MÉDIA ISLAM VÉRSUS MÉDIA SÉKULÉR

SING saha nu ngawasa média informasi nya bakal ngawasa alam dunya. Éta adagium téh karasa pisan benerna dina jaman kiwari mah. Asup kana abad informasi jeung komunikasi, kahirupan jalma jeung opini sarta sikep kana hiji kajadian kacida pisan ditangtukeun ku pangawasaan média massa, ti mimiti televisi, radio, koran, majalah nepika buletin.

Rék diaku atawa henteu, kanyataanana kiwari média massa boh tingkat internasional, nasional atawa régional mayoritasna didominasi ku média sékulér. Bari media Islam mah masih kénéh pabeulit ngurus diri pribadi.

Pikeun ngaronjatkeun kualitas média Islam jeung ngaraketkeun gawé-bareng diantara jurnalis muslim sa-alam dunya, nya Liga Muslim Dunia ngayakeun hiji gempungan nu disebut KMII-2.

Sanggeus ngadagoan 31 taun lilana, média-média Islam sa-alam dunya kakara bisa kumpul deui dina hiji gempungan nu disebut Konferénsi Média Islam Internasional ka-2 nu dilaksanakeun di Hotél Sultan Jakarta, 12-16 Desémber 2011. Konferénsi nu kahiji dilaksanakeun di Jakarta ogé dina taun 1980. Jejer nu diangkat nyaéta "New Media: Challenges and Responsibilities”.

Ieu gempungan téh hasil gawé bareng Robithoh Alam Islamy (Liga Muslim Dunia) jeung Kementrian Agama RI. Indonésia dipilih jadi pribumi ieu kagiatan kusabab Indonésia mangrupakeun anggota OKI nu boga pangalaman panjang dina démokratisasi média massa.

Ieu Konferénsi dibuka ku Wakil Présidén RI, Boediono. Wapres ngabagéakeun kalawan positif kana hadirna jaringan média sosial di Indonésia nu méré kontribusi positif pikeun kamekaran démokrasi di Indonésia. “Ngaliwatan wangkongan dina média sosial, ayeuna beuki loba masarakat urang nu boga peran aktif dina ngalawan korupsi, meredih diajegkeunna hukum, réformasi birokrasi jeung tata-kelola pamaréntahan anu beresih. Di tingkat masarakat, jaringan média sosial geus mantuan numuwuhkeun kagiatan ékonomi di lével mikro kawas bisnis online, kagiatan amal ogé beuki babari”......
Lebih baru Lebih lama