HIJRAH YU…….!!!

ASA cikénéh taun anyar Hijriyah kaalaman ku urang, ayeuna tos tepung deui. Alhamdulillah, hartina urang masih kénéh diwidian ku Mantenna pikeun ngaronjatkeun deui sumanget hijrah ka Alloh SWT. Judul sareng téma édisi ieu ngahaja diwangun ku kalimah provokasi. Enya provokasi. Tapi provokasi keur kahadéan. Maksudna sangkan sakumna anu maca ieu majalah kageuing deui ghirohna pikeun hijrah ka Alloh.

Panyeluk jeung pangajak kieu téh méh ampir unggal taun anyar Hijriyah diaweuhankeun ku para ulama, ustadz jeung kiayi dina raraga ngingetan anu geus poho atawa gaplah. Da rumasa urang mah sok gampang pohoan. Sumaget hijrah ieu teu meunang pareum sabab kondisi umat kiwari keur aya dina titik anu kacida handapna.


Dina Risalah Tabukiyah, Imam Ibnul Qoyyim ngabagi hijrah jadi dua rupa; kahiji, hijrah ku haté nuju ka Alloh jeung Rosulna. Hijrah nu ieu hukumna fardluaén pikeun unggal jalma iraha baé tur dimana waé. Nu kadua hijrah badan ti nagri kapir ka nagri Islam.



Dina surat Adz Dzariyat ayat 50 Alloh ngadawuh: “Nya geura gagancangan aranjeun baralik pikeun taat ka Alloh”. Inti hijrah ka Alloh nyaéta ngantunkeun sagala anu dibenduan ku Alloh nuju kana perkara anu dipikacinta-Na. Kangjeng Rosul SAW ngadawuh: “Jalma muslim nyaéta jalma anu jalma muslim séjénna salamet tina gangguan lisan jeung leungeunna. Jeung jalma anu hijrah nyaéta jalma anu ngecagkeun perkara anu dicegah ku Alloh SWT”. (HR. Bukhori & Muslim).


Ieu hijrah téh ngawengku ‘tina’ jeung ‘nuju’. Tina kacintaan ka salian Alloh nuju kana kacintaan ka Anjeunna, tina ibadah ka salian Alloh nuju kana ibadah ka Anjeunna wungkul, tina rasa sieun ka salian Alloh nuju kana sieun ka Anjeunna. Tina miharep ka salian Alloh nuju miharep ngan ka Anjeunna wungkul. Tina tawakkal ka salian Alloh nuju ngan tawakkal ka Anjeunna wungkul. Ieu hijrah téh ngarupakeun pameredih tina syahadat La ilaha illalloh.


Milampah hijrah téh henteu gampang. Jalma anu migawéna dianggap jalma anu anéh diantara manusa sanajan tatanggana mah loba. Manéhna ngécagkeun sakabéh paham manusa jeung ngajadikeun Rosululloh SAW salaku hakim tina sagala perkara anu dipaséakeun dina kahirupan. Hijrah ogé ngarupakeun pameredih tina syahadat waanna muhammadan rosululloh. Cindekna pikeun jalma anu hijrah mah milih Alloh jeung Rosulna téh hiji-hijina pilihan hirup (Al-Ahzab: 36).

Lebih baru Lebih lama