MANAN LÉWÉH MENDING WALÉH

KAWAS nu geus disétting ti anggangna, saminggu saméméh pangsiun, KPK pingpinan Busyro Muqoddas saolah-olah meunang kado istiméwa mangrupa kacerekna buron korupsi kelas kakap, Nunun Nurbaéti, tersangka mahkota kasus suap chék pelawat 24 Milyar dina pemilihan Deputi Gubernur Senior BI Miranda Gultom. Nunun dicerek ku Royal Police Thailand poé Rebo, 7 Desémber 2011 tur dibawa ka lemah cai dina poé Saptu, 10 Desémber 2011. Méh ampir sataun leuwih ieu pamajikan Adang Darojatun téh apruk-aprukan kabur ka sababaraha nagara. Ceuk Busyro, KPK teu bisa néwak Nunun gagancangan téh kusabab manéhna dibacking ku hiji kakuatan anu rongkah.



Saliwat mah kekecapan Busyro téh meni siga nu heueuh, tapi upama ditalungtik mah asa teu asup akal. Sabab nagara urang téh geus ngagabung kana United Nations Global Compact (UNGC) 1999 nu didéklarasikan ku Sekretaris Jénderal PBB Kofi Annan (Heslin & Ochoa, 2008), nu prinsip ka-10 nandeskeun komitmen merangan korupsi bari teu diwilah-wilah. Nu puguh mah ieu sandiwara wungkul sangkan KPK boga peunteun nalika lungsur.

Saméméh Nunun kacerek, geus loba Anggota DPR nu dibui alatan narima sogok chék nu dibagikeun ku Nunun. Tapi anéh ari nu méréna can kénéh diprosés, malahan mah publik geus ampir pegat pangharepan, naha bakal kaungkab atawa moal sumber atawa asal muasalna éta duit jeung naon motivasina.

Ayeuna Nunun téh keur aya dina posisi anu sarwa salah lir ngadahar buah simalakama. Dina babasan Sunda aya hiji istilah nu disebut  ‘Manan Léwéh Mending Waléh’ nu hartina tinimbang susah sorangan mending nyaritta satarabasna. Upama Nunun henteu nyarita satarabasna ngeunaan naon anu dipikanyaho ku dirina, nya geus pasti ngan dirina wungkul nu bakal nanggung résiko tina ieu kasus sogok téh. Lian ti kudu nandangan eungapna tempat pangbérokan ogé kahormatan jeung ngaran nu geus sakitu lilana diwangun bakal ancur. Bari jalma nu diuntungkeun tur dipeupeujeuhkeunana nyaéta Miranda Gultom masih kénéh bisa ucang anggé bébas kaditu-kadieu.

Nyakitu deui Tomy Winata salaku pemilik Bank Arta Graha nu nerbitkeun éta chék can kapaluruh naon niat tur motivasina ngagolontorkeun duit 24 Milyar ka Anggota DPR. Aya “deal” naon antara manéhna jeung Miranda Gultom.

Ngan saméméh KPK bisa mekarkeun ieu kasus kamamana, Ibu Nunun kaburu gering sabab stress kudu nyanghareupan mesin ketik penyidik KPK nu geus nyiapkeun puluhan malah ratusan pertanyaan nu baris di-BAP keur bahan persidangan.

Ngan biasana ari geus kasedekeun mah hiji jalma téh sok ruwal rawél metot ka nu séjénna. Embung dikorbankeun sosoranganan, kawas Nazaruddin nu kiwari nyéréd ka Anas Urbaningrum, Anggelina Sondakh jeung Andi Malarangeng.

Kusabab kitu urang sarankeun ka ibu Nunun Manan Léwéh mah Mending Waléh, batan jadi korban sorangan nya mending nyarita saujratna. Sangkan aya batur ngawangkong dina pangbérokan. Cag! **

Lebih baru Lebih lama