STID M NATSIR DIRESMIKEUN KU SBY

BEKASI, BD.
KAMPUS Sekolah Tinggi Ilmu Da'wah (STID) Mohammad Natsir di Bekasi, Senén soré (27 Juni 2011) diresmikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono. Dina éta peresmian hadir Menteri Urusan Keislaman, Wakaf, dakwah dan Penyuluhan Kerajaan Saudi Arabia, Duta Besar Kerajaan Saudi Arabia di Indonésia, Menteri Agama Suryadarma Ali, Menteri Kabinét Indonésia Bersatu II, Gubernur Jawa Barat Ahmad Heriyawan, jeung para Duta besar Negara sahabat, sarta Imam Besar Masjidil Haram Syékh Su'ud As-Surain.
Dina pangbagéana, Ketua Umum Déwan Da’wah K.H. Syuhada Bahri nandeskeun yén pangwangunan sarana jeung prasarana Déwan Da’wah nu diresmikeun ieu téh mangrupa partisipasi sarta bantuan ti Pamaréntah Kerajaan Saudi Arabia. Dina éta kasempetan, K.H. Syuhada Bahri ngadugikeun du’a jazakallah (hatur nuhun) ka Khadimul Haramain Raja Abdullah bin Abdul Aziz Ali Su'ud. Pa Kiayi ogé nganuhunkeun ka Pamaréntah Republik Indonésia nu jadi wasilah ku mangrupa surat rékomendasi, nepika bisa meunang bantuan ti Kerajaan Saudi Arabia.
Lian ti Gedung Sekolah Tinggi Ilmu Da’wah (STID) Mohammad Natsir nu dumukna di Kampung Bulu Setia Mekar, Tambun Bekasi (opat umpak) nu diwangun dina tanah milik Déwan Da’wah nu legana 11.000 méter pasagi, Présidén ogé ngaresmikeun sababaraha sarana séjénna nu lokasina béda, kayaning Perpustakaan Déwan Da’wah di Lantai 7 Gedung Menara Da’wah Jalan Kramat Raya no. 45, Jakarta Pusat, Muslimah Center Déwan Da’wah (gedung Pusdiklat jeung Masjid) nu dukumna di jalan Mandor Hasan no. 45 Cipayung, Jakarta Timur.
Salajengna nu kamari diresmikeun ogé nyaéta Gedung jeung Mesin Percetakan Déwan Da’wah nu aya di Cikunir Raya Kota Bekasi nu diwangun di luhureun tanah 5000 méter pasagi ogé Gedung Perkantoran Déwan Dawah (opat umpak) tur legana 2.282 méter pasagi nu aya di jalan Panjang, Kebon Jeruk Jakarta Barat.
Menteri Agama RI Suryadarma Ali dina pangbagéana nguningakeun yén Depag ngabagéakeun kalayan positif kana sagala upaya pangurus Déwan Da’wah pikeun kamekaran da’wah di Indonésia. Tangtuna waé, ku hadirna gedung STID Mohammad Natsir jeung sarana tur prasarana séjénna diharepkeun bisa leuwih nyokong kana aktivitas da’wah Islam. “Dipiharep, ummat Islam mampuh ngajaga kualitas ukhuwah Islamiyyah sangkan ngaronjatkeun mobilitas da’wah. Ku ayana pangrojong ti Pamaréntah tur nagara-nagara sobat ogé diharepkeun lumangsungna da’wah Islam bisa leuwih ngaronjat tur boga kualitas nu hadé”, tandesna.
Sateuacanna, réngsé audiensi sareng Présidén SBY di Istana Keprésidenan sababaraha waktu kaliwat (12 Mei 2011), Ketua Umum DDII K.H. Syuhada Bahri ngadugikeun katerangan ka média, yén SBY miharep sangkan sakabéh lapisan masyarakat bisa ngarasakeun mangpaat da’wah nu dilakukeun ku Déwan Da’wah. SBY ogé ngaharepkeun Déwan Da’wah tetep ngabogaan peran pikeun mingpin umat tur nganepikeun da’wah anu adem tur tepat sasaran luyu jeung ajaran Islam.
Malahan ka Déwan Da’wah SBY ngadugikeun niatna pikeun nulis ku anjeunna nyalira pamikiran-pamikiranana ngeunaan da’wah, toléransi jeung karukunan. Déwan Da’wah ogé baris ngabantu pikeun narjamahkeun inti tulisan SBY saméméh disebarkeun ka sakumna da’i di Indonésia.
Ngeunaan hal éta, Déwan Da’wah salawasna siap babarengan gawé jeung pamaréntah satungtung éta program jeung harepanna luyu jeung misi da’wah, saperti nu dicontokeun ku Rosululloh SAW, nyaéta ngajak kana ma’ruf jeung nyegah sagala kamungkaran. Syuhada ogé nepikeun ka Presiden yén kagiatan Déwan Da’wah pikeun lima taun ka hareup, salian ti ngirim da’i ka daérah perbatasan Indonésia, ogé ngalakukeun kaderisasi ulama. “Nepika maranéhna mahamkeun Islam saperti Rosululloh saw jeung para sahabat nepi Islam jadi rahmatan lil alamin tur bisa dirasakeun mangpaatna dina ieu kahirupan”, saur anjeunna.
Lian ti éta, pingpinan Déwan Da’wah ogé miharep sangkan pamaréntah tetep mertahankeun sagala bentuk Undang-undang jeung peraturan nu patali jeung karukunan ummat beragama. Déwan Da’wah yakin yén konflik antar umat beragama, lain disababkeun ku undang-undang jeung peraturan nu dijieun ku pamaréntah, tapi leuwih disababkeun seringna jalma nu geung boga agama dijadikeun sasaran da’wahna. Ku kituna pamaréntah wajib ngabogaan peran pikeun ngawujudna karukunan antar ummat beragama. *** (MAF/BD)

Lebih baru Lebih lama