DINA unggal bulan Dzulhijjah sakumna ummat Islam ngagungkeun idul Adha atawa sok disebut lebaran haji ogé sok disebut poéan udhiyyah, sabab dina poé éta sakabéh ummat Islam anu boga kamampuhan diwajibkeun meuncit qurban.
Unggal taun loba pisan jumlahna kaum muslimin anu ngalaksanakeun ibadah qurban, tapi kualitas kaimanan jeung katauhidanana perlu dipertanyakeun; naha beuki ngaronjat, angger atawa malah beuki nyirorot. Ieu pertanyaan kudu diajengkeun minangka bahan réfléksi kana ibadah nu sacara rutin ku urang dilaksanakeun. Teu béda jeung pasualan ibadah haji. Unggal taun ratusan rébu jamaah aleut-aleutan ‘ziarah’ ka tanah Mekkah bari tingkat kamaksiatan beuki meuweuh jeung masalah ahlak beuki nyirorot. Naha éta ibadah haji jeung qurban téh henteu mampuh méré warna kana kahirupan sapopoé maranéhna atawa mangaruhan kana tingkat kaimanan jeung katauhidanana? Wallohu alam. Ngan tangtuna ieu kudu jadi bahan introspéksi pikeun urang saréréa.
Ibadah haji jeung Qurban ngarupakeun ritual kaagamaan anu diwariskeun ku nabiyullah Ibrahim AS. Inyana dipikawanoh minangka bapa monotéisme atawa bapana ajaran Tauhid, sabab tina sajumlah kajadian anu tumiba ka nabi Ibrohim, kabéhanana pikeun nguatan kayakinanana.
Ibadah haji jeung Qurban sakuduna bisa ngancurkeun sipat syirik anu nyaliara dina diri ogé ngameunangkeun ajaran tauhid dina kahirupan.
Salengkepna aos di BD edisi NOPEMBER 2011 - Info langganan 085220570547 (ust. ALit Supriana)