PANGURUS DÉWAN DA’WAH CIANJUR DIISTRÉNAN

CIANJUR, BD.
GEDONG Serba Guna As-Sakinah nu agreng di Jl. K.H. Abdullah bin Nuh jadi saksi hudangna Déwan Da’wah di Kabupaten Cianjur. Dina poé Sabtu, 23 Juli 2011 Pimpinan Wilayah Déwan Da’wah Jawa Barat ngalantik pangurus Déwan Da’wah Kabupatén Cianjur. Disaksian ku 500 an jama’ah nu minuhan Gedong As-Sakinah, Ketua PW Déwan Da’wah Jabar K.H. Drs. Bahrul Hayat, M.A. ngabae’at para pangurus kalayan khidmat. Saméméh dibe’at SK kapangurusan dibacakeun ku Sekretaris Déwan Da’wah, Muchsin al-Fikri, S. Sos. nu dibantuan ku Nono Mulyana. Lian ti pelantikan, éta acara dieusi ku Tabligh Akbar nu didugikeun ku Dr. Adhiyaksa Dault sareng Ketua MUI Kabupatén Cianjur.
Dina pangbagéana, K.H. Drs. Bahrul Hayat, M.A. uar umajak ka sakumna pengurus Cianjur sangkan istiqomah ajeg dina jalan da’wah. Malahan mah urang kudu miconto ka para sahabat Rosululloh kayaning Said Bin Umar atawa Sa’ad bin abi Wakkosh nu ngabogaan sumanget da’wah sanajan meunang ancaman ti balaréa.
Ketua Majelis Syuro Kabupatén Cianjur, K.H. Harun M Ridwan dina pangbagéana nandeskeun yén éstapeta da’wah di Cianjur tos dilakukeun. Salila urang hirup da’wah teu meunang dikantunkeun. Sabab tantangan da’wah beuki dieu lain beuki énténg tapi malah beuki kompéks. Anjeunna ngingetan ka para pangurus nu kakara diistrénan yén béat nu geus diucapkeun téh minangka janji ka Alloh SWT. Nu ngaranna janji mah kudu dilanksanakeun. Upama teu dilakukeun nya numutkeun syari’at Islam manéhna kudu mayar kifarat.
Ari dina khutbah iftitahna, K.H. Mahfuddin Fasya ngutip pidato Kholifah Abu Bakar Shiddiq, yén dirina geus dibéré kapercayaan pikeun ngurus urusan ummat sanajan dirina lain nu pangalusna. Saur Kiayi Mahfud kiwari urang ningali hiji fénoména dimana manusa beuki rawan bari alam beuki bendu. Hal ieu téh disababkeun kama’siatan geus nyaliara dimamana. Ieu téh mangrupa tantangan da’wah pikeun urang. Déwan Da’wah kudu boga oriéntasi da’wah dina gerakannana, sabab Kanjeng Rosul ogé suksés ngawangun ummat sabab oriéntasina da’wah lain harta atawa kalungguhan. Inyana ogé meredih sangkan sakumna pangurus bisa ngarojong kana sagala program kerja nu tos ditetepkeun. Geus mangsana kiwari urang manggihan deui mutiara nu leungit nyaéta teu apalna ummat kana kaéndahan syariat Islam, leungitna iketan ukhuwwah jeung leungitna katauladanan.
Dina éta gempungan hadir Wakil Bupati Kabupatén Garut nu kacida ngarojong kana upaya da’wah nu dimekarkeun ku Déwan Da’wah. Inyana siap pikeun masihan pangrojong boh moril atawa materil. Dina ahir acara diayakeun tabligh Akbar ku ngahadirkeun Dr. Adhiyaksa Dault nu masihan materi “Da’wah profesional dalam mewujudkan kehidupan Islami” (sacara lengkep baris dimuat dina rubrik Tabyin) ogé Ketua MUI Kabupatén Cianjur, K.H. Abdul Halim. *** (MAF/BD).
Lebih baru Lebih lama