HAJI salian ti ngarupakeun rukun Islam kalima ogé ngarupakeun muktamarna ummat Islam ti sakuliah dunya. Maranéhna jadi tamu-tamu Allóh di Baitullóh. Geus sawadina jalma-jalma anu nohonan panggero Allóh, ku ngalaksanakeun ibadah haji téh, ngarupakeun jalma-jalma pinilih anu disuguhan jeung di mulyakeun di imah Allóh SWT. Sakuduna mah nalika mulang téh maranéhna bisa jadi ragi pikeun pangwangunan karakter bangsa, tuladan jeung eunteung anu hadé pikeun masarakat.
Urang jujur baé nyebutkeun, teu kabéh anu mulang ti Tanah Suci ahlakna hadé, pinuji. Malah di ditu di dieu urang nyakséni loba jalma-jalma anu geus nyumponan ibadah haji, masih kabaud kana korup jeung laku lampah goréng séjénna. Geus tangtu ieu téh ngarupakeun tangtangan pikeun sakumna pihak, utamana pikeun para pembingbing haji anu icikibung ngokolakeun haji jeung umroh. Kumaha ngungkulanana, nepika jalma-jalma anu ngalaksanakeun haji téh lain ukur ngarasakeun ni’matna ritual atawa ibadah wungkul tapi ogé nuturkeun hiji riyadloh atawa palatihan pikeun ngaronjatkeun kualitas kataqwaan jeung kualitas kapadulianana pikeun nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi munkar, saperti anu karandapan ku para pajuang bangsa jaman baheula. Para pejuang kamerdékaan téh lolobana alumni-alumni haji. Nepi ka Walanda (VOC) satékah polah ngahalang-halang bangsa urang anu boga karep nedunan panggero Allóh, ibadah haji. Demi maranéhna, kaom penjajah nyaho yén saban jalma anu mulang ti Tanah Suci téh jadi pejuang nasional anu boga sikep jeung pamadegan anu kawilang teuas, maranéhna tarik tur harus bari jadi golongan anu panghareupna dina ngusir kaom penjajah.
Lamun téa mah kiwari tina jumlah 221.000 jama’ah anu ngalaksanakeun ibadah haji, lima puluh persénna jadi pajuang-pajuang pangwangunan, anu bisa ngungkulan kamiskinan, kabodoan jeung kamungkaran anu mahabu di masarakatna, kawilang luar biasana.