* Ambara: KH Athian Ali M Da’i, Lc., MA
DINA prinsip Islam, saban amal manusa éta kabéh alatan ku ayana hidayah Mantenna. Dina harti, saban manusa, boh mumin atawa kapir bolongkotan éta geus narima hidayah-Na. Tapi, sok sanajan kitu aya sababaraha hidayah nu saukur dipibanda ku jalma-jalma anu tangtu. (QS. 87:1-3, 20 : 50, 90 : 10 jeung 76 : 3). Ma’na tina ayat-ayat di luhur méré hiji kacindékan yén sakabéh mahluk-Na, lain saukur manusa wungkul tapi sakabéh mahluk ciptaan-Na éta parantos dipaparin hidayah, dina énggoning nyorang prosés kahirupanana.
Sahanteuna, hidayah anu geus dikanyahokeun ku urang téh aya opat rupa;
Kahiji, Hidayah nu mangrupa insting atawa naluri anu dipaparinkeun Alloh ka mahluk sakumna. Saperti naluri pikeun mertahankeun hirup jeung katurunan, karep pikeun barang dahar, nginum, ngabéla diri, kabutuhan biologis jeung réa-réa deui. Ieu hidayah dipaparinkeun Alloh ka sakabéh mahluk-Na, manusa atawa sato.
Kadua, Hidayah dalalah (dalil) ieu hidayah mangrupa uar pangajak atawa bingbingan Alloh ka manusa ngaliwatan risalah anu diturunkeun ka para Nabi katut Rosul-Na pikeun ngaping jeung ngabingbing pancaderia, napsu jeung akal manusa sangkan hidayah nu mangrupa naluri bisa digunakeun di jalan nu bisa nyalametkeun dirina di dunya jeung ahérat.
Hidayah dalalah ieu mangrupa aturan-aturan ti Alloh SWT. Sakabéh manusa meunang ieu hidayah kaasup jalma kapir. Disebut kapir sabab maranéhna geus meunang hidayah tapi nampik kana éta hidayah. (QS.41:17, 13: 7, 42: 52).
Pikeun jalma-jalma nu ariman kana hidayah dalalah dina bentuk risalah Alloh ngaliwatan al-Quran katut as-Sunnah, nya maranéhna boga hak pikeun meunang hidayah séjénna nyaéta.
Katilu, Hidayah maunah/pitulung. Sawangsulna pikeun jalma-jalma nu nampik atawa kupur kana hidayah dalalah, nya ulah boga harepan pikeun meunang ieu hidayah.
Hidayah maunah, salawasna ku urang diperedih ka Alloh, saperti paneda urang minimalna 17 kali dina saban poé dina sholat dimana urang ngadu’a, ihdinashshiroothol mustaqiim, mugi Gusti nuduhkeun ka abdi kana jalan nu lempeng. Anu diperedih ku urang dina du’a tadi taya lian anging hidayah pitulung téa, demi hidayah dalalahna mah geus nyampak (QS. 6: 125, 18: 17).
Kaopat, Hidayah nu dipaparinkeun Alloh ka jalma-jalma nu geus narima hidayah instink, dalalah tur meunang hidayah maunah. Nya maranéhna di ahérat jaga bakal meunang hidayah dina harti Alloh bakal maparin pituduh ka maranéhna pikeun ngarasakeun ni’matna sawarga. Di ahérat jaga saban manusa bakal dibingbing ku Alloh, masing-masing bakal di anteurkeun ku malaikat nepika lawang sawarga pikeun ahli surga jeung ahli naraka ogé bakal di anteur ku para malaikat nepi ka lawang naraka. (QS. 10: 25, 39:73, 37:22-23). Ayat-ayat tadi ngarupakeun hiji jaminan ti Alloh pikeun jalma nu zholim, kapir, musyrik sangkan maranéhna teu salempang salah jalan pikeun ka naraka, yén maranéhna ogé jaga di ahérat bakal dipaparin pituduh pikeun abus ka naraka (QS 10: 9, 22: 23-24, 39:71, 52 : 21).
Kacida pisan kuduna di ahérat jaga para ahli naraka dipaparin bingbingan pikeun abus ka naraka, sabab ahli naraka mah di ahérat téh dina kaayaan lolong (QS 17: 72, 20:124, 17:97).
Tah, ayeuna datang waktuna sangkan urang mibanda karep pikeun introspeksi diri kalawan jero, saterusna nalék kana diri sorangan, ngukur ka kujur nalipak ka diri ngeunaan kaiket jeung nganteng tur ngaitna urang kana anugerah Alloh nu mangrupa hidayah tadi. Naha urang saréréa geus salukuran kana anugerah naluri nu dipibanda ku urang dimangpaatkeun kalawan hadé luyu jeung papagon hidayah dalalah nu kaunggel dina al-Quran katut as-Sunnah?
Lamun téa mah jawabanana téh geus merenah tur luyu, nya ti dinya kakara urang payus pikeun miharep meunang hidayah maunah/pitulung katut jangji-Na di ahérat pikeun meunang bingbingan Mantenna. (Alma’/BD).*