ka Soeharto sangkan dina mingpin Nagara ulah tanggah luhur teuing. Éta Petisi 50 téh ngabalukarkeun Soeharto beureum beungeut jeung ceulina panas asa diduruk.
Ti saprak aya Petisi 50, Soeharto nitah sangkan panglima ABRI terus ngintip ka éta tokoh-tokoh nasional diantara Moh. Natsir, Ali Sadikin, jrrd. Ditinggali gerak léngkahna. Lamun ngabahayakeun ka Nagara jeung Soeharto kudu geuwat dicerek. Lawan politik saha waé anu ngeundeuk-ngeundeuk Orde Baru nya euweuh deui jalan kudu geuwat diabuskan ka bui.
Ngaliwatan idéologi Nagara Pancasila, Soeharto sabenerna mah ngalarapkeun kapapingpinan anu bébas taya wates. Manéhna geus ngarempak UUD 45 sarta kakayaan Nagara sabagian dibikeun ka baladna, urang Tionghoa. Nya atuh ku urang katinggali urang China hirup di Nagara Indonésia lir asup ka Sawarga dunya anu éndah kacida. Harita ogé geus karasa pisan ku rahayat, Soeharto deukeut jeung konglomérat China sarta sihoréng maranéhna pisan anu ngedukan harta kakayaan Nagara urang téh.
Sakumaha jago jeung hébat jababatan anu dicepeng ku Soeharto nepi ka harita mah asa mustahil bisa runtuh, tapi Alloh SWT mintonkeun kakawasaan-Na. Tilupuluh taun jadi présidén antukna teu bisa ngalawan kudrat jeung iradat Alloh SWT. Soeharto kudu eureun jadi présidén dina taun 1998. Pancasila anu salila ieu dinggap sakti teu bisa nulungan pon kitu deui Golkar jeung ABRI, ukur bisa nempo lungsurna Soeharto.
Dipiharep pisan ku rahayat eureunna présidén Soeharto, para pamingpin di ieu Nagara bisa ngarobah kaayaan rahayat anu leuwih raharja lahir batin. Tapi dina prakprakanana sok komo  pemilu langsung dipilih ku rahayat mah, asa jauh tina harepan. Malah anu katinggal ayeuna korupsi beuki mahabu diunggal tempat. Teu saeutik mantan gubernur jeung walikota ogé bupati nyicingan bui Sukamiskin. Maranéhna kapanggih geus nyéléwéngkeun duit Nagara ratusan milyar rupiah.
Deudeuh teuing Pancasila ukur jadi kaulinan wungkul. Malah ayeuna mah sila kahiji téh geus aya nu ngulinkeun ku kalimat Keuangan Yang Mahakuasa. Jadi duit geus jadi Pangéran sarta ngabalukarkeun Nagara jadi ancur sabab jalma geus poékeun kana hakékat hirup di alam dunya. Malah sigana ka hareup mah, sila kahiji bakal leungit diganti ku Tidak Ada Tuhan Yang Mahakuasa, lantaran Komunis keur ngincer Nagara urang pikeun balik deui kana kakapiran.
Hariwang jeung melang lamun seug téa mah Jokowi atawa PDI Perjuangan kalahka méré panyalindungan jeung kakawasaan ka kader Komunis anu ayeuna araya di parlemén sarta jadi politikus anu luhung élmuna. Pikeun kaom muslimin mah, keur dipintonkeun Sawarga pikeun ngalawan jalma-jalma kafir anu atra di hareupeun panon urang. Cag! ***

Nu nulis :  Drs. H. Kuswari Mihardja, M.Pd.
(Déwan Redaksi Bina Da’wah)


Lebih baru Lebih lama